H. Deddy Mizwar, Bang Jack nu teu Weléh Sabar tur Wijak

12 April 2023, 05:23 WIB
Deddy Mizwar di lokasi syuting ”Para Pencari Tuhan” di hiji wewengkon di Bogor, sawatara waktu ka tukang.* /Rosyid EA/

GALURA - Ti mimiti 2007 kénéh, unggal Ramadan, di SCTV teu weléh diputer sinétron Para Pencari Tuhan. Kitu deui bulan Ramadan ayeuna, 1444 Hijriah, sinétron Para Pencari Tuhan (atawa sok disengget PPT) hadir deui nepungan nu lalajo unggal pk 02.30 WIB, dina jilid nu ka-16.

Salila tayangna, ieu sinétron nu diproduksi ku PT Demi Gisela Citra Sinema téh geus dilélér sawatara penghargaan, kaasup ti Festival Film Bandung pikeun Sinetron Terbaik taun 2008, jeung sawatara Anugerah Komisi Penyiaran Indonesia pikeun program drama séri.

Ku mayengna tayang unggal Ramadan, taun ieu Para Pencari Tuhan nyangking rekor MURI minangka Serial Reliji Ramadan Berkelanjutan Terlama.

Gurat badagna, Para Pencari Tuhan Jilid 16 nu masang judul “Kiamat Semakin Dekat” téh nyaritakeun hiji genk punk nu diwengku ku opatan: King atawa Sultan Nusantara (dipaénkeun ku Renaga Tahier), Cupi (Cindy Nirmala), Gembel (Faiz Vizhal), jeung Doble (Edbert Destiny) anu saban detik méakkeun waktu pikeun milampah hal-hal nu teu mangpaat. Di antara maranéhna boga masalah séwang-séwangan dina nyorang kahirupanana, tepi ka ahirna opatanana aya tarékah néangan jati diri liwat agama Islam.

Baca Juga: Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI) 2023 Réa Inovasi, Bakal Béda ti Taun-taun Saméméhna

Dina épisode ka-1 Para Pencari Tuhan Jilid 16 ieu, éta genk punk téh –kaasup Udin (Udin Nganga) jeung Asrul (Asrul Dahlan) nu geus kabawakeun ku genk punk-- ngajorag imah Haji Ahmad Zakaria alias Bang Jack. Udin nu geus robah adat, malah perlakuanna kasar pisan ka Bang Jack. Sanajan kitu, Bang Jack sabar ngayonanana, henteu ngalawan samasapisan. Malah sabalikna, Bang Jack siap ngalayanan éta gorombolan punk ku nyiapkeun kadaharan jeung inuman pikeun disuguhkeun teu béda ka sémah istiméwa. Bang Jack nganggap naon anu keur tumiba ka dirina téh hiji pangajaran ti Allah Swt sangkan tetep bisa nahan sabar.

"Gue lagi disuruh belajar sama Allah, belajar sabar dengan cara direndahkan sehina-hinanya di hadapan manusia," ceuk Bang Jack dina pungkasan épisode ka-1 Para Pencari Tuhan Jilid 16 téa.

 

Leuwih kentel ajen rélijina

Sing saha baé gé, utamana ka nu sok ngalalajoanan sinétron Para Pencari Tuhan, tangtu geus moal bireuk ka Bang Jack mah. Geus 16 taun Bang Jack “marengan” urang dina bulan Ramadan, boh sabada buka puasa boh meneran urang keur saur. Bang Jack téa, geuning, merebot di Mushola At-Taufik, anu teu weléh sabar nandangan cocoba, tur wijak dina nangtukeun sikep.

Ka nu merankeun Bang Jack-na gé, tangtu saréréa geus pada terang. Enya, éta geuning, Wakil Gubernur Jawa Barat periode 2013 – 2018.

Baca Juga: Milu Makalangan dina Serial ‘The Last of Us’, Christine Hakim Kapeto Jadi Ilmuwan Indonesia

Inyana gé kungsi jadi ketua Badan Pertimbangan Perfilman Nasional (2006-2009), sarta cik kénéh kapilih (deui) jadi ketua umum Persatuan Perusahaan Film Indonesia (PPFI) dina Kongres XXI di Jakarta, 28 Februari 2023 kaliwat. Enya, saha deui lamun lain H. Deddy Mizwar!

Deddy Mizwar sabada nampa piala penghargaan Lifetime Achievement Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI) 2022.*

Ieu aktor anu kungsi dilélér penghargaan Lifetime Achievement ti Festival Film Bandung (FFB) taun 2010 jeung ti Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI) taun 2022 téh, nandeskeun, sacara umum carita Para Pencari Tuhan téh digarap kalawan satir lantaran mangrupa eunteung dina jaman kiwari. Ku cara ngungkabkeun carita sacara satir, Deddy ngarasa bébas pikeun ngiritik kaayaan.

Pikeun Deddy Mizwar, nyieun film atawa sinétron téh kudu dibarengan ku niat anu hadé, sangkan hasilna nyugemakeun, teu matak nguciwakeun. Henteu saukur ngitung untung jeung rugi, cenah, da nyieun film atawa sinétron mah lain judi.

Baca Juga: Kasidah Cinta Al-Kubra, Konsistensi Teater Senapati Ngagarap Pintonan Réligi, Miara Regenerasi Drama Sunda

“Nu penting mah niatna hadé. Naon sih tujuan utamana? Popularitas? Harta? Kakawasaan? Kabéh gé éta mah lain tujuan utama. Pikeun sakuringeun pribadi, dunya mah lain hiji-hijina kahirupan. Nyieun film jeung sinétron téh éstu dibarung ku niat hayang nyieun kahadéan keur balaréa. Hayang nga-reposisi imej nu salila ieu lumangsung dina tatanan kahirupan. Hayang karya anu kuring téh aya mangpaatna pikeun balaréa, henteu matak mudharat engkéna,” pokna, basa diajak ngawangkong ku nu nulis, di lokasi syuting PPT, di hiji wewengkon di Bogor, sawatara waktu ka tukang.

Omongan Deddy, tangtu jajauheun kana wacana. Paling copél, Deddy geus ngabuktikeun éta liwat film jeung karya-karya sinétronna anu karasa kultur-kaindonésiaanana. Sebut baé, upamana, Ketika (2005), Kiamat Sudah Dekat (2003), Naga Bonar Jadi 2 (2007), Alangkah Lucunya Negeri Ini (2010), Kentut (2011), Tanah Surga… Katanya (2012), Naga Naga Naga (2022), jeung sajabana.

Malah, éta kultur-kaindonésiaan téh gumulung ngahiji jeung téma-téma anu mibanda ajén dakwah islamiyah, tapi kesanna henteu hideung-bodas saperti dina film jeung sinétron-sinétron réliji séjénna anu disutradaraan (diproduksi) ku batur. Sacara tématis, sinétron-sinétron Deddy sipatna leuwih manusiawi, leuwih kentel ajén réliji-na, sarta mibanda ajén hiburan anu komunikatif pikeun lalajoaneun balaréa. Sebut baé, upamana, Abu Mawas, Hikayat Pengembara, Mat Angin, Lorong Waktu 1-6, Demi Masa, Kiamat Sudah Dekat, Rinduku CintaMu, Rumah Bidadari, jeung tangtuna Para Pencari Tuhan (ti 2007 tepi ka danget ayeuna).

Baca Juga: Prilly Latuconsina, Ngarasa Bungah Bisa Nyugemakeun Indung-Bapana

Malah, sacara kaaktoran gé, Deddy geus ngabuktikeun préstasina. Inyana geus nyangking 4 Piala Citra sakaligus dina Festival Film Indonesia (FFI) 1986 jeung 1987, nyaéta jadi Pemeran Utama Pria Terbaik FFI 1986 dina film Arie Hanggara, Pemeran Pembantu Pria Terbaik FFI 1986 dina film Opera Jakarta (1986), Pemeran Utama Pria Terbaik FFI 1987 dina film Naga Bonar, jeung Pemeran Pembantu Pria Terbaik FFI 1987 dina film Kuberikan Segalanya.

Dina nyieun film jeung sinétron, Deddy éstu henteu ngitung untung-rugi sacara matéri. Da cénah, nyieun film mah lain judi.

“Balik deui kana niat téa. Niatna nyieun film téh naon atuh? Lamun niatna néangan duit mah, nya bisa waé ngalaman rugi. Ku kituna, geura jieun film anu kualitasna hadé, da moal matak rugi ieuh. Malah urang bisa meunang kauntungan, nyaéta kauntungan pahala! Da sahenteuna, lamun film urang hadé sacara kualitas jeung tématis, tangtu bakal karasa mangpaatna ku masarakat, teu mubadzir, malah bakal ngadatangkeun pahala. Insyaallah!” ceuk ieu carogé R. Giselawati Wiranegara (anu ditikahna 23 Agustus 1986) téh.

Minangka catetan pamungkas, Deddy Mizwar téh gumelar di Jakarta, 5 Maret 1955. Ramana, H. Adrian Andres terah Belanda-Betawi, sedengkeun biangna, Sun’ah terah Bugis-Betawi. Deddy anak kaopat ti genep sadudulur (kabéhna 7, ngan maot saurang waktu dilahirkeun prematur). Ti bubudak Deddy hirup di tengah-tengah masarakat étnis Betawi anu nuansana relijius. Unggal poé Deddy teu weléh milu ngaji di hiji tajug nu aya di lemburna.

Éta pisan nu ngailhaman dirina pikeun nyieun film anu nuansana réliji.***

Baca Juga: Prilly Latuconsina, Keur Syuting, Dua Kali Gering jeung Asup Rumah Sakit

 

 

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler