Nénéng Dinar Ngajarkeun Tembang Sunda di Ranggon Cijagra

20 Januari 2023, 05:39 WIB
Neneng Dinar. /CKS/Dok. ND

 

AYA lagu ilang sirna ‘na kacapi

Lebah madakeun teu daya pikeun nganggitna

Diri kaseuit ku kecap pileuleuyan

Nu kungsi dikedalkeun keur dirina

Kembang asih seungitna ngadalingding

Cénah cinta sawarga hirup

Hamo leungit sanajan dugi ka pati

Tapi béntang nu dipuntangan ukur pangréka impian.

 

(Lagu Liwung)

 

Baca Juga: Sean Idol, Geus Nyiptakeun Lagu keur Sababaraha Albumeun, ngan Niténan heula Kondisi Pasar

GALURA - Ngaran Nénéng Dinar teu bisa dipisahkeun tina tembang Sunda. Ti ngungkueuk tepi ka ngongkoak, ngaranna maskét jeung kahirupan tembang Sunda. Tembang Sunda ngajulungjung jadi wawangi nu nyeungitan kahirupan. Haleuang tembang Nénéng, galindengna geus tepi ka mancanagara.

Nginjeum kekecapan Réktor Universitas Padjadjaran (Unpad) manten, Prof. Dr. Dr. (HC) Ganjar Kurnia, Ir., DEA, tembang Sunda dituyun ku Nénéng geus meuntasan lima benua.

Baca Juga: Chord jeung Lirik Lagu 'Inget ka Mantan', Ciptaan Wagista, Populerna Nepi ka Mancanagara

Da jeung enyana kitu, ieu panembang nu ngaran aslina Dinar Ratna Suminar, S.IP.,M.Si. téh kungsi manggung di sababaraha nagara, di antarana Belanda, Prancis, Amérika Serikat, Bélgia, tepi ka Qatar. Geus puguh ari di wewengkon Asia, kaasup Asia Tenggara mah.

Saban manggung, galindeng sora Nénéng Dinar nu halimpu dédéngéeun, nyirep nu lalajo. Mungguh taya nu cumarita, ngeluk tungkul rasana kabawakeun palid ku rumpaka jeung wirahma lagu. Sawatara lagu nu dihaleuangkeun ku biang ti tilu budak téh, rus-ras, Sakaratol Maot, Liwung, Papatet, wirahmana nyasaran rasa nu ngalenyepan  tembangna.

Baca Juga: Pituduh ti Sutradara Aris Nugraha, dina Preman Pensiun 8, Irin 'Jadian' jeung Sukanta, Roy Musuh Kang Mus?

Nénéng nu awakna jangkung sampulur, pakulitan konéng umyang, najan geus umuran (gumelar di Bandung, 10 Maret 1963), kageulisanna témbong kapiara naker. Galindeng sorana nu nenggang ti batur, payus mun tepi ka kiwari, Nénéng Dinar teu weléh jadi seniwati petingan dina kahirupan tembang Sunda.

Ngajén kana sawidak carita tina préstasina nyangking Juara I Pasanggiri Tembang Sunda taun 1990 di Garut jeung Juara I Pasanggiri Tembang Sunda taun 1993 di Kota Bandung, nu diayakeun ku Daya Mahasiswa Sunda (Damas), teu munasabah mun budayawan HD Bastaman, dina bukuna Béntang Tembang, ngungkab lalampahan kahirupan Nénéng ti mangsa gumelar tepi ka déwasa.

Baca Juga: Nganjang ka Pikiran Rakyat, TGB: Ngaronjatna Elektabilitas Perindo Hasil Solidna Kader Perindo

Dicaritakeun ogé, Nénéng ngambah saniskara kawih Sunda nu leubeut ku préstasi, tepi ka asup dapur rékaman.

Geus aya 30 album tembang Sunda nu dihasilkeun ku Nénéng. Albumna nu kawentar, di antarana, Tembang Bandungan, Béntang Implengan, Béntang Kuring, Liwung, jeung album séjénna.

Sagudang préstasi geus dihontal ku Nénéng. Laju dinamika panéka jaman, nyombo dirina, inggis tembang Sunda katut kabeungharan seni tadisi di Tatar Sunda leungit kitu waé taya generasi nu neruskeunana.

Baca Juga: Kasus AKI di Jawa Barat matak Pikangeneseun, dr. Nina Susana Déwi: “Ku Program KBPP, AKI tiasa Kaungkulan!”

Ras inget deuih ka nu jadi guruna, almarhumah Hj. Euis Komariah, nu saminggu méméh tilar kungsi ragrag ucap, amanah kudu hirup ikhlas ngatik generasi nu hayang bisa nembang.

Ari Nénéng, mangsa jumenengna Euis Komariah, lir kawas gula jeung peueutna. Hubunganana geus lain guru jeung murid deui, tapi kawas indung jeung anak pituin.

“Almarhumah Ibu Euis Komariah téh teu weléh nuyun dina tembang Sunda, dugi ka abdi tiasa nyangking préstasi,” ceuk ieu biang Rizki Perdana, Séli Desmiarti, jeung Kamal Gema Ramadan téh.

Baca Juga: Carnyam Putri Anjungsari

Matak pantes, mun Nénéng teu poho ka sarakan kréativitasna, Sanggar Jugala nu geus ngagedékeun ngaranna.

Pikeun mekarkeun tembang Sunda, Nénéng jeung baturna papada panembang (juru tembang), di antarana Héri Suhéryanto, tulatén ngabina tembang ka para calon panembang.

Tarékah Nénéng téh metik hasil, kiwari di Ranggon Cijagra anu dikokolakeunana, teu weléh nyayeud ku nu dialajar nembang.*** 

 Baca Juga: Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Hidden Gems Sate & Sop Kambing'

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler