Dina Acara Milangkala ka-50 taun KSPSI, PUK FSP TSK R KSPSI PT LYG Garment Indonesia Diistrenan

- 1 Maret 2023, 10:47 WIB
PUK FSP TSK R KSPSI PT LYG Garment Indonesia diistrenan dina Milangkala ka 50 taun KSPSI  (25/02/2023).
PUK FSP TSK R KSPSI PT LYG Garment Indonesia diistrenan dina Milangkala ka 50 taun KSPSI (25/02/2023). /Ayank R Sambara/Galura

GALURA -PUK FSP TSK R KSPSI PT LYG Garment Indonesia diistrenan dina Milangkala ka 50 taun KSPSI (Konfederasi Serikat Pekerja Seluruh Indonesia) di LYG Garment Indonesia, Kasokandel Majalengka, Saptu (25/02/2023).

Milangkala ka 50 taun KSPSI nu oge bari ngalantik PUK FSP TSK R KSPSI PT LYG Garment Indonesia diluuhan ku Bupati Majalengka Dr.H.Karna Sobahi, M.MPd., Kapolres Majalengka, diwakilan ku Kapolsek Kasokandel IPTU Wahid Rodise, wawakil Dinas Tenaga Kerja Propinsi Jawa Barat, wawakil BPJS Ketenagakerjaan Majalengka.

Dewan Pimpinan Pusat KSPSI nu hadir dina Milangkala ka 50 taun KSPSI jeung pelantikan PUK FSP TSK R KSPSI PT LYG Garment Indonesia Majalengka di antarana Bibit Gunawan (Sekjen), Siti Nur Azizah Azis (Bendahara Umum), Agung Nugroho (Wakil Ketua Umum).

Baca Juga: Milangkala ka-50 KSPSI, Door Prize Motor 2 ti Bupati Majalengka

Anu sejenna, Arnod Sihite (Wakil Ketua Umum), Sudirman Hamidi (Ketua Bidang Koordinator Wilayah Tengah II), Hendi Purnomo (Wakil Ketua Umum), Royanto Purba (Wakil Sekjen) jeung Dalton Munthe (Wakil Sekjen).

Dina kasempatan eta, Bupati Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.M.Pd., ngaparesiasi ka panitia. Hiji kahormatan pikeun Kabupaten Majalengka jadi tuan rumah Hari Pekerja Nasional (HUT ka-50 KSPSI).

Dipiharep mampuh mawa citra Kota Majalengka nu leuwih hade khususna citra sakumna pagawe Majalengka. Pemerintah Kabupaten Majalengka tangtu bakal sagemblengna ngarojong acara eta nu utama Dinas Ketenagakerja KUKM.

"Wilujeng Milangkala ka-50 taun KSPSI, pamugi di yuswa ka lima puluh taun ieu langkung sinergi tur kondusif. Tangtosna tiasa mayungan sakumna pekerja 9 hade deui, oge KSPSI tambih ageung deui" ceuk Bupati.

Baca Juga: Ketua Askab PSSI Kabupaten Bandung : Piala Dunia U 20 Luang Ngaronjatkeun Kamampu

Rengrengan PUK F. SP. TSK. R - KSPSI PT. LYG Garment Indonesia entragan 2022-2027 nu diistrenan: Ketua (Eka Suryaman), Sekretaris (Sri Ratih Dewi), Bendahara (Dina Lioni Kardiani), Wakil Ketua I Bidang Organisasi dan Pendidikan (Samudi).

Wakil Ketua II Bidang Pembelaan (Didi Rohadi), Wakil Ketua III Bidang Kesejahteraan (Ipan Rasipan), Wakil Ketua IV Bidang Humas (Haris Amrullah), Wakil Sekretaris I Bidang Organisasi dan Pendidikan (Rani Priono), Wakil Sekretaris II Bidang Pembelaan (Nanang Supena), Wakil Sekretaris III Bidang Kesejahteraan (Ehat), Wakil Sekretaris IV Bidang Humas (Sadam Husein).

Ketua PUK. F. SP. TSK. R - KSPSI PT. LYG Garment Indonesia, Eka Suryaman, netelakeun dirina ngarasa reueus sabab diistrenan rengrengan PUK. F. SP. TSK. R - KSPSI PT. LYG Garment Indonesia dibarengkeun jeung Milangkala ka 50 taun KSPSI tingkat Nasional.

"Pamarentah daerah oge kawilang ngarojong acara HUT ka 50 KSPSI. Ti ngawitan Bupati, Wakil Bupati, Sekda, Ketua DPRD Majalengka, DK2UKM Kab Majalengka, Dinas Kominfo, Disparbud, Polres Majalengka, Kasat Lantas, Polsek Kasokandel, katut polsek lianna," ceuk Eka Suryaman.

Baca Juga: Putri Anjungsari (42), Opat Lalaki nu Make Baju Sarwa Hideung Mencrong Seukeut pisan ka Aki Jaya Sabatur-Batur

“Janten ku sakumna pihak kawilang dirojong, sanaos dina dinten ieu bakal kasumpingan pa Ketum KSPSI. Tapi anjeunna lebet rumah sakit, dungakeun ku sadayana supados Enggal sehat sabihara bihari deui. Aamiin," sambung Eka Suryaman.

Eka Suryaman miharep solidaritas tetep dijaga saterasna sakumna pangurus PUK jadi juru laden.

“Salian ngaladenan oge masihan pembinaan, perlindungan, ngaronjatkeun karaharjaan pikeun anggota, eta tugas pangurus sakumna,” ceuk Eka.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah