Putri Anjungsari (53), Ditalek ku Urang Kulon, Nanyakeun Galagat Prajurit Cirebon

- 12 Maret 2023, 05:30 WIB
Karaton Pakungwati di Cirebon, diadegkeun ku Walangsungsang, nyanghareup ka kidul, tanda Walngsungsang ngahormat ka Galuh.
Karaton Pakungwati di Cirebon, diadegkeun ku Walangsungsang, nyanghareup ka kidul, tanda Walngsungsang ngahormat ka Galuh. /Nanang /Galura

 

LIWAT janari leutik Aki Jaya lugay tina menekungna di hareupeun patilasan. Jung nangtung. Asmita, Atus, jeung Gingin oge kitu. Geus kitu kaluar ti lelewek patilasan nu ngan ukur dipager ku waregu. Anu dijugjugna teh pancuran cinyusu katuhueun patilasan, rada anggang, pernahna lebakeun patilasan.

Jalan nu ka dinya mudun, ngan henteu nurugtug, geus ditangga-tangga, unggal tangga make awi, dipalangkeun, ngahalangan taneuh sangkan ulah urug. Kulahna aya dua pagigir-gigir, nu hiji caina langsung ti cinyusu, anu hiji deui, ukuranana leuwih badag, rada handap ti kulah leutik. Cai dina kulah badag asalna tina kulah leutik, dikocorkeun make pancuran tina gombong.

Tina kulah leutik aya sababaraha pancuran, pancuranana tina awi. Paranti mandi. Kabeneran waktu Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin tacan aya saurang oge nu ngadon mandi. Di saung nu pernahna gigireun kulah badag, sarerea ucul-ucul, brus ancrub kana kulah badag.

Teu jero kulah badag teh,di tengah-tengahna ukur serek dada, sisina mah deet, sacangkeng. Handapna diamparan ku batu, nu matak henteu kiruh, jeung henteu leueur lantaran mindeng katincak. Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin ngeueumna rada pajauh. Panonna peureum. Sababaraha kali ngeueumkeun sirahna tepi ka laput.

Sanggeus sawatara jongjonan kitu, Aki Jaya muru pancuran bari memehna mawa baju. Brus mandi. Asmita, Atus jeung Gingin saurang-saurang marandi. Marandina teh mani ngusey, najan henteu bari dikasay ku daun jambu oge, siga anu hayang miceun, ngumbah, atawa meresihan rereged dina awakna jeung dina hatena.

Taya nu nyarita saurang oge, ngaberetem, taya nu seuri-seuri acan. Daria pisan. Malah Aki Jaya mah bari kunyam-kunyem. Ari nu sejen mah baralem, henteu mapatkeun nanaon. Najan hawa kacida tirisna, tapi sanggeus mandi teh karasana haneut, komo sanggeus dibaju jeung make totopong mah.

Bareng jeung kongkorok hayam, kadengena hawar-hawar, lantaran rada jauh ti pilembuar, patutur-tutur Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin baralik deui ka patilasan. Angger taya nu nyarita sakemek oge. Tepi ka patilasan, henteu arasup deui, tapi ngajugjug ka luareun patilasan, dariuk dina bangku nu dijieun tina awi.

Taya sasaha. Anu tadi jalang-jeleng teu katempo deui. Kaayaan simpe. Ngan di jero patilasan masih keneh aya sababaraha urang nu mujasmedi. Tina kituna, Aki Jaya, Asmita, Atus, jeung Gingin teu wanieun ngaromong, bisi ngaganggu nu keur menekung di patilasan. Ongkoh deui ngarasa taya nu perlu diomongkeun.

Aki Jaya mah diukna teh bari ngucel tasbehna. Ari Asmita, Atus jeung Gingin, rurut-reret nengetan ka sabudeureunana nu ngan ukur dicaangan ku bulan sapasi jeung bentang anu ting karicep. Langit bengras, taya pihujaneun, mega bodas katempo siga nu arak-arakan, lajuna halon, sigana bangun genah mun gogoleran di dinya.

Keur kitu ti lebah patilasan ngurunyung saurang lalaki saluhureun Atus. Make totopong hideung. Mawa kaneron jeung koja. Make sendal talincang nu ditalikan tepi ka mumuncanganana. Leumpangna lalaunan, bangun nu embungeun lengkahna kadengeeun ku nu sejen. Sigana embungeun ngabiribinan nu keur menekung.

Basa ngaliwat ka lebah Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin dariuk, eta lalaki ngarandeg. Saurang-saurang dipencrong seukeut pisan. Aki Jaya, Asmita, Atus, jeung Gingin maranggut. Ari paroman eta lalaki mah teu riuk-riuk, teu nembongkeun paroman nu bear marahmay. Eta lalaki nyampeurkeun Atus nu diukna misah, diukna sorangan.

Eta lalaki nangtung gigireun Atus. Panonna ngareret ka Atus.

“Kami hayang nyarita ka dia, tapi ulah di dieu,” pokna semu ngaharewos. “Kami hariwang ngaganggu nu keur di patilasan.”

Atus ngalieuk. Duanana paadu teuteup.

“Aya perlu?” ceuk Atus, sarua ngaharewos.

“Teu salah,” tembal eta lalaki. “Tuturkeun kami.”

Eta lalaki nangtung, laju muru jajalaneun nu rek ka sisi walungan. Atus sanggeus mere tanda ka Asmita jeung ka Gingin rek nuturkeun eta lalaki, gura-giru nyusul.  Tadina mah Gingin rek marengan, ngan dihulag ku Aki Jaya. Gingin nurut.

Handapeun tangkal caringin nu leutik keneh, Atus jeung lalaki tadi narangtung pahareup-hareup, diserangkeun ku Aki Jaya, ku Asmita jeung ku Gingin, tiluanana taki-taki bisi Atus meunang marabahaya.

“Dia tadi tepung jeung perjurit Carbon?” ceuk eta lalaki, ngomongna lalaunan.

“Pasarandog basa rek ka dieu,” tembal Atus.

“Kungsi cacarita?”

“Sakeudeung. Luluguna nanya asal ti mana.”

“Laju?”

“Tadina mah sorana teugeug jeung kereng. Tapi sanggeus nyahoeun asal kula, jadi leuleuy.

“Dia ti mana, kitu?”

“Kawali.”

“Kawali? Ka dieu aya nu diseja?”

“Hayang ka patilasan.”

“Perjurit Carbon saterusna kumaha?”

“Nyebut Galuh, terus amitan. Nyebutna mah rek ka kulon. Ngan teu nyebutkeun rek ka mana-manana.”

“Paingan,” ceuk eta lalaki deui semu ngagerendeng.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah