Diluuhan ku Kadis P2KBP3A Ciamis jeung ku Camat Cipaku, Gempungan Budaya di Sawah Nusa Selacai

15 September 2023, 15:28 WIB
Sawah Nusa, Dusun Ciheras, Desa Selacai, Kecamatan Cipaku, Kabupaten Ciamis, tempat gempungan budaya, Saptu, 16 September 2023. /Nanang S./galura,co.id

GALURA.CO.ID -Komunitas Kandaga Budaya Cipaku, Sanggar Rakyat Buniseuri, Komunitas Saung Lisung, Paku Sunda Mandat Ciamis jeung Majelis Dzikir Mambaus Suluk Cipaku, Sabtu, 16 September 2023, ngagelar gempungan budaya.

Gempungan budaya dilaksanakeun di Sawah Nusa Dusun Ciheras Desa Selacai Kabupaten Ciamis, ti jam 13:30 WIB tepi ka 21:30 WIB. Tempatna di tengah sawah di sisi Cimuntur, teu jauh ti jalan nagara Ciamis-Cirebon.

Kepala Dinas Pengendalian Penduduk, Keluarga Berencana, Pemberdayaan Perempuan dan Perlindungan Anak (DP2KBP3A) Kabupaten Ciamis, Dian Budiana, jeung Camat Cipaku direncakan bakal ngaluuhan ieu gempungan budaya nu munggaran.

Baca Juga: Kabupaten Ciamis Ngusulkeun Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang jeung Gunung Padati Jadi Leuweung Konservasi

Maman Isak Juharman, salasaurang nu mokalan ieu acara nyebutkeun tujuan gempungan budaya teh silaturahmi aktivis jeung nu mikatineung budaya sakacamatan Cipaku. Silaturahmi bari ngawangkong jeung nyawalakeun kabudayaan di Kecamatan Cipaku nu tacan mibanda ciri has.

“Dina helaran di Kabupaten Ciamis, upamana dina mieling milangkala Kabupaten Ciamis, Kacamatan Cipaku tacan mibanda ciri hasna,” ceuk Maman Isak. Beda jeung kacamatan sejenna, upamana Sukamantri: bebegig; Panjalu: wayang landung.

“Tah, Kecamatan Cipaku mah tacan mibanda ciri has saperti kitu,” ceuk Maman Isak. Tina kituna dina gempung budaya di Sawah Nusa hal eta bakal disawalakeun lantaran di Kecamatan Cipaku saenyana rea bahan nu bisa dipake sumber inspirasi dina netepkeun ciri has Kecamatan Cipaku.

Di antara sumber inspirasi teh asalna bisa ti flora fauna nu aya di Gunung Sawal jeung ngaran Cipaku. Cipaku teh ngaran desa, Desa Cipaku nu pernahna di tutugan Gunung Sawal. Ngaran cipaku bisa jadi dicokot tina ngaran tangkal paku nu aya di Gunung Sawal.

Baca Juga: Korwil Pendidikan Kecamatan Sindangkasih Kabupaten Ciamis: Tugas Guru teh Ngaladenan Siswa

Bisa jadi deui ngaran cipaku dicokot tina kecap paku, nu hartina pamageuh. Upamana dina kecap Pakualam (gelar keur karajaan leutik di Yogyakarta nu biasana ngajabat wakil gubernur DIY) nu hartina pamageuh alam, Pakubuana (gelar keur raja Surakarta) nu hartina pamageuh dunya.

Di Tatar Sunda oge aya ngaran tempat nu make kecap paku: Pakuan, puseur Karajaan Sunda nu beh dieu ditambahan ku kecap Pajajaran, Pakuan Pajajaran. Paku dina kecap Pakuan hartina oge pamageuh.

Cipaku asalna tina kecap “ci” jeung “paku”. Ci hartina cai atawa walungan. Cipaku bisa dihartikeun cai atawa walungan nu jadi pamageuh. Pamageuh di dieu bisa mangrupa suburna lahan lantaran loba cai sarta ngahasilkeun produk tatanen jeung lauk.

Tina kecap paku, ci, jeung flora fauna Gunung Sawal, bisa dijabarkeun kumaha diri has Kecamatan Cipaku, boh sacara fisik boh non fisik. Sacara fisikna dina bangun bentuk, ari non fisikna palsapah.

Gempungan budaya bakal dieuyeuban ku pintonan seni kacapi suling, maca sajak, penca, gembyung, jeung sajabana. Dipungkas ku tawasulan.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler