Prilly Latuconsina, Ngarasa Bungah Bisa Nyugemakeun Indung-Bapana

- 7 Maret 2023, 14:47 WIB
Prilly Latuconsina
Prilly Latuconsina /Dok. Starvision/

GALURA - Prilly Latuconsina nu jadi Ratna dina film Gita Cinta dari SMA versi 2023, wakca balaka yén sipat dirina béda pisan jeung sosok (karakter) Ratna.

“Mémang tebih pisan,” ceuk ieu aktris lulusan Ilmu Komunikasi (S.I.Kom.) di London School of Public Relations téh. “Ratna mah kalem, ari abdi mah teu aya kalem-kalemna. Abdi sempet diwartosan ku Mama sareng Papa, yén Ratna téh kalem, andalemi, ampuh timpuh, ari kamu –saur Papa téh – ‘kamu bisa nggak sih? Kamu kan bawel, suara kamu kan cempreng, bisa nggak sih dapat peran Ratna,” Prilly nyeta-nyeta omongan bapana.

Malah kolotna Prilly ménta sangkan dirina henteu nguciwakeun duanana.

“Margi bayangan Mama Papa, Ratna téh nya Yessi Gusman anu tos sakitu sampurnana,” ceuk Prilly anu ngaran lengkepna Prilly Mahatei Latuconsina téh.

Éta tangtuna jadi kabeungbeurat pikeun Prilly, tepi ka salila syuting Gita Cinta dari SMA, Prilly teu weléh usaha satekah polah pikeun neuleuman karakter.

“Dugi ka hoyong heureuy ogé ditahan,” ceuk Prilly. “Kitu deui abdi nu sok biasa bawél, céréwéd, kapaksa wé kedah ditahan, da hoyong ngabiasakeun diri supaya kalem, tur andalemi siga karakter Ratna. Malah jantenna kalem pisan. Tos syuting mah, ah biasa deui wé janten Prilly anu grasak-grusuk kieu.”

 Baca Juga: Prilly Latuconsina, Keur Syuting, Dua Kali Gering jeung Asup Rumah Sakit

Ngan basa indung-bapana lalajo hasilna, Prilly ngarasa bungah pisan.

Karena Papa bilang, ‘Itu Ratna banget, Papa nggak nyangka kamu bisa sekalem itu. Bisa benar-benar membawakan Ratna dengan warna kamu sendiri tapi nggak menghilangkan karakter Ratna yang kalem, baik, dan banyak disukai laki-laki di sekolahnya’,” ceuk Prilly nyetakeun omongan bapana.

“Alhamdulillah, koméntar ti Mama Papa éta nu ku abdi diantos-antos téh,” cenah.

Prilly ngarasa bungah binarung reueus pédah masih bisa meunang kasempetan saperti kieu, lantaran manéhna lain saukur bisa makarya keur panongton Indonésia wungkul, tapi ogé bisa makarya pikeun indung bapana.

 Baca Juga: Ngahirupkeun deui Galih jeung Ratna, ‘Gita Cinta dari SMA’ Ngahudang ‘Baper’ nu Lalajo

Indungna ogé nya kitu, ngarasa bungah tur reueus Prilly maén film Gita Cinta dari SMA téh. Indungna paling resep ka ieu film. “Ku margi panginten pédah aya ikatan emosional antara Mama Papa sareng film Gita Cinta dari SMA nu kapungkur,” cenah. “Janten pas putrana maén dina ieu film téh panginten benten rasana.”

Ceuk Prilly, film Gita Cinta dari SMA versi remake bisa ngahudang nostalgia pikeun generasi nu kungsi ngalaman rumaja dina era 80-an. Atuh kolot-kolot urang bisa ngahadirkeun deui rasa-rasa anu kungsi kaaalaman baréto, basa lalajo film Gita Cinta dari SMA versi nu ti heula, cenah.

Tapi, ceuk Prilly keneh, lain saukur keur generasi kolot baé, da generasi ngora jaman ayeuna gé bisa ngalalajoan film remake-na kalawan nyaman. Najan setting-na taun 1980-an, ceuk Prilly kénéh, carita nu dipidangkeun tetep aya relevansi reujeung panongton jaman ayeuna. “Isu nu diangkat ogé masih kajadian dugi ka ayeuna,” pokna.***

 Baca Juga: Gala Premiere-na Poé Ieu, ‘Gita Cinta dari SMA’ Difilmkeun deui bari teu Mopohokeun 'Orisinalitas'

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah