Aya Katerangan Anyar, Nuduhkeun Diduga Korban, Tim SAR Nyusud Deui Ti Lebah Sasak CI Sanggarung Luragung

- 25 Februari 2023, 19:00 WIB
Saptu, (25/2/2023), Tim SAR nyusud deui warga anu titeuleum.*
Saptu, (25/2/2023), Tim SAR nyusud deui warga anu titeuleum.* /AJUN MAHRUDIN/

GALURA-Tim SAR Air ngawengku Basarnas, BPBD,jeung relawan, Saptu, (25/2/2023), masih keneh maluruh warga Sarka (68), warga Desa Galaherang, Kecamatan Maleber, anu titeuleum di walungan CI Sanggarung tea.

Dina maluruh korban, tim SAR malikan deui nyusud ti walungan CI Sanggarung, semet jambatan Luragung.

Kituna teh, patali reujeung beja anyar, dugaan ayana korban di sababaraha titik lokasi walungan Cisanggarung.

Baca Juga: Warga Anu Titeuleum Di Walungan CI Sanggarung Tacan Kapanggih Laratanna

Kepala Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan, Indra Bayu Permana, nyebutkeun aya sababaraha titik lokasi diduga ayana Sarka.

Katambah deuih aya katerangan ti warga anu ngait kana dugaan ayana posisi warga korban titeuleum kasebut.

Ku sabab kitu, 6 urang Tim SAR ngagunakeun hiji parahu/river boat jeung detector aqua eyes maluruh deui titik lokasi anu diduga ayana posisi korban.

Baca Juga: Dicaram Miang, Caswiti Curiga Basa Semet Nempo Barang Anu Dibawa ku Salakina

Sanajan kitu, 2 tim darat nyusud korban ngaliwatan bantaran kenca katuhu walungan CI Sanggarung.

Pon kitu deui, aya hiji tim mobilisasi koordinator, logistik, drop/antar jemput, dokumentasi, monitoring Jeung sajabana.

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah