Keur Kalancaran Tugas, Personel Angkutan Satgas TMMD ka-119 Cek Kandaraan

- 27 Februari 2024, 14:06 WIB
Personel Angkutan Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka  keur mariksa mesin kandaraan operasional.
Personel Angkutan Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka keur mariksa mesin kandaraan operasional. /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID -Personel Angkutan Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka mastikeun kasiapan kandaraan dinas (Randis) operasional TMMD. Kasiapan Randis keur palaksanaan tugas personel Satgas TMMD ka-119, pangecekan dilaksanakeun keur nyinglar karugian personel jeung materil dina kagiatan Satgas TMMD.

Dina raraga ngarojong tugas poko Satgas TMMD, Personel Angkutan ngalaksanakeun pemeliharaan jeung perawatan kandaraan angkut personel jeung materiil, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Salasa (27/2/2024).

Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ditepikeun ku Dansi Ang Serma Eka Riyanto nyebutkeun, tujuan utama tina ieu kagiatan mariksa kondisi kandaraan pikeun mastikeun kasiapan kandaraan salila ngalaksanakeun kagiatan TMMD ka-119.

Baca Juga: Ngaronjatkeun Kaamanan Lingkungan, Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Ngabangun Pos Kamling

"Ngemutkeun pentingna sarana angkut boh keur personel boh materiil, Tim Datgas TMMD ngalaksanakeun perawatan sarta pengecekan sacara rutin kandaraan anu digunakeun Satgas TMMD ka-119," ceuk Serma Eka Riyanto.

"Kagiatan harwat di antawisna pengecekan rangkaian penggerak, sistem kemudi, mesin transmisi, kelistrikan, pengapian katut pengecekan sanesna supados kandaraan angkutan siap digunakeun kangge ngarojong kagiatan Satgas TMMD ka-119," pokna deui.

"Dina palaksanaan harwat kandaraan angkutan dinas, personel Angkutan pedomanana kana Standar Operasional (SOP)," ceuk Serma Eka Riyanto.*** Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah