Hirup di Dunya Teu Leupas tina Ujian, KH Ubaidillah AB: Ngalaksanakeun Ibadah Ulah Nunggu Rengse Cocoba

6 November 2023, 05:28 WIB
KH Ubaidillah AB.* /R. Agam/Galura/

GALURA.CO.ID. – Geus jadi sunatullah yen kahirupan manusa di dunya teh teu leupas tina ujian atawa cocoba.

Allah SWT nyiptakeun manusa kalawan dibarengan ku ujian jeung cocoba nu bakal disanghareupan manusa di alam dunya, sakumaha nu kaunggel dina firman-Na dina Surah Al Balad ayat 4, “Yen saestuna Kami geus nyiptakeun manusa dina kaayaan kasusah.”

Di sagedengeun eta, dina kaayaan nyanghareupan ujian atawa cocoba di alam dunya, Allah SWT ge geus nuduhkeun jalan nu mawa kahadean katut jalan nu matak picilakaeun pikeun manusa.

Tumali jeung eta perkara, sesepuh Ponpes Roudlotul Ulum Cisasawi Kabupaten Bandung Barat, KH Ubaidillah AB mertelakeun, ujian jeung cocoba teh minangka sunatullah dina kahirupan.

Hirup di alam dunya, sakur manusa teu bisa leupas tina ujian atawa cocoba.

“Manusa bakal diuji ku saniskara perkara, boh nu hade boh teu hade atawa nu teu dipikaresep katut nu dipikaresep,” pokna.

Baca Juga: Pernyataan Sikap Forum Redaksi PRMN: Situasi di Palestina, Kolonisasi jeung Genosida  

Sakumaha dawuh Allah SWT dina Surah Al Anbiyaa ayat 35, “Sakur nu nyawaan bakal ngarasakeun maot. Kami bakal nguji maraneh ku kagorengan jeung kahadean minangka cocoba. Saestuna maraneh bakal mulang deui ukur ka Kami.”

Tina eta ayat, KH Ubaidillah laju ngebrehkeun, sakumaha katerangan Ibnu Abbas, rupaning ujian atawa cocoba nu tumiba ka manusa di alam dunya teh antarana kasusah jeung kabagjaan, kasehatan katut kasakit, kabeungharan reujeung sangsara, halal katut haram, taat jeung maksiat, sarta pituduh jeung jalan nu mengpar.

“Manusa teu weleh ngalaman kasusah jeung kabagjaan. Eta teh saenyana minangka ujian manusa di alam dunya,” ceuk KH Ubaidillah AB.

Pirang-pirang ujian nu dialaman ku manusa di alam dunya, eta minangka bagean tina cocoba ti Allah SWT ka hamba-Na nu geus ditetepkeun bari didasaran ku rahmat jeung hikmah-Na.

Satuluyna KH Ubaidillah AB ngeceskeun, tina rupa-rupa ujian atawa cocoba teh, mun manusa manggih kabagjaan, geus sakuduna wajib sukuran.

Baca Juga: Pernyataan Pers Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Pusat ngeunaan Situasi Konflik di Gaza

“Mun tea mah ngalaman kasusah, taya deui iwal disanghareupan ku kasabaran. Mangsa bagja, waktu susah, geus jadi kawajiban manusa pikeun terus ngalakonan ibadah kalawan miharep rido Allah SWT,” pokna.

Ku kituna, nalika ngalakonan ibadah teh ulah ieuh diengke-engke, atawa nunggu heula sarengsena cocoba.

Dina kaayaan naon wae ge, mangsa keur bagja atawa dina kaayaan kasusah, urang kudu terus taat ngalaksanakeun ibadah.

“Mun bisa ibadah isuk-isuk, ulah diengkekeun dilakonan sore. Mun keur ngora bisa ngajalankeun ibadah, ulah ieuh nunggu engke mun geus kolot. Ngalakonan ibadah ulah nungguan beres heula ujian atawa cocoba, sabab eta teh pertanda megatkeun ibadah ka Allah. Ujian atawa cocoba, rek ngeunah rek teu ngeunah, eta teh ujian ti Allah nu moal leupas tina kahirupan manusa di alam dunya,” ceuk KH Ubaidillah AB. ***

Baca Juga: Ngaran Anak Sasatoan dina Bahasa Sunda

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler