Carita Nyambung Putri Anjungsari (95), Prajurit Pajajaran nu Ngawal bari Demit Nganjang ka Raksa Bumi

23 April 2023, 06:00 WIB
Pasir Raksa Bumi di Desa Sindangsari, Kecamatan Cipaku, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. /Nanang S/Galura

 

ETA Suba, kabeneran deuih langsung kapanggih ku Putri, henteu ku kami,” ceuk Bena bari ngareret ka Suba. “Kumaha mimitina bisa tumpak si belang, laju dibawa ka tempat kami keur reureuh?” pokna deui.

“Kungsi ku Aki Jaya dibejaan jampe ngemat si belang. Ku uing dicoba, teu nyangka uing oge bet bisa nyambat si belang. Tapi uing oge teu ngarti naha dibawa ka tempat reureuh Aka,” tembal Suba.

“Ari sugan teh moal bisa nerap, da puguh pameulina,” ceuk Aki Jaya. “Kami oge teu ngira.”

“Basa ku kami dititah disambat deui, teu metu,” ceuk Bena.

“Sakalieun meureun,” tembal Aki Jaya bari seuri. “Geus kitu wae kuduna. Kudu panggih jeung daria jeung  marengan daria.”

“Sagala rupana geus diguratkeun ku Nu Murbeng Alam,” ceuk Olot Kaya bari neuteup ka Suba nu balik deui ka dapur rek ngasurkeun seuneu.”Ceuk pangrasa jaga Suba bakal pindah ageman, bakal ngawula ku urang kaler,”

“Pindah ageman? Piraku,” Asmita mairan.

“Ceuk toongan kami eta mah. Kami teu bisa neguh naeun agemanana engke,” tembal Olot Kaya.

“Nya, teu nanaeun pindah ageman oge, nu dipiharep teh ulah tepi ka kawas urang Carbon,” ceuk Aki Jaya.

“Carbon ngamusuhan Pajajaran lain pedah beda ageman, urang Carbon hayang ngalegaan kakawasaan. Ti baheula oge raja-raja di urang mah ngahempekeun ka rahayatna rek ngagem naeun wae, asal ulah nyieun pancengkadan,” tembal Olot Kaya.

Sarerea unggut-unggutan.

“Raja-raja di urang teu ngabewarakeun naeun agemanana, sarta teu mangaruhan rahayat sina sarua agemanana jeung raja,” ceuk Olot Kaya deui.

“Apan ceuk sakaol mah kapiadi Prabu Siliwangi oge ngagem ageman nu beda waktu mulang ti alas peuntas,” Atus mairan.

“Bener. Malah apan teu dihulag nyebarkeun agemanana di wewengkon Karajaan Sunda,” tempas Olot Kaya. “Malah Prabu Siliwangi ngawaragadan waktu Syeh Quro ngadegkeun padepokan.”

“Prameswari Sri Baduga, cantrik Syeh Quro, bejana,” ceuk Atus.

“Enya, bener kitu.”

Taya nu nyarita deui. Kabeh ngumbar pikiranana sewang-sewangan, ngan kabeh oge museur kana kajadian lawas mangsa raja kakoncara masih keneh aya dikieuna.

“Bisi rek ngahaneutan beuteung, kawasna cai geus asak. Nam ka saung. Gula beureum gulam beureum mah aya, geura,” ceuk Aki Jaya sanggeus sawatara jongjongan taya nu nyarita. Jung nangtung, sarta leumpang muru ka saung.

Olot Kaya, Bena jeung Rait nuturkeun. Kitu deui Asmita, Atus jeung Gingin. Ari Suba mah ka pipir saung, rek neang lombang paranti meuyeum cau, sugan wae Aki Kanta keur meuyeum cau. Biasana mah lombangna teh tara tepi ka kosong ku cai nu keur dipeuyeum. Sakurilingeun saung loba tangkal cau nu ngahaja dipelak.

Suba nyuay-nyuaykeun lombang nu ditutupan ku dangdaunan. Tembong sababaraha sikat cau geus karoneng. Dikaluarkeun tilu sikat nu geus asak pisan, laju dibawa ka jero saung.

“Kabeneran cauna geus asak,” ceuk Suba bari nyodorkeun cau.

Rengse barang dahar, Olot Kaya jeung Aki Jaya aruplek ngobrol di jero saung bari gogoleran. Ari Bena jeung Rait leuleumpangan, dibaturan ku Gingin jeung Atus. Asmita jeung Suba mah turun ka lebak, rek ka Sipatahunan, bebejana mah rek nyoba-nyoba ngala lauk, keur nyuguhan semah urang Pakuan Pajajaran.

Tengah poe Asmita jeung Suba ngurunyung bari mawa  lauk nu kawilang baradag. Geus dikumbah. Sanggeus diuyahan, diingkeun dina amparan daun cau, ngarah uyahnya nyerep cenah. Laukna rek dipais, sawareh rek dibeuleum. Laukna ditunda pipireum hawu, diteundeun dina ayakan, jeung daun cauna.

Basa keur sasadian rek mais lauk, ujug-ujug narangtung lima urang lalaki hareupeun saung, bari teu kanyahoan datangnya.

“Sampurasun,” ceuk nu saurang.

“Rampes,” ceuk Aki Jaya bari angger diuk. “Bagea Ki Silah. Yap unggah.”

Bena, Rait, Asmita, Atus, jeung Gingin gancang nyalampeurkeun. Bisi aya nanaeun, bisi urang Cirebon nu rek maluruh Putri Anjungsari. Kajaba Suba nu hare-hare mah, lantaran geus biasa ka pasir Raksa Bumi loba semah daratang nu rek mejasmedi sarta menta dianteur ka akina.

“Hampura kami tumorojog tanpa larapan,” tembal nu saurang bari angger nangtung.

“Yap, unggah,” ceuk Aki Jaya.

Nu limaan arunggah. Asmita jeung Atus ka dapur ngabaturan Suba nu keur mungkus lauk ku daun cau, rek dipais, ari Bena jeung Rait dariuk dina golodog.

“Ti mana daria teh?” ceuk Aki Jaya.

Olot Kaya maling-maling neuteup ka nu limaan. Dikira-kira umurna pakokolot supa jeung Asmita. Limaanana ceuk paniten Olot Kaya lain jalma biasa.

“Kami ti Pajajaran.”

Olot Kaya, Bena jeung Rait carungringhak.

“Bagea. Jauh-jauh ti Pajajaran kadarieu….,” ceuk Aki Jaya.

“Kami seja amit rek mulang deui.”

“Karek hol rek mulang deui?”

“Kami rusuh, kami kudu gancang ka Pulasari.”

“Ke, rek ka saha ka Pulasari?” ceuk Olot Kaya, tarangna kerung.

“Bebeja Putri geus tepi ka Kawali kalayan salamet.”

“Bebejana ka saha?”

“Ka Kangjeng Perebu.”

“Daria saha kitu?” ceuk Olot Kaya deui.

“Kami jurungan Kangjeng Perebu ngawal putri.”

“Geuning kami teu nyaho?”

“Kami  ti Pajajaran miang ti heula. Di jalan, batur kula nu tiluan pangheulana, ari kami jeung nu saurang nuturkeun Putri ti kaanggangan.”

Olot Kaya unggut-unggutan. Bena jeung Rait ngaralieuk ka jero saung.

“Anu ngarungkadkeun rungkun awi daria?” ceuk Olot Kaya ujug-ujug nanya kitu. Ingeteun waktu keur negarkeun kudana kahalangan ku rungkun awi nu rungkad.

“Keur ngateugkeun perjurit Carbon,” tembal lalaki nu sigana mah pamanggulna.

“Terus nu ngarampas endong kami oge daria?”

“Hampura…”

“Naha atuh teu langsung nyarita wae?”

“Sangkan daria tetep ariatna. Hampura lain goreng sangka, mun daria apal kami milu ngawal dipikahariwang jadi kurang waspada. Kami teu salawasna bisa langsung nalingakeun.”

“Kaharti,” ceuk Olot Kaya bari seuri. “Daria nu oge nu mere tanda sangkan kami tepung jeung Hasan?”

“Hasan ku kami geus dibejaan. Nu matak inyana ka balong sareupna. Hasan kawas urang Galuh biasana tara ka cai sareupna. Ngan kapaksa kami nelasan karaman nu rek ngarampog Hasan, ngarah urang kaler gancang mariang. Urang kaler arambekeun pisan lantaran baturna ditelasan ku eta karaman."

Olot Kaya unggut-unggutan. “Nu ngalantarankeun eta karaman ujug-ujug lalumpatan oge daria arapal atuh?”

“Ranah bogaeun kai kaboa nu asalna ti Sancang.”

“Paingan atuh,” ceuk Olot Kaya. “Basa kami nulungan Hasan daria ngabantuan ngalinglungkeun urang Carbon?”

Nu limaan ukur seuri.

“Anu nyadiakeun kuda hade oge daria? Basa kami sareupna tepi ka lembur nu rada gegek?

“Samemeh daria anjog kami ngajual kuda ku tukang balantik kuda. Hargana dimurahkeun….”

“Paingan tukang balantik kuda atoheun waktu kami nukeurkeun kuda bari ditambahan teh," ceuk Olot Kaya. “Ke, jeung nu dianjangan ku kami, daria wawuh?"

"Leuwih ti wawuh. Salasaurang kulawadet karaton nu geus lila ditugaskeun sina dumuk di dinya. Memeh Putri mangkat ti Pakuan Pajajaran, kami ngahaja mapay-mapay jajalaneun."

"Kaharti pangna kami kawilang lancar lumampah. ceuk Olot Kaya. 'Ke, waktu Putri ti kelebuh daria ka marana?”

“Tukang parahu nu marengan Putri, cawene nu nyadiakeun salin, nu mawa Bena jeung Rait ka imah nu nyingkur, kabeh oge batur kami….”

“Kami geus ngira lalampahan kami samemehna geus disiapkeun kalayan asak.”

“Bener pisan….," ceuk pamanggul prajurit Pajajaran bari ngareret ka lebah hawu. "Kami moal lila di dieu. Kami pamit.”

“Reureuh heula sapeuting mah.”

“Lain nampik pangasih.”

“Muga rahayu, sing gancang tepi ka Pulasari,” ceuk Olot Kaya.

Nu limaan narangtung, terus nyampeurkeun Olot Kaya jeung Aki Jaya, ngajak sasalaman. Basa geus tarurun tina golodog, sasalaman heula jeungh Bena katut Rait. Memeh miang deui limaanana ka tempat mujasmedi. Ngan teu lila. Balik deui ka saung. Sabada amitan nu kadua kalina, limaanana ting balelesat ninggalkeun pasir Raksa Bumi.*** Nyambung  

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler