Salasaurang peserta, Rosyid E. Abby, jurnalis nu ogé aktivis Forum Film Bandung (FFB) boga kamandang, film dokumenter saenyana bisa tetep narik ati dilalajoanan, salasahijina ku cara midangkeun film semidokumenter atawa film dokudrama.
“Sok sanajan film dokumenter, bisa dipidangkeun dina wanda features, oge bari aya plot carita nu mucunghulkeun konflik carita, éta bakal jadi ngahudang atensi nu lalajo. Lian ti éta, hususon keur panelis, ka hareupna, aya hadéna ngondang ogé ti praktisi film atawa sineas, sangkan ngabeungharan wawasan perkara ngagarap film dokumenter,” pokna.***
Baca Juga: Jaman Pajajaran, Angklung kungsi Dipake Musik Perang