Pituduh ti Sutradara Aris Nugraha, dina Preman Pensiun 8, Irin 'Jadian' jeung Sukanta, Roy Musuh Kang Mus?

14 Januari 2023, 10:31 WIB
Foto postingan Aris Nugraha, sutradara Preman Pensiun; hiji adegan syuting /Instagram @arisnugraha_anpfilms/

GALURA - Sabada Preman Pensiun 7 rengse, nurutkeun informasi, moal lila deui bakal aya Preman Pensiun 8.

Beja yen bakal aya Preman Pensiun 8 teh ditetelakeun ku sutradara Aris Nugraha dina sawatara postingan di Instagram, @arisnugraha_anpfilms.

Cek inyana, Preman Pensiun 8 bakal sagancangna nepungan fans di RCTI, sabada edisi ka 7 lekasan.

Baca Juga: Chord jeung Lirik Lagu 'Inget ka Mantan', Ciptaan Wagista, Populerna Nepi ka Mancanagara

Ngan Aris Nugraha acan nyebutkan soal waktuna. "Nu pasti 2023," cek Aris Nugraha ngajawab pananya netijen dina Instagram.

Sajaba ti nyebutkeun bakal sagancangna tayang deui di RCTI, dina sawatara postinganana, Aris Nugraha oge nembongkeun sawatara gambar atawa adegan keur syuting Preman Pensiun 8.

Samalah Aris Nugraha katingalina ngahaja mere "clue" atawa pituduh ka fans Preman Pensiun ngeunaan carita nu bakal ditonjolkeun.

Baca Juga: Ceuk Babad Tanah Jawi Nu Ngadegkeun Majapahit teh Putra Padjadjaran

Antarana wae, foto Didu keur latihan di hiji sasana tinju.

Eta adegan teu mustahil minangka pituduh yen Didu bakal makalangan dina ring, dina hiji kajuaraan.

Teu mustahil oge, Didu tinjuna jeung jagona Bang Edi, calon anggota dewan nu hayang ngawasa parkir liar di pasar, jalan, jeung terminal --keur bekel nyalonna.

Baca Juga: Bupati Ciamis Masrahkeun Bantuan keur Korban Angin Lilimbungan di Panawangan

Lian eta, aya oge foto Irin jeung Sukanta di pabrik kicimpring bari diwuwuhan ku caption : "Naha maranehna tungtungna bakal jadian?"

Irin memang bisa wae ahirna "jadian" jeung Sukanta, sabada reret cintana ka Ujang, kurang aya respons hade.

Atawa sabada Irin apal yen Serena kungsi jadian jeung Ujang tapi pegat alatan Ujang sihoreng geus rimbitan.

Baca Juga: Chord jeung Lirik Lagu 'Inget ka Mantan', Ciptaan Wagista, Populerna Nepi ka Mancanagara

Clue sejen, Roy, alona Bang Edi, kawas-kawas bakal jadi musuh gerot Kang Mus. Atawa nu matak ngabingungkeun ka Kang Mus, sabab Roy nyatana bebene anakna, Si Eneng.

Naha enya eta foto teh clue? Memang can pasti.

Nu pasti, sinetron Preman Pensiun 8 ayeuna kacida diantina ku fans di sakuliah Indonesia, sabada edisi 7 rengse bari neundeun kapanasaran.

Baca Juga: Ceuk Babad Tanah Jawi Nu Ngadegkeun Majapahit teh Putra Padjadjaran

Sakumaha anu katingali, Preman Pensiun 7 rengse sabada Cecep saparakanca (Murad, Ujang katambahan ku Gobang) bisa ngelehkeun preman bayaran Bang Edi.

Rea nu nyangka, Cecep bakal eleh ku lawanna dina tarung panungtung teh.

Ngan tetela, sok sanajan lawanna terus-terusan latihan, Cecep saparakanca, bisa meruhkeun musuh nu hayang "revans".

Nu matak disebut ngagantung, Bang Edi mah aman keneh, teu keuna ku hukum. 

Baca Juga: Bupati Ciamis Masrahkeun Bantuan keur Korban Angin Lilimbungan di Panawangan

Bang Edi samalah katembongna bakal meunang dana ti investor keur ngabeayaan kampanyeuna.

Bang Edi geus ngarekrut Roy keur tim kampanyeu manehna.

Padahal, publik mah hayangna Bang Edi asup bui, sabab geus ngarempak hukum. ***

Editor: Aam Permana S

Sumber: Instagram @arisnugraha_anpfilms

Tags

Terkini

Terpopuler