Nyangku taun 2023, Wisata Budaya di Ciamis, Aya Atraksi Debus

- 5 Oktober 2023, 09:10 WIB
Lawang saketeng ka Bumi Alit di Panjalu. Bumi  Alit  teh tempat neundeun Banda budaya nu diberesihan dina Nyangku taun 2023, wisata budaya di Ciamis.
Lawang saketeng ka Bumi Alit di Panjalu. Bumi Alit teh tempat neundeun Banda budaya nu diberesihan dina Nyangku taun 2023, wisata budaya di Ciamis. /Nanang S/Galura.co.id

Ngubyag, ngala lauk di Situ Kubang Lengkong, Ahad, 8 Oktober 2023, dimimitian jam 12 peuting tepi ka jam satengah dua belas beurang. Situ Kubang Lengkong teh balong gede nu tadina ngahiji jeung Situ Lengkong.

Masih poe Ahad, di Bumi Alit, lumangsung Tilawatil Quran (Khataman). Ahad peutingna digelar muludan, acarana: Tawasul, Istigosah, Tausiah, Pedaran Sejarah, Gema Sholawat, jeung pentas Gembyung. Debus oge dipintonkeun di Alun-Alun Borosngora.

Acara inti Nyangku digelar Senen, 9 Oktober 2023, dimimitian ku helaran jam 6 isuk-isuk. Banda pusaka dicokot ti Bumi Alit terus dibawa ka Nusa Gede Situ Lengkong. Ti dinya dibawa ka panggung di Alun-Alun Borosngora. Banda budaya diberesihan make cai Cai Tirta Kahuripan nu dicokot ti tujuh cinyusu nu aya di wewengkon Panjalu.

Yanko

Ceuk sakaol Nyangku teh asalna ti basa Arab: yanko nu hartina ngabersihan. Beh dieu Nyangku dikiratakeun asalna tina kecap nyaangan laku, nyaangan tekad, ucap jeung lampah sangkan tetep di jalan bebeneran sangkan teu mempar tina agama jeung darigama.

Pihak Yayasan Prabu Borongora nu boga hajat nyebutkeun sareatna mah dina Nyangku teh ngaberesihan banda budaya titinggal karuhun Panjalu. Tapi udagan utamana mah keur syiar Islam sangkan urang salawasna ngestokeun tetekon agama jeung darigama.

Anu matak dina Nyangku digelar muludan, medar Rasululloah SAW jeung perjoangana nyebarkeun jeung nanjeurkeun agama Islam. Kasenian anu dipentaskeunana oge kasenian Islami. Ngan ari debus mah loba nu masualkeun, dianggap lain kesenian Islami.

Banda budaya nu diberesihan

  1. Pedang
  2. Cis, pakarang sajenis tombak
  3. Keris komando,
  4. Keris cecekelan para bupati panjalu
  5. Pancaworo.
  6. Bangreng
  7. Goong leutik atawa bende, nu jaman baheula digunakeun keur mere tangara sangkan masarakat ngumpul

Banda budaya nu diberesihkeunana sacara simbolis:

  1. Pedang Zulfikar, pedang nu dibikeun ku Sayidina Ali bin Abi Thalib ka Prabu Borosngora,
  2. Kujang Panjalu
  3. Keris stok komando

Anu dimaksud diberesihan sacara simbolis teh anu diberesihan dina panggung teh banda budaya asli. Anu asli mah diberesihanana di Bumi Alit jeung henteu disaksiakan ku masarakat.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah