Kodam III Siliwangi Nguatkeun Silaturahmi jeung Mitra Strategis TNI AD

- 27 Januari 2023, 14:08 WIB
Pangdam III/Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo, waktu silaturahmi ngadongdon ka sababaraha pausahaan mitra strategis TNI AD nu aya di sabudeureun Bandung Raya/Pemdam III/Siliwangi
Pangdam III/Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo, waktu silaturahmi ngadongdon ka sababaraha pausahaan mitra strategis TNI AD nu aya di sabudeureun Bandung Raya/Pemdam III/Siliwangi /

GALURA - Dina raraga nguatkeun silaturahmi jeung mitra strategis TNI AD, Pangdam III/Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo ngadongdon ka sababaraha pausahaan di wilayah Bandung Raya.

Kitu ceuk Kapendam III/Siliwangi Letkol Inf Adhe Hansen, di Media Center Kodam III/Slw Jl. Aceh No. 69 Kota Bandung, Jumaah 27 Januari 2023.

Dina eta silaturahmi, Pangdam III/Siliwangi dijejeran ku Kapoksahli Pangdam III/Slw, Danrem 062/TN, para Asisten Kasdam III/Slw sarta Dan/Kabalakdam III/Slw.

Baca Juga: Alatan Jadi Kader Golkar, Ridwan Kamil Moal Bisa Jadi Calon Presiden, Cek Juru Titen Pulitik Adi Prayitno

Baca Juga: Karaton Karajaan Sukapura kari Waasna, Titinggalna Diteundeun di Museum Alit Luluhur Sukapura

Baca Juga: Misteri Gunung Salak, Mistik jeung Pependeman Harta Karun

Pangdam III/Siliwangi jeung rombongan, ngadongdon ka PT Foximas Mandiri di Jl. Leuwipanjang No. 50 Kota Bandung.

Eta pausahaan teh mroduksi sapatu TNI/Polri, instansi pamarentahan katut sport.
Pangdam IIi/Slw dibageakeun ku Dirut Foximas, Dedi Sudrajat, nu satuluyna ngaroris proses produksi sapatu.

Reres di Foximas, Pangdam III/Slw katut rombongan ngadongdon ka PT Yuntex Jl. Cicukang No. 8 Kel. Cisaranten Bina Harapan Kec. Ancamanik, nu oge mroduksi sapatu TNI/Polri.

Baca Juga: Desa Mandiri di Kabupaten Ciamis terus Nambahan, Ketua APDESI Kabupaten Ciamis: Hasil Karancagean Kepala Desa

Lian ti eta, Pangdam III/Slw ge ngadongdon PT Nirwana Alabare Garment di Jl. Rancaekek Majalaya, nu mroduksi baju, kaos, sweater, saragam TNI, kaasup saragam loreng TNI AD.
Laju ka PT Langit Biru Parasut di Jl. Cilampeni No 10, Desa Katapang Kec. Katapang Kab. Bandung.

Pamungkas mah ngadongdon ka PT Farin Industri Nusantara di Batujajar Kab. Bandung Barat, nu mroduksi rupaning kalengkepan TNI Polri kayaning rompi, helm anti peluru, jeung sajabana.

Eta kagiatan silaturahmi Pangdam III/Slw ka sababaraha pausahaan mitra strategis TNI AD di sabudeureun Bandung Raya teh minangka sarana komunikasi jeung silitukeur informasi.

Baca Juga: Milu Makalangan dina Serial ‘The Last of Us’, Christine Hakim Kapeto Jadi Ilmuwan Indonesia

Lian ti eta, oge minangka ngalarapkeun tarekah geusan mateakeun wilayah pertahanan di Bandung Raya malar terus ngaronjat luyu jeung konsep Sishanta. *** Rameli Agam.

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah