Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB
Hindun binti 'Utbah.* /Ayi R Sacadipura/galura.co.id

Carpon ROSYID E. ABBY

 

10 Ramadan 8 Hijriyah, atawa 1 Januari 630 Maséhi, peuting sabada kajadian Fathu Makkah…

 

HINDUN binti ‘Utbah teu puguh laku. Gawéna ngan hulang-huleng baé. Kajadian tadi beurang mungguh ngageterkeun haténa, ngusik-ngusik jiwana anu salila ieu ngabatu ku kadengdem anu nyaliara.

Kasaksian pisan ku dirina, beurang tadi di deukeut Masjidil Haram, salakina, Abu Sufyan bin Harb jeung Hakim bin Hizam anu kakara mulang ti Madinah, ceuceuleuweungan ngabaribinan sakumna pangeusi Kota Mekah. 

“Héy, kaom Quraisy Kota Mekah, tong ngaringkeb baé di imah! Hayoh, geura kalaluar heula! Geura kalaluar, héy pangeusi Kota Mekah!” cék Abu Sufyan mani ranteng urat beuheung. 

“Héy, kaom Quraisy Kota Mekah! Geura karumpul heula, ieu aya wawarkeuneun!” Hakim bin Hizam embung éléh milu ceuceuleuweungan.

Teu lila ting burudul ting torojol sakumna urang Quraisy, ngariung Abu Sufyan jeung Hakim bin Hizam.

“Aya naon, Abu Sufyan? Aya naon Hakim bin Hizam? Aya naon?!” Kabéh pada-pada raéng patémbalan.

“Aya naon, Abu Sufyan, Hakim bin Hizam? Bet teu pupuguh kitu aranjeun mah, kalah ceuceuleuweungan!” cék Ikrimah bin Abu Jahal, anu di kalangan kaom Quraisy mungguh dipikagimir alatan kawanina nyanghareupan musuh. 

“Ya, Ikrimah jeung dulur-dulur kaom Quraisy Kota Mekah... Geus sababaraha lilana kuring duaan téh miang ka Kota Madinah, nyulusup ka kaom anu manut ka Muhammad…”

“Enya, pan anjeun téh jadi mata-mata, lain? Mata-mata pikeun nalingakeun ketak Muhammad jeung anu manut ka manéhna,” Ikrimah motong omongan Hakim bin Hizam. Anu séjénna pada raéng ngaenyakeun.

“Tadina mah enya jadi mata-mata. Tapi sanggeusna campur gaul jeung kaom Muhammad, kitu deui sanggeusna Muhammad remen maparin piwuruk bari jeung prakna ku nyalira, karasa pisan ajaran Muhammad téh ajaran anu ku urang kudu dipilih.”

Kabéh ngajarenghok, tuluy raraéng teu puguh déngékeuneunana.

“Ké heula, ké heula! Reungeukeun heula sakeudeung,” Abu Sufyan nitah répéh jalma-jalma anu raéng. Sanggeus rada répéh, manéhna nuluykeun omonganana. “Moal lila deui, Muhammad jeung kaomna nu réana sapuluh rébu jalma bakal datang ka ieu Kota Mekah. Dina pingpinan Zubair bin Awwam, Khalid bin Walid, Sa’ad bin Ubadah, jeung Abu Ubaidah Al-Jarrah, éta pasukan Muhammad téh ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ti madhab papat, muru ka dieukeun. Kuring duaan nu tadina bareng jeung pasukan Rosulullloh, miheulaan ka dieu, supaya aranjeun engeuh kana kakuatan pasukan Muhammad. Muhammad nawarkeun perdamian pikeun aranjeun saréréa.”   

“Perdamian? Perdamian naon, ya Abu Sufyan?” Kabéh mani rampak.

“Sakabéh kaom Quraisy kudu manut kana ajaran Muhammad!”

“Wuah!” Ikrimah bin Abu Jahal ngagebés. Amarahna teu kaampeuh. “Sangeunahna pisan ngudukeun! Boga hak naon manéhna mani ngudukeun kitu?! Aing mah kajeun perang batan kudu taluk ka Muhammad!”

Saréréa raéng deui ngaenyakeun omongan Ikrimah.

“Ké heula, répéh, répéh! Tong waka ngagugu napsu! Aranjeun moal sanggup ngalawan pasukan Muhammad anu ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut muru ka ieu kota. Rosululloh rék umajak ka aranjeun sangkan geuwat-geuwat ninggalkeun tradisi jahiliyah ku jalan dami. Teu nanaon aranjeun nolak kana pangajak Muhammad, tapi aya saratna.”

“Naon saratna téh, ya Abu Sufyan, naon? Naon?!”

“Sing saha anu asup ka imah Abu Sufyan,” bari  nepak dada sorangan, “manéhna bakal salamet.”

Mireungeuh kitu, Hindun nu ti tatadi geus aya di tengah-tengah kaom Quraisy, salakat-sélékét muru ngadeukeutan salakina.

“Gagabah boga salaki téh. Anjeun téh pamingpin kaom anjeun sorangan, ya Abi. Piraku tepi ka taluk ku pangaruh Muhammad!” Tuluy ka saréréa, “Ya, kaom Quraisy Kota Mekah, hayoh siap-siap geura perang. Tong nurut pangajak salaki kuring, anu mungguh sagoréng-goréngna pamingpin kaom urang.”

“Montong!” Abu Sufyan ngagebés. “Aranjeun kabéh montong ngagugu kana omonganana. Sing percaya, Muhammad keur ka dieukeun bari mawa kakuatan anu lain lawan-lawaneun. Ku kituna, gancang geura asup ka imah kuring, aranjeun bakal salamet!”

“Ari anjeun, Abu Sufyan!” Ummu Hakim, pamajikan Ikrimah anu ti tatadi teu kecét-kecét, ngagebés. “Piraku jalma sakieu réana bisa asup kabéh ka imah anjeun?!”

Saréréa papada raéng deui ngaenyakeun omongan Ummu Hakim. Tapi Abu Sufyan teu miroséa, kalah nuluykeun omonganana, “Sing saha asup ka imah Hakim bin Hizam, manéhna bakal salamet!”

Kabéh raraéng deui.

“Sing saha nu asup ka Masjidil Haram, manéhna bakal salamet! Sing saha nu nutupkeun pantona rapet-rapet, manéhna bakal salamet!” Abu Sufyan angger teu miroséa anu raéng patémbalan, kalah tuluy sorana handaruan meneran tengah poé éréng-éréngan. “Hé, dulur-dulur kaom Quraisy, reungeukeun ku aranjeun … Kuring geus asup Islam!” Ujug-ujug baé anu raraéng teu puguh déngékeunana téh kabéh jarempé, kawas gaang katincak. Kabéh teu nyoara, carolohok bari silipelong papada baturna.

“Naon, Abi, dédéngéan téh anjeun… anjeun…?” Hindun teu kebat nuluykeun omonganana.

“Naon, Abu Sufyan? Anjeun manut kana ajaran Muhammad?!” Ikrimah gé sarua teu bisa nyumputkeun semu kagétna. Bari dibarung ku amarah kituna téh.

“Enya, kuring duaan jeung Hakim bin Hizam geus manut kana ajaran Muhammad,” cék Abu Sufyan tandes naker, éstu teu sieun ku balukar omonganana. “Aranjeun ogé aya hadéna nuturkeun ketak kuring. Geura arasup Islam, sing percaya, aranjeun bakal salamet!”

Ti jauhna kareungeu aweuhan jalma ayeuh-ayeuhan paselang jeung sora tatabeuhan perang katut gurutukna kuda jeung onta muru ka Masjidil Haram, ka palebah maranéhanana keur karumpul.

“Tah, reungeukeun ku saréréa. Muhammad jeung pasukanna geus ngaweuhan muru ka dieukeun. Lamun aranjeun hayang salamet, tong talangké, geura turut omongan kuring anu nyata-nyata paréntah ti Rosululloh!”

Enya baé, kasaksian pisan ku Hindun jeung ku saréréa, kumaha Rosululloh jeung sapuluh rébu umatna kaom muslimin ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut muru ka Masjidil Haram, ka lebah maranéhna keur ngarariung. Atuh tangtu baé, anu keur ngarariung téh ting buriak muru ka tempat-tempat anu tadi disebutkeun ku Abu Sufyan. Aya nu ka imah Abu Sufyan minangka jaminan kasalamétan, aya nu ka imah Hakim bin Hizam, aya nu asup ka Masjidil Haram, sarta teu saeutik ogé anu mulang ka imahna séwang-séwangan bari gebrug nutupkeun pantona rapet-rapet.

Ari Ikrimah bin Abu Jahal, kalah ngajak balad-baladna pikeun nyerbu pasukan Muhammad. Ngan kabéhanana kasoran ku pasukan anu dipingpin ku Khalid bin Walid. Sawaréh tiwas, sawaréhna deui mah pada mabur, kaasup Ikrimahna sorangan.

**

PEUTING sabada kajadian Fathu Makkah, nalika umat Muhammad jeung para sahabat qiyam Ramadan jeung tadarus di Masjidil Haram, di imahna Hindun binti ‘Utbah teu weléh marudah haté. Haténa katodél ku kajadian tadi beurang. Sapuluh rébu jalma ngageunjleungkeun Kota Mekah, ngagung-ngagung katauhidan Alloh. Allohu Akbar! Allohu Akbar! Allohu Akbar!

Hindun binti ‘Utbah mungguh ngarasa gimir. Lain gimir ku kasieun. Lain gimir ku diperangan. Tapi gimir kana ayana Nu Maha Ghoib, anu salila ieu jadi kayakinan Muhammad jeung umat-Na, anu teu bisa ditingal tina wujud-Na tapi bisa dirasakeun tina kayakinan diri.

Ras kana dosa-dosana ti heula. Kacipta kénéh dina kongkolak panonna, harita, bulan Syawal taun katilu Hijriyah, taun katilu hijrahna kaom Muhammad ka Yatsrib (Madinah), meneran bulan Maret 625 Maséhi, Hindun jeung pasukan Quraisy nu dipingpin ku salakina males pati dina Perang Uhud. Harita manéhna nitahan Wahsyi pikeun maténi Hamzah bin Abdul Muthalib, paman Muhammad, lantaran ngukut kadengdem. Haténa teu weléh ngunek-ngunek pédah dina perang saméméhna, Perang Badar Kubra, kulawargana tumpur ku sabetan pedang Hamzah. Bapana ‘Utbah bin Rabi’ah, pamanna Syaibah bin Rabi’ah, jeung lanceukna Walid bin ‘Utbah (Al-Walid), ngemasing pati alatan Hamzah.

Si Wahsyi, abid anu dibibitaan kamerdékaan ku Hindun, geus lumaku curang di pangperangan. Susulumputan tukangeun batu-batu galedé, bari ngincer-ngincér nyawa Hamzah anu harita keur nyanghareupan musuh. Sabot Hamzah bongoh, belewer baé tumbakna melesat muru ka awak Hamzah, meneran kana dadana, parat tepi ka tonggong.

Hindun anu geus ngukut kadengdem sataun lilana, kalawan biadab ngabelék dada Hamzah anu geus ngajepat jadi layon. Geus kitu, jantungna diala bari tuluyna dicapék, tuluy dilepéhkeun deui. Teu cukup ku kitu, pangambung Hamzah, cepilna sadua-dua, teu tinggaleun deuih lambeyna, dikeureut, dipaké perhiasan geulang ku manéhna.

Inget ka dinya, Hindun gogodeg, semu nu hayang nyinglarkeun sakabéh ingétanana. Teu wasa ngabayangkeun dirina anu pinuh kaceuceub, kejem, telenges, taya rasrasan. Dirina mungguh lamokot ku dosa. Ras deui kana omongan batur, anu méré jujuluk ka manéhna; Akilatul Akbad, si tukang ngahakan jantung!

Leng deui ngahuleng saendeng-endeng.

“Keur naon anjeun téh, ya Umi, bet huleng jentul kitu?  Jeung éta deuih, semu aya nu dipikiran?” cék salakina.

Teu waka némbalan. Ngarénghap jero naker. Tuluy mencrong ka salakina. “Ayeuna mah geus panceg haté, ya Abi, kuring rék nuturkeun anjeun. Panggihkeun kuring jeung Rosululloh.”

Abu Sufyan colohok. Tapi haténa mah bungangang.

“Jadi... maksudna... anjeun rék ba’iat ka Rosululloh. Rék ngedalkeun kalimah sahadat?” Hindun unggeuk pinuh kayakinan. “Ke, ke heula… Kapan anjeun téh sakitu miceuceubna, sakitu ngunek-ngunekna, naha ayeuna bet hayang manut ka Muhammad?!”

Hindun ngahuleng heula sakedapan, tuluy ngarénghap.

“Tah, kareungeu teu, Abi? Kareungeu aweuhan sora ti Masjidil Haram...? Aya nu tadarusan, nuluy kana salawat ka Muhammad jeung ngagungkeun asma Alloh. Mungguh, galindengna karasa nyebitan sukma nu pangjerona. Kuring nu salawasna ngipuk kadengdem, geus waktuna haté tingtrim walagri dina panuyun Rosululloh jeung panyalindungan Alloh Ta’ala.” Hindun sorana ngageuri, teuteupanna kawas nu jauh panineungan.

Abu Sufyan teu wasa némbongkeun kabungahna. Gancang pamajikanna téh dirangkul pinuh ku kabungah jeung rasa syukur.

Peuting éta, Masjidil Haram karasana ku Hindun béda ti sasari. Enya, béda ti sasari saprak tadi beurang Muhammad jeung pasukanana ngancur-ngancurkeun sakabéh berhala anu aya di jero jeung luareun Kabah.

“Kiwari Masjidil Haram karasa pisan aya erohna. Sadaya nu aya di masjid sumembah tur munajat mung ukur ka Salira. Ruku, sujud, sareng thawaf-na mung ditujulkeun ka Nu Hiji, nyaéta Salira,” gerentes Hindun binti ‘Utbah, teu wasa nahan bijilna cimata.***

 

Catetan:

Fathu Makkah, pembebasan Kota Mekah ti jalma-jalma kafir Quraisy ku jalan perdamian. 

Qiyam/Qiyamuliail Ramadan, salat sunat sabada salat Isa dina bulan Ramadan, saméméh ayana tarawéh, dikawitan ku Rosululloh kaping 23 Ramadan taun kadua Hijriyah di Masjid Nabawi, Madinah.

 

(Dimuat dina rubrik “Lawung”, Pikiran Rakyat, Saptu, 6 April 2023/26 Ramadhan 1445 H) 

 

Editor: Rosyid E.Abby

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

Minantu

Sempalan Ahir Désémber

Gonjak Asmara

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

Terpopuler