Kitu deui di masjidna. Teu beda jeung jaman Mama Opo, ari aya nu rek nyumbang mah ditarima sapanjang teu diimplik-implikan nanaon.
Raket jeung Bung Karno
Kungsi sapasantren, mangsa jumenengna, Mama Opo raket pisan jeung Bung Karno. Dina jaman perjuangan, Bung Karno remen datang ka Kandang Sapi, ngadon ngawangkong jeung Mama Opo.
Bung Karno neuleuman elmuning agama bari ngobrolkeun tarekahna dina ngamerdekakeun bangsana tina kaum kolonial.
Sanggeus proklamasi kamerdekaan, jaman perang kamerdekaan Mama Opo sok datang ka Jakarta, nohonan pangulem ti Bung Karno. Tausiyah ti Mama Opo, kawilang tandes, ngahudang mental pajuang sangkan wani bela pati nyanghareupan musuh.
Nyahoeun deukeut jeung Bung Karno, utusan Walanda sababaraha kali nepungan Mama Opo. Maksudna sangkan Mama Opo ulah terus-terusan mere sumanget ka Bung Karno. Utusan Walanda teh ngabibita Mama Opo ku haliah dunya.
Tapi Mama Opo nolak sapajodogan, tetep ngarojong Bung Karno jeung pajuang mertahankeun kamerdekaan. Balukarna pasantren Kandang Sapi diserang ku tentara Walanda.
Kapal perang Walanda ngaragragkeun bom ka pasantren, antukna para santri jeung warga Kandang Sapi, birat nyalametkeun diri. Mama Opo teu cicingeun, anjeunna lumpat ka tengah-tengah komplek pasantren, nancebkeun tombak bari munajat ka nu Kawasa.
Di halangan mega hideung
Teu mangkuk lila, di luhur ujug-ujug aya mega hideung nutupan komplek pasantren. Ku sabab teu katempo sasaranana, kapal nu tingkalayang teh mulang deui, ngan aya sawatara kapal nu ngadadak ragrag, pilotna tiwas.
Tentara Walanda nu ngepung pasantren, ngadadak ting jurahroh, teu puguh-puguh leuleus taya tangan pangawasa, ngarumpuyuk. “Tentara Walanda serah bongkokan ka Mama Opo,” ceuk Aang.
Lian ti pasantren, titinggal Mama Opo teh, wangunan tajug nu diadegkeun 1897. Wangunan tajugna tina bahan kai. Lian ti tajug, sawatara kitab nu umurna geus ratusan taun, dipiara tepi ka kiwari.