KB FKPPI PC 10.28 KBB 2023-2028 Diistrénan, Udagan Kamandirian jeung Kompetensi dina Persaéngan Global

- 12 November 2023, 06:14 WIB
Réngréngan Pangurus KB FKPPI PC 10.28 KBB 2023-2028 nu diistrénan di Gedong Gempungan Kompleks Perkantoran Pemkab Bandung Barat, Saptu, 11 November 2023.*
Réngréngan Pangurus KB FKPPI PC 10.28 KBB 2023-2028 nu diistrénan di Gedong Gempungan Kompleks Perkantoran Pemkab Bandung Barat, Saptu, 11 November 2023.* /Dok. FKPPI KBB/Galura/

GALURA.CO.ID. – Kapangurusan Keluarga Besar (KB) Forum Komunikasi Putra Putri Purnawirawan dan Putra Putri TNI/Polri (FKPPI) Pengurus Cabang (PC) 10.28 Kabupaten Bandung Barat (KBB) periode 2023-2028 kalawan resmi diistrénan poé Saptu, 11 November 2023.

Pangurus KB FKPPI PC 10.28 KBB 2023-2028 téh diistrénan ku Ketua PD X KB FKPPI Jawa Barat, Dadang Rahmat Hidayat, di Gedong Gempungan Kompleks Perkantoran Pemkab Bandung Barat.

Éta acara diistrénanana KB FKPPI PC 10.28 KBB 2023-2028 diluuhan ku sakumna réngréngan pangurus, wawakil 16 Rayon ti sakuliah KBB, parapembina, unsur pamaréntah jeung aparat, wawakil KB FKPPI ti PC sakuliah Jawa Barat, katut ondangan séjénna.

Total jumlah pangurus KB FKPPI PC 10.28 KBB periode 2023-2028 diwengku ku 27 urang ti mimiti Ketua, Wakil Ketua Bidang, Sekretaris, Wakil Sekretaris Bidang, jeung Bendahara. Anapon Ketua dicangking ku Gaston Barus, Sekretaris ku Aep Safari, Bendahara ku Nono Suhendar.

Baca Juga: Ngarah Pikasieuneun, Memeh Dipake Topeng Bebegig Sukamantri Ciamis, Sapeuting Ditunda di Pajaratan

Ketua KB FKPPI PC 10.28 KBB, Gaston Barus, mertélakeun FKPPI kudu terus ngaronjat kétakna di satengahing pangwangunan di Kabupaten Bandung Barat.

Udagan ngaronjatna kétak sakumna kader FKPPI téh minangka wujud ilubiungna organisasi geusan ngawujudkeun cita-cita kamajuan daerah jeung karaharjaan masarakat.

Anapon dina pembinaan, satekah polah terus digederkeun wawasan kabangsaan enggoning ngagumelarkeun sumber daya manusa nu teu weléh micinta lemah caina, katut tumuwuh sikep béla nagara.

Lian ti éta, ogé ngawangun hubungan rukun gawé jeung sakumna pihak, kaasup jeung unsur pamaréntah Kabupaten Bandung Barat, dina ihtiar babarengan ngamajukeun daérah.

“Pembinaan wawasan kabangsaan terus digederkeun, ogé pelatihan kapamingpinan jangeun tuwuhna karakter kamandirian jeung kompetensi di satengahing nyanghareupan persaéngan globalisasi,” ceuk Gaston Barus.

Inyana miharep, ayana FKPPI PC 10.28 KBB téh sing bisa jadi tuladaneun balaréa dina milu aub ngarawat sarta ngajaga Negara Kesatuan Republik Indonesia (NKRI).

Baca Juga: Kapanasaran Wartawan Korea ngeunaan Indonesia, ti Mimiti Layanan Cai tepi ka Isu Pulitik

Sajeroning kitu, Wakil Ketua 1 Bidang Organisasi KB FKPPI PC 10.28 KBB, Asep Dedi, ngébréhkeun, rupaning poténsi nu bisa dimekarkeun pikeun kamajuan organisasi, antarana poténsi paékonomian jeung sumber daya manusa nu sumebar di sababaraha widang.

Tah, optimalisasi kétak KB FKPPI PC 10.28 KBB téh bisa ngawujud mun sakumna réngréngan sapatékadan kana komitmen, kompak, turta solid.

“Minangka organsisasi badag, KB FKPPI kudu mampuh némbongkeun kétak ku cara ngagelar karya program nyata, maslahat keur balaréa. Milu aub dina agenda kagiatan saperti Musrendes, Musrencam, atawa Musrenkab. Anapon kétak wanoja FKPPI, dipiharep sing mampuh ngungkulan pasualan tumali jeung kaséhatan katut sosial,” pokna.

Sajeroning kitu, minangka pembina, Komandan Kodim 0609/Cimahi, Letkol Arm Boby, cumeluk, malar kader FKPPI KBB mampuh jadi tuladaneun katut dinamisator, hususon dina nyanghareupan kagiatan Pemilu 2024.

“Kuring miharep sangkan FKPPI Bandung Barat bisa terus miara jeung ngajaga kaayaan nu kondusif, ngarojong TNI/Polri geusan ngawujudkeun kondusifitas Bandung Barat nu aman tur tingtrim,” pokna. ***

Baca Juga: Indonesia vs Ekuador dina Poé Munggaran Piala Dunia U-17 FIFA 2023, Ieu Jadwal Lengkepna

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah