Dandim 0624 Kabupaten Bandung: Mahasiswa Kudu Miboga Jiwa Patriotisme

- 5 Februari 2023, 16:15 WIB
Dandim 0624 Kabupaten Bandung Letkol Inf Hamzah Budi Susanto dina acara SPOT IAI Persis Bandung, di Gunung Puntang, Kabupaten Bandung, Saptu, 4 Februari 2023./ DOK. PENDAM III/SLW
Dandim 0624 Kabupaten Bandung Letkol Inf Hamzah Budi Susanto dina acara SPOT IAI Persis Bandung, di Gunung Puntang, Kabupaten Bandung, Saptu, 4 Februari 2023./ DOK. PENDAM III/SLW /

GALURA - Dandim 0624 Kabupaten Bandung, Letkol Inf Hamzah Budi Susanto, ngadadarkeun materi Wawasan Kebangsaan dina acara Spirit Orientation Of Tarbiyah (SPOT) Institut Agama Islam Persis Bandung, di Gunung Puntang, Kabupaten Bandung, Saptu, 4 Februari 2023.

Dina eta kasempetan, Dandim 0624 Kabupaten Bandung mertelakeun, kagiatan ngabina generasi ngora, generasi nu baris nuluykeun perjoangan bangsa teh minangka tanggung jawab sarerea.

Ku kituna, Dandim 0624 Kabupaten Bandung teu weleh haat, siap pikeun mere bekel wawasan kabangsaan ka paragenerasi ngora geusan nanjeurna NKRI.

Baca Juga: Tarekah BBPPKS Bandung Ngawujudkeun Karaharjaan Masarakat Dibarung Dzikir, Pikir, Ukir

Eta acara SPOT IAI Persis Bandung teh diiluan ku 130 peserta sarta 40 urang panitia.

Ceuk Hamzah Budi Susanto, Kodim 0624 Kabupaten Bandung teu weleh siap rukun gawe jeung sakumna pihak, kaasup jeung mahasiswa.

“Urang rukun sauyunan enggoning tetep ihtiar nguniangkeun sumanget patriotisme paramahasiswa minangka generasi ngora,” pokna.

Baca Juga: Dua Wangunan di Cinyawar Talegong Garut Kareumpeukan Tatangkalan Nepi ka Burakrakan, Untung Taya Korban

Generasi ngora lain wae kudu pinter, tapi oge kudu mibanda jiwa patriotisme sarta rasa micinta lemah cai.

Mahasiswa teh andelan katut harepan bangsa pikeun nuluykeun perjoangan ngamajukeun bangsa di mangsa kahareupna.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah