Cek Sergio van Dijk : Persib Ayeuna Mingkin Kondisif tur Reugreug Ngalengkah jeung Palatih Luis Milla

9 Februari 2023, 13:30 WIB
Sergi van Dijk jeung I Made Irawan di Stadion Siliwangi/persib.co.id /

GALURA - Sergio van Dijk, urut striker Persib ngebrehkeun yen Maung Bandung ayeuna katembong leuwih kondusif alias adem ayem.

Lian ti eta, para pamaenna oge ngarasa reugreug ngalengkah nyorang Liga 1 2022/2023 bareng jeung palatih Luis Milla.

"Mun sim kuring nongton televisi, tim ayeuna langkun kondusif sareng percanten ka visi palatih Luis Milla," cek Sergio van Dijk.

Baca Juga: Persib Update, Nyanghareupan Bali United di Maguwoharjo, Luis Milla: Level Lawan Satara, Persiapan Kudu Asak

Eta teh ditepikeun Sergio van Dijk basa ngadadak norojol ka Stadion Siliwangi, ningali pamaren Persib latihan, Rebo 8 Pebruari 2023 kamari.

Nurutkeun inyana, Persib ayeuna mangprang, najan kukumaha wae oge teu bisa leupas tina maherna Luis Milla enggoning ngalatih jeung ngarancang taktik dina unggal pertandingan.

Eta sababna, inyana ngarasa bungah lantaran Persib ngagunakeun jasa Luis Milla.

Baca Juga: Persib Update, Hayang Ngelehkeun Bali United di Maguwoharjo, Daisuke Sato : Kudu Fokus

"Ku palatih Millah Persib ayeuna aya di puncak klasemen, kuring bungah pisan. Mudah-mudahan Persib jadi juara," pokna.

Sergio van Dijk teh kungsi nguatan Persib dina Indonesia Super Legua (ISL) 2013, Indonesia Soccer Championships (ISC) 2016 jeung Liga 1 2017.

Nalika di Persib, inyana bisa nyitak gul nepi ka 12 jeung kaasup striker nu subur di Persib. Gul nu dicitakna bisa mapakan rekor Sutiono Lamso nu bisa nyitak 21 gul dina Liga Indonesia 1994/1995.

Baca Juga: Warta Persib Update, Ezra Walian Latihan Deui, Tatan-Tatan Nyanghareupan Bali United

Eh, ke ari ka Bandungna, Sergin van Dijk teh dina raraga naon nya?

Cenah, sajaba ti sono ka sobat-sobatna di Persib Bandung, inyana oge ayeuna boga bisnis di Indonesia, jeung jadi agen pamaen bal deuih.

"Abdi gaduh bisnis di Bandung," pokna. ***

 

 

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id

Tags

Terkini

Terpopuler