Sajak Cecep Ks.
Vie (1)
Tong midangdam basa bulan teu némbongan
Lintang ti sadrah, sabab hirup teu bisa humayua
Caritaan jalma nu nikukur
Ukur panonpoé nu leumpang ancal-ancalan dina pangimpian
Vie, nangenan hirup nu geus karahaan
Naon deui nu rék disungsi. Sabab sapanjang jalan di puseur dayeuh Bandung
Ka ditu-ka dieu gé néang aya jeung euweuh
Nu karampa jeung kabaca
Ukur tapak hideung jeung bodas
Lémbang-Ujungberung, Séptémber 2023
Vie (2)
Tuh, bulan nu cumarita
Apan cenah aya jangji satia nu ngahudang sukma
Dina gelenyuna pangirut nu nyimbutan imut
Basa anjeun balaka cumarita haté bet ngarasa seunggah
Inggis imut téh rumpaka kahéman
Nu ngangkleung di laut pupulasan
Nu nyébakeun saukur impian
Katineung nu ngalukis dina halimun
Nu caritana kari bangkarakna kulawu nu ngalumbruk dina gundukan ingetan
Buligir dina riuk kapalsuan nu ringkangna mingkin nangtawing!
Jalan Braga, kasubuhnakeun, Séptémber 2023
Vie (3)
Hampura, geulis, geuning léngkah salira
geus kajiret ku rangasu
mongkléng
Botol-botol nu patulayah geus nungtutan remuk ‘na jajantung
Kawas pananggalan nu nganti pasini
Kuring ukur bisa sumegruk dina kateudayaan
Sora dareuda mairan wirid nu perlaya
Hirup anjeun geus katalimbeng dunya nu nguniangkeun kakeueung
Leungeun anjeun nu geus ledok diseuseup kayambang
Ya Rabb, salametkeun léngkah dirina nu kasarung ku pangbibita waktu
Mugurkeuun kembang
Ciporéat, Séptémber 2023
Raudhah, Payuneun Makam Baginda Rasul
Ukur murubut cimata nu teu kaampeuh
Naha payus awak nu lecek ku gegedoh hirup
Miharep syafaat ti anjeunna
Gambar diri nu katambias tingpucunghul narémbongan
Di Raudhah, wirid karempan ngalénghoy digalindengkeun
Ya Rasul, ya Rasul… taya harigu nu bisa dipaké nyuuh
Awak leuseuh ngageuri nyanggi karumasaan
Tanah Suci, Oktober 2004
Tokyo Daijingu - Yokohama
Keur Alm Dr. H. Dhani Ramdani kalih Tétéh
Basa rénghap peuting beuki mopo
mamanggul waruga nu lana micangcam impian
Katangen kembang api can reureuh tingbarasat ngagurat langit
Lagu tungtung taun can katorah tujulna biheung ka mana
Aa kalih Tétéh,
Geuning enya hirup téh papada mawa rusiah
nu kebat néangan sorangeun
: laju hirup bangkawarah atawa mupusti kayakinan
nu paragat ku wirahma lagu nu silung?
Kuil Yasukuni, 31 Désémber 2018
Cecep KS, ANS jeung wartawan sénior, mancén liputan geus ka 7 nagara jeung sajumlah wilayah NKRI. Sapopoéna ngokolakeun ogé CV Kurnia Bakti jeung Pangurus Organisasi Sayuran di Suntenjaya, Lémbang, Kabupatén Bandung Barat.