Ngaronjatkeun Kaamanan Lingkungan, Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Ngabangun Pos Kamling

- 26 Februari 2024, 11:38 WIB
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka jeung warga gotong royong ngabangun pos kamling Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka.
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka jeung warga gotong royong ngabangun pos kamling Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka jeung warga gotong royong ngabangun pos kamling di lokasi TMMD Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Ahad (25/2/2024).

Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., nyebutkeun, pos kamling teh salasahiji fasilitas anu aya di lingkungan masarakat, tujuanana keur ngajaga kaamanan lingkungan sabudeureun.

"Salian kangge tempat penjagaan kaamanan lingkungan, pos kamling oge tiasa dianggo tempat sambung rasa tur sosialisasi antawis masarakat sakumna," ceuk Dudy Pilianto.

Di lokasi pangwangunan, Serma Eka Riyanto nu jadi Dansi Ang Satgas TMMD nambahkeun, diaktipkeunana deui ronda jeung patroli peuting, sacara teu langsung masarakat bakal kadidik keur ngalaksanakeun pangamanan lemburna sorangan sacara swakarsa jeung mandiri.

“Dipiharep satiap pasualan, karerepet hususna perkawis Kamtibmas tiasa kadeteksi saenggalna, sareng tiasa enggal dilaporkeun ka pihak berwajib nalika teu tiasa direngsekeun di tingkat desa," ceuk Serma Eka Riyanto.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah