Samèmèhna Danni Sugiri ngaku kungsi ngarasa hèmeng basa diiberan ku Disbudpar Kabupaten Bandung poè Juma'ah, 9 Pebruari 2024, dirina dipènta nyiapkeun para seniman- budayawan anu baris narima bansos sembako sajumlah 500 paket.
Acarana, baris lumangsung isukna, Saptu 10 Februari 2024 di Gedong Pasantren Budaya Giriharja di Jelekong.
Pangna hèmeng, ceuk Danni, dina telepon ka Galura, Senen, 12 Februari 2024, sabab jumlah anggota Pasebban leuwih ti 15.000. Nya Danni nyarankeun, 500 paket mah ka Giri Harja wungkul, nu ogè moal nyukupan.*** Sopandi