Sastra Sunda Carnyam Putri Anjungsari (89), Tarumpak Maung Lodaya, Muru Padumukan Anyar

17 April 2023, 03:00 WIB
Bendungan Gajah Dawuan di Desa Winduraja, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis, dijieun tina tumpukan batu. Ceuk sakaol dibangun jaman Karajaan Galuh. /Nanang S/Galura

DI buruan tukang Karaton Surawisesa. Aki Jaya diuk dina batu temprak. Gigireunana, rada anggang, saurang awewe tengah tuwuh, sarua diuk dina batu temprak. Duanana gegerenceman mapatkeun jampe pamake. Teu lila gorobas aya nu ngagajleng ti lebah rungkun haur gereng nu kekep, laju depa hareupeun Aki Jaya jeung awewe tengah tuwuh.

Aki Jaya ngalieuk ka lebah Olot Kaya nu jeung Putri Anjungsari, Bena, Rait karaton Ranah nyerangkeun ti taweuran karaton. Mere tanda sangkan Olot Kaya nyampeurkeun. Ari awewe tengah tuwuh, bari dodongkoan nyampeurkeun Putri Anjungsari, dituturkeun maung lodaya badag. Di hareupeun Putri Anjungsari, lodaya teh depa deui.

“Sumangga naek, Putri,” ceuk awewe tengah tuwuh.

Putri Anjungsari nyampeurkeun Olot Kaya, ngajak sasalaman, sarta ngarangkul ka Olot Kaya. Puguh wae Olot Kaya teh hareugeueum. Sirahna tungkul.

“Lot, kami neda pangampura, kami geus ngahesekeun,” pokna dumareuda.

“Kawajiban kami, Putri,” tembal Olot Kaya.

“Beurat kami papisah jeung dia,” Putri Anjungsari rambisak. Ongkos rus-ras ka ditu ka dieu. Inget ka Pakuan Pajajaran, ingeteun ka urang Pajajaran nu beurang peuting ngabela jeung kahormatanana, saperti nu dipilampah ku Prabu Linggabuana di Majapahit.

“Kami oge sarua, sarua beuratna jeung ninggalkeun Pakuan,” tembal Olot Kaya dumareda.

Ngadenge omongan Olot Kaya kitu, cipanon Putri Anjungsari teu kaampuh murubut. Olot Kaya mah, jeung nu sejenna teu engeuhan lantaran taya nu wanieun neuteup Putri Anjungsari.

Putri Anjungsari laju nyampeurkeun Bena jeung Rait, duanana oge dirangkul. Teu beda jeung Olot Kaya, Bena jeung Rait oge hareugeueumeun.

“Daria mugia waluya di tempat anyar, sing beunang kabagjaan,” ceuk Putri Anjungsari. “Estokeun wangsit ti Perebu, masing daria engke pindah ageman.”

“Diestokeun pisan, Putri,” ceuk Bena jeung Rait meh bareng.

Anu pangheulana diuk dina tonggong lodaya teh awewe tengah tuwuh, terus Putri Anjungsari, pangtukangna Ranah. Geus tarapti, lodaya sakilat ngabelesat lumpat, meh teu bisa dituturkeun ku panon.

Olot Kaya gancang nyampeurkeun Aki Jaya nu geus nangkod dina tonggong lodaya. Bari rada asa-asa, Olot Kaya naek kana tonggong lodaya, tukangeun Aki Jaya. Belesat lodaya nu awakna sarua jeung lodaya tadi ninggalkeun pakarangan Karaton Surawisesa.

*

Linggahyang isuk-isuk
Semah ti nu jauh nungtutan daratang. Olot Kaya, Bena, jeung Rait dibarengan ku Aki Jaya, Asmita, Atus, jeung Gingin oge ngahajakeun ka Linggahyang. Olot Kaya, Bena jeung Rait, memeh miang ka tempat dumuk anyarna hayang menekung heula di Linggahyang, sangkan sagala pasiapatan nu hade Prabu Linggabuana nurun.

Di Linggahyang nyampak Maharaja Sakti jeung pangiringna saurang. Ngan Maharaja Sakti make pakean somahan. Ku nu anyar pianggih mah moal bisa kateguh inyana teh raja Kawali. Ti barang datang Putri Anjungsari, Maharaja Sakti tacan kungsi ka Karaton Surawisesa, atuh tacan kungsi tepung jeung Putri Anjungsari.

Basa Aki Jaya, Olot Kaya jeung nu sejenna daratang, kasampak geus aya opat urang nu keur sila andekak di hareupan lingga hyang, tempat dikurebkeunanana lebu Prabu Linggabuana. Ku urang Majapahit, sanggeus di Bubat dikremasi, lebu Prabu Linggabuana dianteurkeun ka Kawali, ngajenan ka urang Galuh jeung ngahormat ka Prabu Linggabuana.

Aki Jaya, Olot Kaya, Asmita, Atus, Gingin, Bena jeung Rait sarila tukangeun nu opat urang. Antare naker, bisi ngaganggu ka nu keur menekung. Maharaja Sakti jeung kuncen Linggahyang nyerangkeun ti saung. Rada lila oge marenekungna teh. Panonna pareureum, leungeunna ditumpangkeun kana bitisna. Kawasna, reungit nyoco oge moal karasaeun.

Sarerea munajat ka Maha Tunggal sangkan Prabu Linggabuana meunang tempat nu sahade-hadena di alam kalanggengan. Lain ti eta ngamunajat sangkan sagala rupa nu hade nu aya di Prabu Linggabuana, babakuna pasipatanana bisa diturunkeun ka maranehna, kaasup teuneung ludeungna jeung kasaktenna jeung neneda sangkan dirina salila kumelendang di alam dunya meunang karahayuan.

Lugay tina menekung, Olot Kaya, Aki Jaya, Bena, Rait, kitu deui Asmita, Atus jeung Gingin, karageteun dumeh ka nu opatan teh kungsi tepung. Ari nu saurang tukang parahu di darmaga Citarum nu nganteur ka patilasan, nu saurang deui mah nu ngageroan Olot Kaya nitah ngadagoan, ngageroan make tanaga jero lantaran jauh keneh jeung tempat Olot Kaya ngeureunkeu kudana.

Anu dua urang deui mah tukang warung nu aya di sisi darmaga Cimanuk. Harita Rait milu meuleum lauk lalawak, ngan teu kaburu didahar, lantaran Olot Kaya ngajak buru-buru miang deui. Kituna teh alatan nempo tingkah laku dua urang lalaki nu picurigaeun: ujug-ujug indit ti warung rurusuhan, muru ka sisi leuwi nu rembet kakayon.

Nu jaga Linggahyang nyampeurkeun, sarta nitah sarerea unggah ka saung. Nu jaga Linggahyang ngabejaan nu keur diuk di saung teh Maharaja Sakti, raja Kawali. Nu jaga Linggahyang omat-omatan sangkan ulah ngarasa seunggah nyanghareup ka Maharaja Sakti teh, lantaran Maharaja Sakti mah narah diugung-ugung.

Sarerea dariuk ngariung, susuguh geus nyampak, leuwih ti cukup.

“Kula ka daria ngahaturkeun nuhun, geus tihothat, ngaping, ngajaga, nu lunta ti Pajajaran,” ceuk Maharaja Sakti.

“Tugas kami, Perebu, hate kami teu mikeun Pajajaran engke kari waasna,” ceuk tukang parahu.

“Nyakseni,” ceuk tukang warung.

“Duh, Perebu, kami teu nyaho, geuning kabeh oge balad,” ceuk Olot Kaya. “Ka Aki Jaya sabatur-batur oge karek engeuh basa tepung peuting tadi di karaton.”

“Ngahaja ku kami diomat-omatan kudu tetep nyamuni di nu caang,” ceuk Maharaja Sakti bari seuri. “Kaula bungah ambarsurta, arandika, daria bisa ngajalankeun pancen, nu ngungsi ti Pajajaran walagri tepi ka Kawali.”

“Naha geuning basa kami ka Karaton, Perebu suwung?” ceuk Olot Kaya.

“Kula saba desa ka tapel wates Talaga, ngalongok nu kemit di ditu. Karek datang tadi janari,” tembal Maharaja Sakti.

“Harengheng kitu di ditu?” Olot Kaya nyusul tepus, ari pikiranana mah ingeuteun ka mangsa Maharaja Sakti masih keneh di Pajajaran.

“Henteu. Taya tanda-tanda urang Carbon rek ngarurug Kawali. Kula ka ditu sakalian lolongok somahan,” ceuk Maharaja Sakti.

“Kumaha di ditu, Perebu?” Aki Jaya nembrong.

“Cantrik-cantrik paguron Aki nu milu kemit waluya, malah mah unggal sore ngawarah nonoman jeung barudak urang ditu sina tapis dina olah raga jeung olah rasa,” tembal Maharaja Sakti.

“Boa engke meunangkeun urang ditu,” ceuk Aki Jaya deui.

“Nya teu nanaeun, geus jodona mah moal bisa dihalang-halang.”

“Kami oge mulang ka Cikupa, tambah reugreug, Perebu, ieu kasepuhan ti Pajajaran deuk milu ka kami.”

Maharaja Sakti mencrong ka Olot Kaya.

“Teu salah Perebu, kami sasieureun hayang milu meuseuh cantrik Olot Kaya,” ceuk Olot Kaya.

“Sugan teh rek milu jeung kami,” ceuk Maharaja Sakti.

“Hampura Perebu, kami hayang nyingkur. Ngan di mana Perebu merelukeun tanaga kami, kami iraha wae sanggup.”

“Ditarima, Lot. Kami oge reug­reug, paguron di Cikupa dijejeran ku dia, cantrik-cantrikna bisa leuwih masagi, kawas jaman Sanjaya,” ceuk Maharaja Sakti. “Rek iraha ka Cikupa?”

“Kami mah kumaha Aki Jaya,” tembal Olot Kaya.

“Deuk tumpak deui si belang?” ceuk Aki Jaya ka Olot Kaya.

“Mending leumpang, hayang nyaho kaayaan di dieu,” tembal Olot Kaya.

“Lain paur tumpak si belang? Geuning basa nganteurkeun Putri oge mani tipepereket kana cangkeng kula,” ceuk Aki Jaya.

Olot Kaya ngabelehem. Ari nu sejen sareuri, kitu deui Maharaja Sakti.

“Ari batur dia, sarua milu ka Cikupa?” ceuk Maharaja Sakti deui, maksudna mah Bena jeung Rait. “Cicing wae atuh di Karaton, baturan kula.”

“Hampura Gusti, kawas kami, lain teu hayangeun cicing di Surawisesa. Lamun cicing di karaton, kami bakal kasuat-suat inget ka Pajajaran….,” tembal Olot Kaya, panonna ujug-ujug bareubeu.

Anu sejen oge ngadadak aralum, kaasup Maharaja Sakti.

“Komo kula, Lot,” ceuk Maharaja Sakti. “Jadi rek milu ka Cikupa?”

“Moal, Perebu, Bena jeung Rait geus milih tempat pangancikan nu anyar,” tembal Olot Kaya. “Ieu Bena, rek dumuk di Bah Uha, ari ieu Rait rek ka Sumedanglarang.”

“Ka Sumedanglarang? Di saha?”

“Aya nu diceumceum, wanoja nu indung bapana tilar di Pajajaran basa milu nadah perjurit Banten.”

“Baruk?”

“Kami oge teu nyangka, Perebu. Malah kami, sabada meunang dongeng kitu, Bena jeung Rait, satadina sanggeus tepi ka dieu, rek mulang deui ka Pajajaran. Asa kumaha ninggalkeun babaturan nu toh pati jiwa raga ngabela jeung mertahankeun Pajajaran. Ngan kami inget kana wangsit Perebu Raga Mulya.”

“Ngawangsit kumaha kitu Perebu Raga Mulya?”

“Kami teu meunang balik deui ka Pajajaran. Kami dipancenan nebarkeun jeung ngipuk sirung-sirung Pajajaran, sarta tetep ngahurungkeun ruhak Pajararan, masing kami geus pindah ageman.”

Maharaja Sakti unggut-unggutan.

“Sayatina kula oge di dieu marojengja, hayang ka balik deui ka Pajajaran, hayang maju ka medan perang, ngayonan urang Banten, ngan sarua ku Perebu Raga Mulya dihulag.”
“Kawasna sangkan getih Pajajaran tetep ngocor ulah tepi ka pegat,” ceuk Olot Kaya.

“Kitu pisan,” tembal Maharaja Sakti. “Ayeuna mah ti kawit ayeuna, urang estokeun wangsit ti Perebu Ragamulya di tempat dumuk sewang-sewangan.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler