Nyangku taun 2023, Wisata Budaya di Ciamis, Aya Atraksi Debus

5 Oktober 2023, 09:10 WIB
Lawang saketeng ka Bumi Alit di Panjalu. Bumi Alit teh tempat neundeun Banda budaya nu diberesihan dina Nyangku taun 2023, wisata budaya di Ciamis. /Nanang S/Galura.co.id

GALURA.CO.ID -Geus jadi tradisi unggal bulan Mulud di Panjalu, Kabupaten Ciamis, digelar ngaberesihan banda budaya nu disebut Nyangku nu geus jadi agenda wisata budaya di Ciamis. Nyangku taun 2023 ayeuna lumangsung Senen, 23 Mulud 1445 H, atawa tanggal 9 Oktober 2023.

Dina ngagumebyar keun Nyangku taun 2023, digelar bazar di Alun-Alun Borosngora jeung di tempat parkir tonggoheun Situ Lengkong. Atuh samemeh acara intin Nyangku sababaraha poe samemehna digelar ritual pra Nyaku.

Dumasar jadwal acara Nyangku taun 2923 nu katarima ku Galura, Kemis, 5 Oktober 2023, ti jam, 07:00 WIB lumangsung Samida atawa hajat Situ Lengkong. Samida teh manakiban jeung barjanji. Sanggeus manakiban pindah ka Pesantren Suryalaya, manakibnan jeung barjanji di Lengkong ngaranna jadi Samida.

Baca Juga: Ngarasionalkeun Nyangku, Panjang Jimat jeung Jamasan, Ngarumat Pusaka kudu Make Teknologi

Samida saenyana hartina teh tempat pembakaran mayat. Di Rajadesa aya Situs nu ngaranna Samida. Di dinya kapanggih lebu nu umurna nu geus ratusan taun. Samida teh titinggal jaman Hindu Buda.

Poe Jumaah, 6 Oktober 2023, jam 13: 00 WIB di Bale Bumi Alit digelar mapag Cai Tirta Kahuripan jeung dipasrahkeunana beubeutian, hasil tatanen masarakat Panjalu. Beubeutian teh engkena diasakeun sarta disuguhkeun ka masarakat nu daratang nyaksian Nyangku.

Cai Tirta Kahuripan teh cai ti 9 cinyusu nu dihijikeun. Cinyusu dicokot, make kele, ti Gunung Bitung, Gunung Sawal, Cipanjalu, Situ Lengkong, Kapunduhan, Ciater, Gunung Tilu, Cilimus, jeung ti Ciomas. Engkena dipake ngumbah banda pusaka dina acara inti nyangku.

Sabtu, 7 Oktober 2023, jam 13.00 WIB tepi ka 17.30 WIB tempatna Alun-Alun Borosngora, lumansung Parade Hadroh. Peutingna ti jam 8 tepi ka jam 11 masih di Alun-Alun Borosngora Haol Eyang Sanghyang Borosngora atawa Syeikh Dul Iman.

Baca Juga: Sanggeus Cikawali Astana Gede Kawali Dibebenah, Ayeuna Dangiangna Kumaha?

Ngubyag, ngala lauk di Situ Kubang Lengkong, Ahad, 8 Oktober 2023, dimimitian jam 12 peuting tepi ka jam satengah dua belas beurang. Situ Kubang Lengkong teh balong gede nu tadina ngahiji jeung Situ Lengkong.

Masih poe Ahad, di Bumi Alit, lumangsung Tilawatil Quran (Khataman). Ahad peutingna digelar muludan, acarana: Tawasul, Istigosah, Tausiah, Pedaran Sejarah, Gema Sholawat, jeung pentas Gembyung. Debus oge dipintonkeun di Alun-Alun Borosngora.

Acara inti Nyangku digelar Senen, 9 Oktober 2023, dimimitian ku helaran jam 6 isuk-isuk. Banda pusaka dicokot ti Bumi Alit terus dibawa ka Nusa Gede Situ Lengkong. Ti dinya dibawa ka panggung di Alun-Alun Borosngora. Banda budaya diberesihan make cai Cai Tirta Kahuripan nu dicokot ti tujuh cinyusu nu aya di wewengkon Panjalu.

Yanko

Ceuk sakaol Nyangku teh asalna ti basa Arab: yanko nu hartina ngabersihan. Beh dieu Nyangku dikiratakeun asalna tina kecap nyaangan laku, nyaangan tekad, ucap jeung lampah sangkan tetep di jalan bebeneran sangkan teu mempar tina agama jeung darigama.

Pihak Yayasan Prabu Borongora nu boga hajat nyebutkeun sareatna mah dina Nyangku teh ngaberesihan banda budaya titinggal karuhun Panjalu. Tapi udagan utamana mah keur syiar Islam sangkan urang salawasna ngestokeun tetekon agama jeung darigama.

Anu matak dina Nyangku digelar muludan, medar Rasululloah SAW jeung perjoangana nyebarkeun jeung nanjeurkeun agama Islam. Kasenian anu dipentaskeunana oge kasenian Islami. Ngan ari debus mah loba nu masualkeun, dianggap lain kesenian Islami.

Banda budaya nu diberesihan

  1. Pedang
  2. Cis, pakarang sajenis tombak
  3. Keris komando,
  4. Keris cecekelan para bupati panjalu
  5. Pancaworo.
  6. Bangreng
  7. Goong leutik atawa bende, nu jaman baheula digunakeun keur mere tangara sangkan masarakat ngumpul

Banda budaya nu diberesihkeunana sacara simbolis:

  1. Pedang Zulfikar, pedang nu dibikeun ku Sayidina Ali bin Abi Thalib ka Prabu Borosngora,
  2. Kujang Panjalu
  3. Keris stok komando

Anu dimaksud diberesihan sacara simbolis teh anu diberesihan dina panggung teh banda budaya asli. Anu asli mah diberesihanana di Bumi Alit jeung henteu disaksiakan ku masarakat.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler