Bhabinkamtibmas Briptu Nia Sri Kusnindar: Masarakat Mitra Pulisi dina Ngajaga Kamtibmas

25 Agustus 2023, 19:47 WIB
Briptu Nia Sri Kusnindar, S.H, Bhabinkamtibmas Polsek Sukahaji Polres Majalengka silaturahmi jeung kepala Desa Jayi, Kecamatan Sukahaji, Kabupaten Majalengka, Jumaah (25/08/2023). /galura.co.id/Ayank R Sambara

GALURA - Briptu Nia Sri Kusnindar, S.H, Bhabinkamtibmas Polsek Sukahaji Polres Majalengka Polda Jabar, ngaraketkeun silaturahmi jeung kepala desa binaanana, Kepala Desa Jayi, Kecamatan Sukahaji, Kabupaten Majalengka, Jumaah (25/08/2023).

Dina eta silaturahmi Bhabinkamtibmas Briptu Nia cumeluk sarta ngaguar pentingna rukun gawe dina nyiptakeun situasi kamtibmas di lingkungan masarakat.

Briptu Nia nyebutkeun Bhabinkamtibmas mibanda peran strategis dina ngajaga kaamanan jeung katartiban masarakat. Dina hal ieu, Briptu Nia Sri Kusnindar konsentrasi ngawangun mitra nu tohaga jeung kepala desa binaanana.

Baca Juga: Majalengka Panas, Ratusan Warga Ngepung Pendopo Kabupaten Majalengka

"Ku komunikasi antawis pulisi sareng masarakat, sarta kamitraan nu raket antawis Bhabinkamtibmas katut kepala desa, dipiharep situasi kamtibmas tiasa dijagi kalayan langkung hade," pokna.

Dina anjangsono ka Kepala Desa Jayi, Briptu Nia Sri Kusnindar, nandeskeun pentingna ngajaga kaamanan di wilayah desa. Inyana netelkeun komunikasi nu hade antara pulisi katut masarakat bisa numuwuhkeun sumanget jeung gotong royong tur sauyunan dina ngajaga kaamanan.

"Simkuring hoyong mupus jarak antawis pulisi sareng masarakat. Bhabinkamtibmas teh mitra nu siap mireng sareng ngarespon kaperyogian masarakat," pokna.

"Nalika aya hal-hal nu peryogi dikomunikasikeun sareng dilaporkeun, sumangga didugikeun. Masarakat teu kedah sieun ku aparat kapulisian, margi pulisi teh papayung tur ngaladenan masarakat," ceuk Briptu Nia.

Baca Juga: Majalengka Meunang DSP BNPB Gedena Rp1,4 Milyar keur Ngomean Infrastruktur nu Ruksak Akibat Bencana Alam

Briptu Nia Sri Kusnindar oge cumeluk ka kepala desa binaanna pikeun aub dina nyiptakeun situasi kamtibmas. Dina gawe bareng dipiharep Desa Jayi bisa jadi conto pikeun wilayah lianna dina ngajaga kaamanan tur katartiban masarakat.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si, ngaapresiasi kana tarekah nu dijalankeun ku Briptu Nia Sri Kusnindar dina ngaraketkeun kamitraan jeung masarakat katut kepala desa.

"Kamitraan nu kuat antawis pulisi sareng masarakat teh landasan utama dina nyiptakeun situasi kamtibmas. Simkuring miharep sumanget sapertos ieu teras dijagi sareng tiasa nebaar masarakat," ceuk AKBP Indra Novianto.

Kepala Desa Jayi, Wasta, nyebutkeun ayana gawe bareng antara pulisi jeung kepala desa katut masarakat, kacida hadena sabab bakal kacipta kaamanan tur katartiban di wilayana. Hal ieu ngabantu kapala desa dina ngajaga kamtibmas di desana.

"Hatur nuhun kangge pihak kapulisian nu tos ngalaksanakeun ngajaga kaamanan sareng katarbitaan di wilayah Desa Jayi," ceuk Wasta.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler