Panggeuing ti Universitas Majalengka: Kenegerawanan Perlu Ditanjeurkeun

- 8 Februari 2024, 10:31 WIB
Sicitas Akademik UNMA ngaluarkeun pernyataan sikap nyurahan kana kaayaan nagara ayeuna.
Sicitas Akademik UNMA ngaluarkeun pernyataan sikap nyurahan kana kaayaan nagara ayeuna. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Cvitas akademik nembongkeun sikepna kana kaayaan nagara kiwari jeung kana panyalagraan Pemilu 2024 ngagulara tepi ka daerah, kaasup ka Kabupaten Majalengka. Akademisi Universitas Majalengka (UNMA), Rebo (07/03/2024) ngaluarkeun 6 poin pernyataan sikep sarta meredih  pemilu lumangsung adil jeung Jujur.

"Nitenan fenomena bangsa katut nagara Indonesia kiwari, hususna mapag Pemilu 14 Februari 2024, simkuring saparakanca ngaraos prihatin jeung inggis kajantenan situasi nu teu kondusif nu bakal ngabalukarkeun sababaraha gejolak di masarakat," ceuk Warek III UNMA, Kosasih Sumantri, nalika macakeun pernyataan sikap.

"Sababaraha pasualan bangsa saleresna janten perhatosan sivitas akademik Universitas Majalengka, hususna palaksanaan pemilu nu jadi bagian proses demokrasi sakumaha amanat konstitusi. Dina hal ieu, simkuring saparakanca, ngaraos tanggel waler sacara moral ngiring  kangge ngawangsulkeun marwah demokrasi nu saleresna," ceuk Kosasih.

Baca Juga: Unpad  Ngageuing, Lamun Bedegong  10 Rebu Mahasiswa Unpad Bakal Turun ka Jalan

Nalika diwawancarai wartawan, Kosasih nepikeun pernyataan sikap teh  inisiatif sivitas akademik UNMA dina nyikepan pasualan bangsa. Inyana mastikeun euweuh intimidasi jeung lain gehgeran pedah di daerah sejen sarua ngaluarkeun pernyataan sikep kana situasi ayeuna. 

"Simkuring saparakanca teu aya istilah intervensi. Dunya atikan nyaeta dunya nu steril ti dinamika politik praktis. Sakali deui, ieu  buktos tanggel waler moral," pokna.

Disebutkeun Kosasih, pernyataan sikap Unma  sifatna universal,  teu ditujukeun ka hiji pihak Inyana nandeskeun  pernyataan sikap ti sivitas akademika UNMA keur kapentingan bangsa.

"Eta esensi ti Civitas Akademik UNMA. Sadaya pernyataan  sifatna elegan universal general teu kagungan maksad ngadiskreditkeun pihak mana oge" ceuk Koswara.

Koswara  nyebutkeun UNMA sayatina ngajenan kaputusan hak masarakat dina nangtukeun pilihanna. Ngan UMA teu miharep dinamika jeung intrik-intrik pulitik  ngabalukarkeun pacengkadan  di masarakat.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah