Kabayan Ngalanglang Jaman (15) : Ramalan Orakel Apolo di Delfi

16 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

NASIB anu karandapan ku Oidipus mémang geus diguratkeun ku déwa-déwa di Olimpus.

Malah ti saméméh manéhna gubrag ka alam dunya gé, takdirna geus ditangtukeun bakal meredong kacida.

Sanggeus bapana kawin ka Iokasta, pikeun sababaraha taun mah kahirupan rumah tangga maranéhna teu baé ngarasa reugreug.

Tuda enya, Raja Laius can baé dibéré anak anu engkéna bisa diancokeun ngawaris tahta.

Omongan Raja Pelops baheula, anu nyupata Laius sangkan henteu boga anak, harita mah éstu teu kapikiran. Dianggap omongan jalma anu keur amarah baé. Da biasana omongan jalma nu keur kapegung mah sok ka mana karep, sok teu misadar kana naon anu dikedalkeunana.

 

**

 

PIKEUN mastikeun nasibna jaga, naha bakal boga anak atawa moal, geuwat baé Laius indit ka Orakel Apolo di Delfi, bari angkaribung sagala dibawa, haturkeuneun ka para déwa.

Lian ti rék tatanya téh, bari sakalian ménta-ménta ka para déwa sangkan kahirupan rumah tanggana bisa reugeujeug tepi ka jaga, boga anak anu baris ngawaris tahta, teu aya gangguan naon-naon dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, salawasna aya dina aman kertaraharja. Enya, éta anu dipiharep ku Laius.

Harepan anu teu kaleuleuwihi.

Harepan manéhna minangka raja anu kumawasa di Thebes.   

Tapi, naon anu dipikahayang téh béhna mah matak kuciwa.

Leuwih-leuwih ti kuciwa kétah, matak wegah nyorang kahirupan!

Beu! Ana kieu mah, ana pibakaleun mawa tunggara salila-lila mah, keur naon dirina digubragkeun ka alam dunya?! Sedengkeun alam dunya téh pikeun dirina mah mongkléng kabina-bina!

Beu! Ana kieu mah, ana pibakaleun nandangan dosa saendeng-endeng mah, keur naon dirina kudu nyorang kahirupan?! Sedengkeun kahirupan téh pikeun dirina mah pinuh ku mata tumbak anu iraha baé bisa ngarecah-recah awakna!    

Ah...!

Naha ieu téh wawales ti Nu Mahasuci pédah manéhna geus culika ka papada manusa?

Naha ieu téh ngan saukur cocoba anu engkéna bisa nyorang jalan mulus ngabulungbung?

Lamun nilik kana ramalan Pandita Apolo mah, aya bahan éta téh wawales ti Nu Mahasuci. Zeus di Olimpus teu ridoeun lamun mahluk-Na dihina dicacampah ku manéhna tepi ka nelasan patina.

"He, Laius!" ceuk éta pandita nyorakeun kekecapan déwa, "Heug, anjeun bakal meunang anak sangkan anjeun bisa ngarasakeun kabagja nu jadi bapa. Tapi sing inget, engké mangsana si anak nincak sawawa, anjeun bakal maot dipaténi ku anak sorangan. Sakabéh turunan anjeun bakal guyang getih sorangan dina nyorang kahirupan. Ieu geus takdir ti Zeus putra Kronos, sangkan maotna Krisipus meunang wawales anu satimpal!"

Beu, sakitu beuratna geuning takdir anu kudu disorang ku bapana téh! Takdir anu engkéna kudu nuluy nurun ka manéhna, marat manjang tepi ka turunanana jaga.  

Inget deuih Oidipus kana caritaan bapana. Sanggeus ngadéngé omongan kitu ti Pandita Apolo, bapana téh mulang ka istanana di Thebes dina kaayaan anu matak nalangsa.

Nalangsa haté kabina-bina!

Langit gé anu sasarina béngras taya aling-aling, harita mah mungguh alum ngungun marengan léngkahna anu asa napak asa henteu.

"Sare téh peuting ieu mah ulah waka sagebrug. Urang pisah kamar wé," pokna ka Iokaste, semu nu humandeuar.

"Naha?" Iokaste kerung.

"Supaya urang teu boga anak."

Iokaste tambah kerung baé. Teu ngarti, ku naon datang-datang téh teu gugur teu angin salakina bet nyarita kitu. 

Surti kana eusi haté pamajikanana, Laius geuwat ngomong deui.

"Mémang, geus lila naker kami téh mikahayang anak. Anak anu engkéna bisa ngawaris kami jadi raja. Anak anu engkéna bisa nuluykeun kami ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara di ieu Nagri Thebes. Tapi...," omongan Laius teu kebat.

"Tapi naon?"

Laius ngarénghap sakedapan.

Leng ngahuleng sajongjongan.

Iokaste tambah panasaraneun baé. Sorot panonna neuteup seukeut ka salakina, bangun hayang ngobét eusi haté salakina.

"Tapi naon?!"    

"Hhhh...!" Laius ngarénghap jero naker.

Laju... leng deui anteng dina lamunanana.

"Tuh, nya, ditanya téh kalah bungkem!"

Sanggeus ngahuleng sajongjongan, Laius ngarénghap deui. Sorot panonna neuteup ceuleuyeu ka pamajikanana.

"Aya béja nu matak teu pikangeunaheun," témbal Laius pondok.  

"Béja téh béja naon?! Tong kapalang ari ngabéjaan!" Pamajikanana jejebris, bangun geregeteun.

"Orakel di Delfi tadi méré tangara, cenah urang téh bakal boga anak..."

"Tah, geuning lain béja anu matak teu pikangeunaheun. Naha atuh bet tuluyna kalah jadi pikir? Naha atuh bet nguyung kitu ari rék boga anak mah? Kapan salila ieu téh urang teu petot-petot méménta ka Hyang Widi, ka para déwa nu ngawasa Olimpus, sangkan urang dipaparinan anak."

"Ké heula! Nu matak déngékeun atuh ari salaki keur ngomong téh!" Laius teu bisa nahan kakeselna.

Nempo salakina kitu peta, jep baé Iokasta jempé.

Pikeun sajongjongan mah, salaki-pamajikan téh teu kecét-kecét. Teu nyoara najan sakemék ogé.

"Urang bisa boga anak, tapi anak urang bakal maéhan bapana, nyatana kami," ahirna Laius nyoara deui meupeus kasimpe.

Iokasta ngagebeg, ngarénghap saronghéapan.

Gogodeg sababaraha kali.

Tuluy melong seukeut ka salakina.

"Ku asa araranéh, bet percaya ka nu kitu patut!" omong Iokasta, semu nu humandeuar.

"Rék teu percaya kumaha?! Tong gagabah nyarita téh, kapan salila ieu gé hirup urang téh ditangtukeun ku para déwa!" 

"Enya, kitu téa mah. Kami mah lain teu percaya kana takdir nu diguratkeun ku para déwa. Tapi teu percaya kana ramalan orakel. Teu percaya kana ramalan nu ditepikeun ku pandita di Delfi!"   

"Sarua! Lamun anjeun teu percaya kana ramalan Orakel di Delfi, hartina teu percaya ogé kana takdir nu diguratkeun ku Hyang Widi.”

“Lain kitu! Maksud téh…,” omong pamajikanna teu kebat.

“Geus, teu kudu loba nyarita deui! Rék percaya rék henteu, anjeun kudu tumut kana kahayang kami. Pokona, urang kudu pisah ranjang!"

Gejlig baé Laius ninggalkeun éta tempat, ninggalkeun pamajikanana anu ngabigeu teu bisa deui ngomong.*** (Lajengkeuneun)

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler