Rhoma Irama jeung Cici Paramida Nungkulan Sidang Netepkeun Dangdut minangka Warisan Budaya Takbenda Indonesia

- 4 September 2023, 05:42 WIB
Raja Dangdut Rhoma Irama jeung artis Cici Paramida, nungkulan sidang ditetepkeunana dangdut minangka Warisan Budaya Takbenda (WBTb) Indonesia 2023, nu digelar Kemedikbudristek di Jakarta, 28 Agustus-1 Séptémber 2023.*
Raja Dangdut Rhoma Irama jeung artis Cici Paramida, nungkulan sidang ditetepkeunana dangdut minangka Warisan Budaya Takbenda (WBTb) Indonesia 2023, nu digelar Kemedikbudristek di Jakarta, 28 Agustus-1 Séptémber 2023.* /Dok. Kemendikbudristek/

“Ti taun 2013 tepi ka 2023, aya 77 karya budaya ti Provinsi DKI Jakarta nu geus ditetepkeun jadi WBTb ku Kemdikbudristek RI," ceuk Iwan.

Sajeroning kitu, Direktur Jenderal Kebudayaan Kemendikbudristek, Hilmar Farid, miharep, éta rupa-rupa karya budaya ti sakuliah lemah cai nu jadi WBTb Indonesia, satuluyna bisa dijadikeun bagéan kurikulum pangajaran di sakola-sakola.

Baca Juga: Jadwal Yogaswara Sunandar Sunarya Giriharja 3 Putra Bulan September 2023

"Ku kituna, bakal aya wahana nu salega-legana pikeun generasi ngora geusan mikawanoh jeung micinta rupa-rupa warisan budaya di Indonesia," pokna.

Anapon Sekretaris Tim Ahli WBTb Indonesia, Toto Sucipto, mertélakeun, dina taun 2023, aya 777 usulan pikeun ditetepkeun minangka Warisan Budaya Takbenda (WBTb) Indonesia ti 32 provinsi, Maluku jeung Papua mah henteu ngajukeun usulan.

Sanggeusna seleksi administrasi ku Sekretariat WBTb, antarana niténan kalengkepan data nu ngarojong usulan, antukna aya 265 usulan nu saheulaanan diengkékeun, sarta 512 nu dituluykeun ka tahap sawala Tim Ahli WBTb Indonesia dina Rapat Penilaian Usulan WBTb.

“Sabadana tilu kali Rapat Penilaian Usulan WBTb, ditetepkeun 215 usulan pikeun dipresentasikeun ku Pemda Pengusul dina Sidang Penetapan,” ceuk Toto Sucipto.

Baca Juga: dr. Richard Lee Kembali Pecahkan Rekor Jualan di Shopee Live, Omset 5.5 Milyar Tembus dalam 1.5 Jam

Pangna maké istilah “direkomendasikeun pikeun ditetepkeun” téh alatan nu netepkeunana mah Mendikbudristek dina wangun SK jeung sertifikat.

Satuluyna Toto Sucipto ngébréhkeun, usulan panglobana nu direkomendasikeun pikeun ditetepkeun minangka WBTb Indonesia 2023 téh nyaéta DIY (25), laju Maluku Utara (22), Sumbar (21), Bali (19), Jawa Tengah (16), Jawa Barat (13), Jawa Timur (12), sarta Aceh (11).

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah