Salat Utaqo di Ponpes Daarul Ihsan, Halal Bihalal Silibébaskeun Dosa Silihampura

1 Mei 2023, 06:00 WIB
Salat Utaqo di Ponpes Daarul Ihsan, Kampung Kadumulya, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, Saptu, 29 April 2023.* /Zackly/

GALURA - Salat Utaqo di Ponpes Darul Ihsan digelar minangka média pikeun silibébaskeun dosa.

Sabadana Lebaran 1 Syawal 1444 H, dina tanggal 8 Syawal sok diayakeun Salat Utaqo.

Ninggang bulan Syawal, lian ti disunahkeun ngalakonan puasa syawalan jero 6 poé, ogé disunahkeun Salat Utaqo.

Sakumaha Salat Utaqo nu lumangsung di Ponpes Daarul Ihsan, Kampung Kadumulya, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Di éta ponpés, sakumna jamaah, teu kolot teu budak, ngalaksanakeun Salat Utaqo dina poé Saptu, 29 April 2023, nu meneran jeung tanggal 8 Syawal 1444 H.

Kalawan dipingpin ku sesepuh Ponpes Daarul Ihsan, KH Zamzam Saepudin, runtuyan Salat Utaqo téh dimimitian tabuh 07.00, diawalan ku pedaran jeung fadilah éta salat Syawal.

Baca Juga: Ngaji Kitab Majlis Malem Mingguan Baitun Nidzom, Tolab Elmu jeung Maheutkeun Silaturahmi

Ceuk KH Zamzam, pangna dingaranan Utaqo téh sabab mibanda harti salat pembébasan alatan Allah Swt baris ngabébaskeun maranéhanana nu ngalaksanakeun ieu salat, ngabébaskeun tina hutang tur nu jadi hajat baris kacumponan.

Lian ti éta, ku ngalaksanakeun Salat Utaqo, Allah baris ngalegakeun jalan urang ti mimiti mangkat ka nu dituju tepi ka mulangna.

Najan taya katangtuan waktu palaksanaanana, Salat Utaqo biasana sok digelar unggal 8 Syawal minangka pamungkas runtuyan amalan puasa Syawal 6 poé.

Di sababaraha daérah, réngsé puasa syawalan gé katelah lebaran kadua, ogé sok disebut lebaran kupat.

“Salat Utaqo bisa dilakukeun isuk-isuk, beurang, atawa ti peuting,” ceuk KH Zamzam.

Salat Utaqo diwengku 8 rakaat, taya tahiyyat awal, katut maca Surat Al Fatihah dina unggal rakaat.

Sanggeus maca Al Fatihah, tuluy maca Surat Al Ikhlash lobana 15 kali.

Baca Juga: Ajén Idulfitri, KH Ubaidillah: Ngalarapkeun Atikan Ramadan Geusan Ngaronjatkeun Katakwaan

Tah, rérés salat 8 rakaat, laju maca tasbih 70 kali tur solawat 70 kali.

Satuluyna mah maca du'a katut dzikir sakumaha ilaharna amalan sabada salat.

"Salat Utaqo bisa dilakukeun kalawan 2 salam atawa 4 salam, bisa sorangan atawa barjamaah,” ceuk KH Zamzam.

Sajeroning kitu, nyutat nu.or.id, sakumaha nu kaunggel dina hadis nu diguar ku Syekh Abdul Qadir Jailani dina Al-Ghuniyah li Thalibi Thariqil Haqqi Azza wa Jalla, kautamaan Salat Utaqo téh nyaéta,

Dawuh Rasulullah Saw, “Demi Allah, Gusti nu geus ngutus kami kalawan haq, ku ngalaksanakeun ieu salat, Allah ngamalirkeun mata cai hikmah dina hatena; ngagerakkeun lisanna pikeun ngucapkeun kalimah-kalimah hikmah; turta Allah nembongkeun kasakit jeung ubarna.

Demi Allah, Gusti nu geus ngutus kami kalawan haq, ku ngalaksanakeun ieu salat, Allah baris ngahampura unggal maranéhanana rérés sujud.

Baca Juga: Uding Solehudin, S.Sos: Lebaran Ngandung Dua Ajen, Idul Fitri jeung Halal Bilhalal

Mun téa mah manéhna maot, maotna minangka syahid dibarung pangampura Ilahi.

Demi Allah, Gusti nu geus ngutus kami kalawan haq, ku ngalaksanakeun ieu salat, Allah baris ngalegakeun jalan ti mimiti miang ka nu dituju tepi ka mulangna deui.

Kitu deui, bakal dibébaskeun tina hutang-hutangna, sarta baris dicumponan hajatna.

Demi Allah, Gusti nu geus ngutus kami kalawan haq, ku ngalaksanakeun ieu salat, Allah baris maparin makhrafah dina sakur huruf jeung ayat nu dibacana.”

Sahabat nalek, naon ari makhrafah téh, ya Rasul?

Dawuh Rasulullah Saw, makhrafah téh hiji taman di sorga nu mana aya nu tumpak kuda mapay jalan di handapeun tangkal, nu salila saratus taun teu nepi-nepi ka sisi kalangkang éta tangkal."

Tah, rérés Salat Utaqo di Ponpes Daarul Ihsan, jamaah jeung warga laju silaturahmi halal bihalal bari ngararasakeun rupaning idangan.***

Baca Juga: Nyekar Mapag Ramadan jeung Poéan Lebaran, Tukang Kembang Rampé Maréma

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler