Yessy Gusman, Kamampuh Aktingna Embung Dibanding-bandingkeun

- 17 Februari 2023, 10:48 WIB
Yessy Gusman.*
Yessy Gusman.* /CKS/Glr/

GALURA – Basa aya film Gita Cinta dari SMA di Ciwalk XXI, Jalan Cihampelas, Kota Bandung, 5 Februari 2023 nak, lian ti produser (Ir. Chand Parwez Servia), sutradara (Monty Tiwa), katut para pamaénna (Prilly Latuconsina, Yesaya Abraham, jrrd),  hadir ogé Yessy Gusman.

Enya, Yessy Gusman téa, geuning.  Pamaén Ratna dina film Gita Cinta dari SMA versi aslina, bareng jeung Rano Karno nu nu jadi Galih, 1979 kalarung. Ngan hanjakal, Rano Karnona mah teu hadir, harita téh.

“Bingah abdi mah, tadi méméh lebet ka rohangan bioskop, tiasa difoto malih ngobrol heula sareng bintang film kameumeut, Téh Yessy Gusman, nu sanaos kiwari tos yuswaan, tapi katawisna tetep geulis, jalmina soméah daréhdéh,” ceuk Dekan Fakultas Ilmu Seni dan Sastra, Universitas Pasundan (FISS Unpas), Dr. Hj. Senny Suzanna Alwasilah, M.Pd., anu ngahajakeun datang jeung minantuna ka gala premiere.

Baca Juga: Ngahirupkeun deui Galih jeung Ratna, ‘Gita Cinta dari SMA’ Ngahudang ‘Baper’ nu Lalajo 

Dina film Gita Cinta dari SMA produksi Starvision  (versi 2023), pamaén nu merankeun Galih, Yesaya, jeung Prilly nu merankeun Ratna, nurutkeun Yessy, luyu jeung dinamika pajamanan kiwari, aktingna kawilang hadé.

Saya lihat, semua pemain menjiwai perannya masing-masing, terutama Prilly dan Yesaya, hebat banget, sesuai dengan zamannya,” ceuk Yessy.

Artis nu ngajaul ngaranna dina film Puspa Indah Taman Hati téh, embungeun pisan dibanding-bandingkeun kamampuh aktingna.

“Naon nu kirangna ti Prilly, saé pisan aktingna, penghayatan kana alur caritana maksimal. Kitu deui Yesaya, tokoh Galih, katitén hirup ku anjeunna, réngsé filmna diputer kéngéng pangbagéa nu saé ti nu narongton,” ceuk indung dua budak nu geus incuan téh.

 Baca Juga: Gala Premiere-na Poé Ieu, ‘Gita Cinta dari SMA’ Difilmkeun deui bari teu Mopohokeun 'Orisinalitas'

 

Yessy Gusman, Prilly Latuconsina, jeung Yesaya Abraham.*
Yessy Gusman, Prilly Latuconsina, jeung Yesaya Abraham.*

 

Mikaheman dunya pendidikan

Salila ancrub dina film, loba pisan carita fim nu ngalibetkeun Yessy Gusman, di antarana, Romi & Yuli, Neraca Kasih, Puspa Indah Taman Hati, Tali Merah Perkawinan, jeung judul film nu séjénna.

Ngan, geus dipastikeun, ngajaulna ngaran Yessy mah dina film Gita Cinta dari SMA jeung Puspa Indah Taman Hati (duanana sutradarana Arizal, 1979).

“Ngémut mangsa harita, saleresna abot badé maén film téh, da bubuhan abdi mah jalmi isinan. Komo waktos Rano sumping ka rorompok mah, pura-pura udur wé bakating ku alim maén film. Alatan dorongan sepuh, nya ahirna kersa wé, adu akting sareng Rano, ogé bintang nu sanésna,” ceuk ieu aktris anu dina film Usia 18 dinominasikeun jadi Pemeran Wanita Utama Terbaik – Festival Film Indonesia (FFI) 1981 téh.

 Yessy nu gumelar di Jakarta, 21 Juli 1962, sawatara taun ninggalkeun dunya film nu geus ngangkat popularitas ngaran dirina. Méh baé taya nu nyaho, leungitna Yessy ti dunya akting téh sihoréng, harita inyana miang ka Amerika Serikat pikeun tolabul élmu di University of San Fransisco, ngahontal gelar BA.

Ti dinya, nuluykeun kuliahna di Golden Gate University of San Fransisco, tepi ka nyangking gelar MBA.

Mulang ka lemah cai, kuliah deui di Universitas Pancasila, ngahontal gelar Sarjana Hukum.

Tuluy nyangking deui gelar Doktor Ilmu Pendidikan ti Universitas Negeri Jakarta taun 2015.

Gelar nu rageman ngajurung Yessy ngamangpaatkeun élmuna ku jalan ngadegkeun yayasan pendidikan nu dingaranan Yayasan Bunda Yessy jeung ngadegkeun 300 taman bacaan di sakuliah Nusantara.

Baca Juga: Panineungan Adang S, Tentara Pangarang Sunda Dijeujeuhkeun ku Mh Rustandi Kartakusumah

Yessy Gusman keur diajak ngobrol ku Galura, Cecep Ks, jeung mahasiswa Basa & Sastra  Sunda UPI Bandung, Walid Muhammad Taufik.*
Yessy Gusman keur diajak ngobrol ku Galura, Cecep Ks, jeung mahasiswa Basa & Sastra Sunda UPI Bandung, Walid Muhammad Taufik.*

Ngaluluguan jeung mikahéman dunya pendidikan, geus teu kaitung pangajén nu katarima ku Yessy, di antarana, pangajén ti Kementerian Pendidikan jeung Penerbit Mizan, ti Kementerian Pendidikan dan Olahraga, pangajén Jasadarma Pustaloka ti Perpustakaan Nasional, pangajén ti Ikatan Penerbit Indonesia (Ikapi), ti Dirjen Peningkatan Mutu Pendidik dan Tenaga Kependidikan, sarta pangajén nu séjénna.

“Ngadegkeun Yayasan Bunda Yessy, keur mikahéman dunya pendidikan, ngawangun barudak, pamustunganna mangsa ka hareup barudak tangtuna bakal mibanda kamampuh nu jamak, jadi SDM anak bangsa nu tanggoh, leubeut ku karya nu inovatif,” pokna.

Ngaran Yessy, hamo lantis ku waktu laas ku jaman, ngaranna bakal tetep hirup di masarakat nu mikareueusna, reueus ku aktingna dina film-film nu romantis.

Naha bakal tetep maén film?

“Tangtos atuh, mung nyaluyukeun umur, peran téh ayeuna mah jadi indung atawa nini, tiasa diuninga dina FTV nu judulna Senyummu, Surgaku,” pokna mungkas obrolan.***

 Baca Juga: Putri Anjungsari (30), Ku Maung nu Disambatna Suba Dibawa ka Tempat Putri Anjungsari Reureuh

Baca Juga: Sastrawan Ajip Rosidi (1938 – 2020): Antara Masyitoh, Jante Arkidam, jeung Bagus Rangin

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah