Milangkala 73 Taun Kavaleri, Yonkav 4/Kijang Cakti Meresihan Tank M3A3 Stuart

2 Februari 2023, 08:00 WIB
Prajurit Batalyon Kavaleri (Yonkav) 4/Kijang Cakti meresihan tur ngecét Tank M3A3 Stuart di Jalan Burangrang, Kota Bandung, Rebo, 1 Pebruari 2023.* /Dok. YONKAV 4/KIJANG CAKTI/

GALURA – Dina raraga milangkala 73 taun kavaleri, Batalyon Kavaleri (Yonkav) 4/Kijang Cakti meresihan tur ngecet Tank M3A3 Stuart di Jalan Burangrang, Kota Bandung, Rebo, 1 Pebruari 2023.

Meresihan éta Tank M3A3 Stuart nu dipokalan ku Yonkav 4/Kijang Cakti téh lian ti ngareuah-reuah milangkala 73 taun kavaleri, ogé minangka wujud pangabdian jeung miéling kajayaan éta kendaraan tempur.

Yonkav 4/Kijang Cakti minangka pasukan nu kendaraan tempur utamana téh tank, dina milangkala 73 taun kavaleri miduli sarta ngajénan Tank M3A3 nu kungsi boga ketak lagu TNI merangan pemberontakan.

Baca Juga: Carita Lambang Kodam III/Siliwangi, Konsep Gambarna Didesain ku Pelukis Barli

Baréto, ieu Tank M3A3 Stuart téh jadi senjata tempur Belanda mangsa Agresi Militer Belanda I jeung II, laju dihibahkeun ka TNI taun 1949.

Dina ketakna di Indonesia, Tank M3A3 Stuart makalangan dina rupaning operasi militer saperti numpes pemberontakan RMS (1950), pemberontakan DI/TII di Aceh, Jawa Barat, Jawa Tengah (1950), merangan PRRI di Sumatera jeung Permesta Sulawesi Utara (1958), sarta numpes G30S/PKI (1965).

Tank M3A3 Stuart gé remen dipaké dina film-film perang bangsaning Janur Kuning, Ketulusan Kartika, Emerald, katut Darah Garuda.

Sabada boga jasa dina sababaraha operasi TNI, minangka bukti kana ketakna, loba Tank M3A3 Stuart nu dijadikeun monumén, antarana di Ambarawa, Museum Satria Mandala, Pussenkav, Mako Yonkav 4/Kijang Cakti, tur nu aya di Jalan Burangrang, Kota Bandung.

Baca Juga: Putri Anjungsari (15)Baca Juga: Panday ti Sunda, Sanggeus Paj Bajaran Runtag, Sumebar ka Sakuliah Nusantara, pada Ngambeuan

Komandan Yonkav 4/Kijang Cakti, Letkol Kav Yerry Bagus Merdiyanto, mertélakeun, dina raraga milangkala ka-73 kavaleri sarta miéling kajayaan, pasukanana meresihan jeung ngecét Tank M3A3 Stuart di Jalan Burangrang téa.

Éta kagiatan minangka wujud midulina prajurit kavaleri kana kendaraan tempur nu kungsi boga jasa dina pirang-pirang operasi TNI.

“Tank minangka senjata utama pasukan kavaleri. Ku cara ngarawat, meresihan éta Tank M3A3 Stuart, dipiharep sakumna prajurit kavaleri ulah mopohokeun jasa-jasa Tank M3A3 Stuart. Generasi satuluyna sing tetep miéling kana ketak ieu tank nu gedé jasana kana kasuksésan rupa-rupa operasi TNI,” ceuk Letkol Kav Yerry Bagus Merdiyanto.***

Baca Juga: Konsep Tri Tangtu di Sunda, Beda jeung Trias Politika Mantesquieu

Baca Juga: Putri Anjungsari (15)

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler