Ngalap Hikmah Kabarokahan Saur dina Bulan Puasa Ramadan

2 April 2023, 03:07 WIB
Saur dina bulan Ramadan mibanda pirang-pirang hikmah sajeroning ngalakonan ibadah puasa geusan ngahontal darajat katakwaan.* /Dok. Pikiran-Rakyat.Com/

 GALURA – Saur dina bulan puasa Ramadan minangka kagiatan nu dianjurkeun ku Rasulullah. Sabot urang saur saméméh waktu Subuh téh, tétéla leubeut ku rupaning hikmah kabarokahan. Saur gé jadi amalan nu nyampurnakeun ibadah puasa sajeroning bulan Ramadan.

Kautamaan jeung kabarokahan saur dina bulan Ramadan téh sakumaha dawuhan Rasulullah nu kaunggel dina Hadis Riwayat Ahmad, “Dina saur éstu mibanda kabarokahan. Ku kituna, ulah ieuh henteu saur sok sanajan ukur ku nginum, sabab Allah jeung malaékat-Na salawat pikeun maranéhanana nu ngalaksanakeun saur.”

Nyutat nu.or.id, lian ti mibanda kabarokahan, saur dina bulan Ramadan gé leubeut ku hikmah nu kalintang mangpaatna enggoning ihtiar ngahontal darajat katakwaan. Antarana hikmah tina saur téh nyaéta minangka wujud kanyaah ajaran Islam ka umatna.

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah Kota Bandung Salila Bulan Ramadan 2023

Salasahiji tujuan saur nyaéta malar stamina awak urang tetep kuat nalika ngalakonan ibadah puasa ti mimiti meletek fajar tepi ka waktu Magrib.

Kasempetan keur ngalaksanakeun amaliah ibadah gé kaasup hikmah tina saur.

Waktu saur téh waktuna nu mustajab keur ibadah, sabab urang bisa ngalaksanakeun salat Subuh pas dina waktuna.

Hikmah séjénna dina saur Ramadan nyaéta idangan nu dirarasakeun bébas tina hisab.

Jaga engké di ahérat, idangan nu dikonsumsi manusa bakal dihisab. Tapi, idangan saur mah teu dihisab.

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah jeung Buka Puasa di Kota/Kabupaten di Jawa Barat, Ahad/Minggu, 11 Ramadan 1444 H/2 April 2023

Dina riwayat hadis al-Azdra’i, dawuh Rasulullah, “Aya tilu perkara (kadaharan) nu moal dihisab ku Allah, nyaéta kadaharan waktu saur, kadaharan waktu buka puasa, katut kadaharan nu dirarasakeun bareng jeung dulur-dulur nu lianna.”

Saur gé minangka kaistiméwaan pikeun umat Islam, sabab anjuran saur dina bulan Ramadan téh ukur keur umat Rasulullah.

Eta sakumaha Hadis Riwayat Muslim, Rasulullah ngadawuh, “Nu ngabédakeun antara puasa urang jeung puasana Ahli Kitab nyaéta ku ayana saur.”

Ku kituna, saur dina bulan Ramadan lian ti kalintang dianjurkeunana ku Rasulullah, ogé mibanda pirang-pirang hikmah pikeun urang sajeroning ngalakonan ibadah puasa geusan ngahontal darajat katakwaan.***

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah di Kota/Kabupaten di Provinsi Banten, Ahad/Minggu, 11 Ramadan 1444 H / 2 April 2023

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler