Pamariksaan Pap Smear Gratis, Rukun Gawé IKWI Jabar jeung Kimia Farma  

25 November 2023, 05:51 WIB
Réngréngan Pangurus IKWI Jawa Barat jeung Kimia Farma ngayakeun pamariksaan Pap Smear jeung Diabetes Mellitus gratis, di Aula PWI Jawa Barat, Jalan Wartawan II No 23, Kota Bandung, Jumaah 24 Nopémber 2023.* /Dok. PWI Jabar/Galura/

 

 

GALURA.CO.ID. - Ikatan Keluarga Wartawan Indonesia (IKWI) Jawa Barat rukun gawé jeung Kimia Farma ngayakeun pamariksaan Pap Smear jeung Diabetes Melitus gratis kalayan bonus pamariksaan  kulit ngagunakeun Metode LED Skin Analyzer & Whole Body cek up Metode Quantum.

Kagiatan dilaksanakeun di Aula Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Jawa Barat, Jalan Wartawan II No 23, Kota Bandung, Jumaah 24 Nopémber 2023.

Ketua IKWI Jabar, Jiean Ajiyanpi Novalia, dina biantarana ngabagéakeun éta kagiatan, sarta kacida ngaaprésiasi kana partisipasi ibu-ibu anu milu kagiatan.

Baca Juga: PWI Majalengka Gelar Aksi Sosial Ngagalang Dana Peduli Palestina

Ketua IKWI Jawa Barat, Jiean Ajiyanpi Novalia (kaopat ti kenca), jeung réngrénganana.*

“Ieu kagiatan mangrupi bukti nyata mangpaatna IKWI kanggo masarakat,” ceuk Jiean Ajiyanpi Novalia.

Sajeroning kitu, Ketua PWI Jawa Barat Hilman Hidayat ngahaturkeun nuhun ka Kimia Farma pikeun rukun gawé anu positif utamana pikeun kaséhatan ibu-ibu.

Sedengkeun wawakil Kimia Farma Poppy Sarah Juliana ngécéskeun, pihakna kacida bungahna bisa milu ngawujudkeun kamangpaatan IKWI pikeun masarakat umum.

Numutkeun Poppy, Kimia Farma mawa konsép One Stop Health Care Solution (OSHCS) sarta nawarkeun layanan kaséhatan terpadu mangrupa layanan apoték, klinik kaséhatan (pratama atawa utama), jeung laboratorium klinik kalawan tagline "Ingat Sehat Ingat Kimia Farma".

Baca Juga: Ngabagèakeun HDI 2023, Kemensos Ngagelar Sunatan Massal jeung Donor Darah Gratis

Kimia Farma ogé, cenah, ayeuna ngahadirkeun “Marvee Clinic by Kimia Farma” minangka salasahiji klinik kecantikan jeung produk perawatan kulit anu komprehensif.

Visi jeung misi Marvee téh, ceuk Poppy, minangka solusi anu dipercaya, aman tur cocog keur ngabantu masalah kulit pikeun sakumna awéwé jeung lalaki. Dirojong ku téknologi modéren katut dokter kulit nu profésional tur parigel.

Éta kagiatan anu disponsoran ku Kimia Farma Laboratorium, Kimia Farma Apotek, Marvel, Selensia, jeung Al Ma'soem téh diiluan ku 50 urang ti sababaraha kalangan masarakat.***

Baca Juga: Pemilu Damai 2024, Ketua PWI Jawa Barat Umajak ka Wartawan pikeun Nyegah Hoaks

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler