Putri Anjungsari (81), Maung Lodaya Nyobat jeung Tukang Sadap, Telik Sandi Cirebon Lalumpatan

- 9 April 2023, 03:00 WIB
Maung
Maung /Poto: pikiran-rakyat.com/

 

OLOT Kaya, Bena, Rait jeung Ranah hareugeueum. Kitu deui Putri Anjungsari. Reuwaseun kacida. Tepi ka sakedapan carolohok. Teu nyangka maung bakal ujug-ujug ngagajleng ngarontok ka lalaki  nu mawa lodong. Maungna teu katembong galak, teu katembong rek narajang. Tambah deui siga nu teu kuateun nandingan pangabaran Olot Kaya, Bena jeung Rait.

Putri Anjungsari gancang luncat ka lebah lalaki labuh sarta keur digulung ku maung teh. Tapi basa geus aya di gigireunana, Putri Anjungsari ngembang kadu. Lalaunan ngalengkah ka tukang, bari panonna angger mencrong ka maung jeung ka lalaki nu tacan bisaeun hudang lantaran katindihan ku maung.

Olot Kaya, Bena jeung Rait katut Ranah ngagentak laluncatan ka tukangeun Putri Anjungsari. Teu beda jeung Putri Anjungsari, Olot Kaya, Bena, Rait jeung Ranah oge karageteun. Asa teu percaya kana tetempoeunana. Leuwih kageteun batan basa nempo maung ujug-ujug luncat sarta ngarontok ka lalaki nu mawa lodong.

Teu rek kitu kumaha tuda, maung teh ngagalentoran eta lalaki. Huluna lelendotan kana pipina. Sakapeung ku maung diletakeun, atuh eta lalaki getekeun, kangaranan letah maung, teu beda jeung letah ucing, kasap. Komo letah maung mah leuwih kasap. Eta lalaki lalaunan nguniang hudang bari rada nyieuhkeun maung.

Gek diuk dina catang. Maung angger ngagalendotan, ayeuna mah kana awak eta lalaki. Leungeun lalaki ngusapan hulu maung. Sanggeus sajongjongan siga anu namplokeun kasono, maung teh depa gigireun eta lalaki, letahna elel-elelan ari buntutna kupat-kepot. Ku eta lalaki tonggong maung diusapan.

“Iinguan dia?” ceuk Olot Kaya sanggeus nempo maung teu motah deui, panasaraneun.

“Lain,” tembal lalaki.

“Geuning mani apet kitu?” Olot Kaya nanya deui.

“Keur leutikna diingu ku kami. Sanggeus gede dileupaskeun ka leuweung. Geus lila teu panggih.”

“Meunang nimu ti mana?”

“Ti leuweung ieu gunung. Waktu kami rebun-rebun neang legen, manggih anak maung, leutik keneh, nyusu keneh. Tatu sukuna, suku tukang beulah kenca, teu bisaeun leumpang.”

“Terus dibawa?”

“Henteu, bisi indungna neangan. Sanggeus ngahaneutan legen di saung, ku kami ditungguan tepi ka beurang. Indungna euweuh wae, nya dibawa ka imah.”

“Bisa geuning dia ngurus maung?”

Eta lalaki seuri.

“Sabisa-bisa wae. Disusuan ku susu mencek, kabeneran tas anakan mencekna. Parabna mah lauk, daging hayam.”

“Heesna di mana?” ceuk Olot Kaya bari lalaunan ngadeukeutan maung.

“Di imah, di tengah imah, kalan-kalan di dapur, di pipir hawu.”

“Tatangga kumaha dia mawa anak maung?”

“Imah kaula rada nenggang. Tatangga nyaoheunana sanggeus rada lila ngingu maung, pedah sok ngencar.”

“Teu gujrud?” Olot Kaya nagog gigireun maung, leungeunna milu ngusapan tonggong maung. Maung mimitina mah rek ngegel leungeun Olot Kaya tapi dihulag ku lalaki nu nyobat jeung maung. Maung angger nyanggereng jeung ngaherengan ka Olot Kaya.

“Mimitina wungkul. Ka dituna mah henteu, malah sok milu maraban.”

“Umur sabaraha taun dileupaskeunana?”

“Dua taunan. Keur leutik ku kami sok dibabawa ka sisi leuweung mun nyadap atawa ngahuma, geus rada gede sina diajar moro.”

“Dingaranan?”

“Dingaranan Si Belang wae.”

“Naha dileupaskeun?”

“Maung mah hirupna di leuweung,” tembal eta lalaki.

“Bener,” ceuk Olot Kaya bari seuri. “Tadi waktu dirontok reuwas meureun, nya?”

“Puguh wae. Lain sakali dua kali mindeng nempo atawa pasarandog jeung maung di dieu. Tapi teu garalak, da teu kakurangan nyatu. Di dieu loba keneh sato boroeun. Maung teu lapar mah tara galak. Nu matak basa si Belang ngarontok reuwas.”

“Kacipta reuwasna,” ceuk Olot Kaya. “Kami oge ti tadi geus nempo Si Belang. Tembong henteu galak. Ceuk pangrasa geus seubeuheun nyatu.”

Putri Anjungsari sanggeus ngadedengekeun guneman Olot Kaya jeung eta lalaki, ngadeukeutan Si Belang, terus nagog gigireun Olot Kaya. Olot Kaya ngageser rada ngajauhan, teu wanieun padeukeut jeung Putri Anjungsari. Leungeun Putri Anjungsari lalaunan ngusapan hulu jeung beuheung Si Belang.

Katempo Si Belang mani peler-peler wae diusapan ku Putri Anjungsari teh. Matana peureum beunta. Kalan-kalan mencrong ka Putri Anjungsari bari matana peupeureudeuyan. Lalaki nu tadi digalentoran ku Si Belang hookeun nempo Si Belang teu kukumaha ka Putri Anjungsari padahal mah karek tepung.

“Jalu?” ceuk Putri Anjungsari nanya..

“Jalu,” tembal eta lalaki.

“Hade dia nyobat jeung maung,” ceuk Putri Anjungsari.

“Sanggeus dileupaskeun meunang sataun mah teu panggih-panggih. Tepung munggaran lima bulan ka tukang, tepung deui karek ayeuna,” tembal eta lalaki.

Keur kitu kadenge ujug-ujug aya nu ngaberetek lumpat ngajauhan, lumpatna ka beulah kulon.

"Boa telik sandi Carbon?" ceuk Bena. "Udag, Lot," pokna ka Olot Kaya.

"Tong teuing. Ke meureun aya bejana ti urang Kawali," tembal Olot Kaya.

“Nu bareng jeung Suba?” Bena nanya deui.

“Enya,” tembal Olot Kaya bari neuteup maung nu keur diusapan ku Putri Anjungsari.*** Nyambung

*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah