"Mambo Reborn" Nguniangna Legenda Puseur Kuliner di Majalengka, Hanjakal Make Istilah Basa Deungeun

29 Januari 2024, 17:07 WIB
Pasae Mambo di Kabupaten Majalengka, legenda pusat jajanan pasar.* /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Pasar Mambo nu aya di puseur Kota Majalengka di Jalan Babakan Kelurahan Majalengka Wetan Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Saptu peuting (27/o1/2024) ngadadak rame.

Ieu cikal bakal puseur kuliner munggaran di Majalengka dihudangkeun deui ku Pj Bupati Majalengka Dedi Supandi kalayan suasana anyar tur konsep kayakeunakeun sarta make istilah "Mambo Reborn".

Pj Bupati Majalengka, malem mingguan bareng jeung bojona, Erlita Widiasih, Sekda Majalengka H. Eman Suherman, Wakil Ketua DPRD katut sakumna pejabat Pemkab Majalengka di Pasar Mambo. Nguriling di kawasan sentra kuliner nu ngalegenda di Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Pusatna di Cigugur Kuningan, Ajaran Madrais Samedi Hareupeun Seuneu

Satuluyna Pj Bupati Majalengka ngarandeg di kios nu ngajual tutut sarta langsung meuli. Sigana, tutut Mambo mibanda panineungan keur Pj Bupati Makalengka waktu keur masih nyuprih elmu pangaweruh di SMA.

"Kapungkur waktos SMA neda duaan di Pasar Mambo, janten nostalgia deui. Tangtos warga Majalengka oge seueur nostalgia di Pasar Mambo. Janten ku naon teu dihirupkeun deui ku konsep legenda sajuta nostalgia?" Ceuk Dedi.

Disebutkeun Dedi, konsep Mambo Reborn keur nguniangkeun deui legenda sentra kuliner di Kabupaten Majalengka nu ngadeg ti jaman baheula. Pihakna ngucap sukur rebuan warga ti sababaraha daerah di Kabupaten Majalengka minuhan Pasar Mambo dina launching Mambo Reborn.

"Alhamdulillah, antusiasme masarakat kawilang ageung, seueur nu ngabageakeun Mambo Reborn. Aya ti Talaga, Maja, Kadipaten, Leuwimunding, Dawuan, sareng sajabina, " pokna.

Baca Juga: Indonesia Kungsi Jadi Sawarga Lokomotif Uap

Dedi nyebutkeun samemehna kawasan Pasar Mambo relatif sepi. Padahal, teu saeutik padagang nu dadasar di dinya. Sagala rupa kuliner nyampak di di dinya. Mambo Reborn dipiharep bisa ngahudangkeun kajayaan Pasar Mambo geus jadi legenda sentra kuliner di Majalengka.

"Ieu konsep janten pilot project kangge diadopsi di sakumna kecamatan sa-Kabupaten Majalengka. Supados sakumna kecamatan mibanda sentra kuliner masing-masing kanggo ngarojong kamotekaran UMKM di tiap wilayahna," ceuk Dedi.

Pihakna ngaku, salila ieu sajumlah komunitas pasar malem geus ngalaksanakeun kagiatan sarupa di satiap kecamatan sanajan acan katoel pamarentah. Ku kituna konsep saperti Mambo Reborn bakal dilaksanakeun di tiap kecamatan.

"Kapayunna di unggal titik nu mibanda kaunggulan masing-masing bakal dihudangkeun deui. Contona di Pasar Lama bakal ngarojong konsep hobi, sareng di kecamatan pami disuhunkeun hiburan bakal aya mobil layar tancep," ceuk Dedi Supandi.

Imih salasahiji padagang n ngarasa gumbira ku ayana program nu di gagas Pj Bupati . "Pamugi ieu acara maneuh di laksanakeun supados sakumna padagang di Pasar Mambo seueur nu ngagaleuhan sareng rame," pokna.

Di pasar mambo nyampak jajanan pasar saperti putu mayang, klepon, anil anil jeung sajabana sarta geus dijual di Pasar Mambo ti taun 1970-an. "Sim kuring kirang uninga ti ngawitan iraha nu icalan di Pasar Mambo. Tapi nu emut teh nalika waktos nuju alit tos aya," ceuk Imih.*** Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler