Pangdam III Siliwangi, Ngajak PWI Jawa Barat Milu Ngawedelan Katahanan Pangan

15 Februari 2023, 20:15 WIB
Pangdam III Siliwangi, Mayor Jenderal Kunto Arief Wibowo, dipotret bareng reujeung rengrengan pangurus PWI Jawa Barat, Salasa, (15/2/2023).* /

GALURA-Panglima Komando Daerah Militer (Pangdam) III Siliwangi, Mayor Jenderal Kunto Arief Wibowo, umajak hususna ka PWI Jawa Barat, pikeun ngariksa reujeung ngarumat mekarna potensi anu aya di Jawa Barat.

Kawas potensi sumber daya alam, energi, seni budaya jeung potensi-potensi sejenna.


"Aya seueur potensi anu teu acan  kaguar," ceuk Kunto, basa silaturahmi reujeung rengrengan pangurus PWI Jawa Barat, di rohangan Tirtayasa Makodam III Siliwangi, Jalan Aceh No.9 Kota Bandung, Rebo, (15/2/2023).

Baca Juga: Hari Pers Nasional, PWI Kuningan Ziarah di Makam Wartawan Entragan Taun 1970-an


Patali eta hal, Kunto miharep PWI Jawa Barat bisa turun langsung pikeun milu ngawedelan katahanan ekonomi, sosial jeung budaya.

Salila kurang leuwih dua jam, Pangdam III Siliwangi nembrakeun kiprah jeung inovasi anu enggeus jeung anu keur dilakonan, ngait kana pemberdayaan ekonomi masarakat.

"Hayu urang sasarengan bagerak ngawujudkeun katahanan pangan, katahanan ekonomi, beh dituna katahanan NKRI," pokna.

Baca Juga: HPN 2023 PWI Perwakilan Kabupaten Ciamis, Wakil Bupati Ciamis: Kabeh Bisa Jadi Wartawan

Sajeroning kitu, Ketua PWI Jawa Barat, Hilman Hidayat, ngabageakeun kana naon rupa ku pangdam.

Hilman miharep, kahareupna PWI Jawa Barat reujeung Kodam III Siliwangi bisa sabeungkeutan babarengan ngawal NKRI.

"Mugia ngalangkungan silaturahmi sareng diskusi tiasa ieu tiasa maheutkeun rukun gawe anu rancage kanggo kapayunna," ceuk Hilman.


Harita, Hilman silaturahmi reujeung pangdam dijejeran ku pangurus harian. Diantarana Sekretaris Umum, Tantan Sulthon Bukhawan, Bendahara, Ati Supriatin.

Sajaba eta, Wakil Ketua Bidang Organisasi, Ahmad Syukri, Wakil Ketua Bidang Kerjasama, Sandi Ferdiana, Wakil Ketua Bidang Syber, Roberto, Wakil Ketua Bidang Pendidikan, Dedi Suhaeri, Ketua SIWO, Briliant Awal jeung Ketua PWI Kota Bandung, Herdiansyah.***

 

 

 

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler