Pisah Sambut Camat Kutawaringin, Asep Ruswandi: Ditugaskeun di Mana waé Siap

17 Januari 2023, 16:24 WIB
Camat Kutawaringin Kabupaten Bandung Asep Ruswandi (Sopandi/Galura). /

GALURA  -Pamaréntah Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung ngayakeun acara Pisah Sambut Camat Kutawaringin di aula kantor kecamatan satempat, Jalan Cipatik, Desa Jatisari, Salasa (17/01/2023).

Camat Kutawaringin saméméhna, Gamber Irmawan Premono ditugaskeun di Setda Kabupaten Bandung jadi Kabag Umum.

Gamber diganti ku Asep Ruswandi nu tadina nyekel kalungguha  Sekretaris Dinas Koperasi dan
UKM.

Baca Juga: Warga Kagareuwahkeun Mucunghulna Haseup Tina Jero Taneuh

Pisah sambut digelar satutas dina tanggal 5 Januari 2023 Pamaréntah Kabupaten Bandung ngayakeun rotasi mutasi pagawé di lingkungan Pemkab Bandung.

Pikeun Asep Ruswandi, pisah sambut teh kagiatan pikeun ngawanohkeun diri leuwih raket ka sakumna karyawan kecamatan, kepala desa, katut mitra kerja lianna.

"Ieu kasempatan minangka moment pikeun ngawanohkeun diri leuwih raket, " ceuk Asep.

Baca Juga: Wisata Kuliner Bogor, Jajaneun Angkringan Murah jeung Rupaning Takoyaki, Istimewa, Vibes Jogja Pisan!

Asep mertélakeun, ditugaskeun di mana waé dirina siap.

Inyana meredih pangdunga katut pngrojong, tur umajak babarengan ngawangun Kecamatan Kutawaringin. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler