Rosyanti, Euyeub ku Préstasi, Haleuangna Ngalingling Wiati  

1 Juli 2024, 13:52 WIB
ROSYANTI. /Dok. Cecep KS/Glr/

 

 

GALURA.CO.ID. – Mimiti apal ka ngaran Rosyanti téh dibéjaan ku seniman tembang Cianjuran, Sony Riza Windyagiri, S.Sn. “Anjeunna sami ahli tembang Sunda Cianjuran, réréncangan, tiasa diuningaan dina YouTube,” pokna téh.

Meunang béja kitu teu diengkékeun, langsung wé harita kénéh di-WA. Ngan, teu ieuh aya jawaban ti dirina. Geus rada lila, dicobaan ditelepon. Angger taya jawaban. Moal kitu keur manggung, atawa aya kagiatan séjénna? Eungeuh waktu bagilir ka peutingnakeun, angkanan téh isuk rék dikontak deui.  

Kagugu ku rasa panasaran, muka YouTube dina laptop, aya video dirina keur nembang Cianjuran, judulna “Duriat Teu Sarasa”: Nété akar ngeumbing jangkar/Nanjakna jalan satapak/Maksad nyalayakeun diri/Sugan lalugina pikir/Niiskeun panasna haté/Diréraban ku manéhna//... anu téga kaliasan/Ngan ku naon duriat teu daék milu/Keukeuh beurat ka manéhna...

Sorana nu halimpu, haleuangna mampuh ngundakkeun kalbu, galindengna ngulinkeun rasa nyaimbangkeun surupan lagu tina pirigan kacapi adumanis jeung gelikna suling, mangpéngkeun ketug jajantung sing saha waé anu ngareungeukeun.

Isukna, poe Minggu (23/06/2024) isuk-isuk kénéh, aya balesan WA ti dirina.

“Hapunten, Kang, tadi wengi téh tos mondok, waktosna reureuh,” pokna. Ana ditanyakeun, sihoréng dirina teh keur kakandungan ku budakna anu nomer kalima. Paingan beurang kénéh geus reureuh, numpi di kamarna.  

Rosyanti téh seniwati  tembang Sunda Cianjuran nu karakter vokalna natural, boga ciri nu mandiri. Mun keur ngahaleuang, kompleksitas ornamén sorana nu variatif, matak betah direungeukeunana, halimpu taya watesna, matak gantung déngéeun.

Ambu, kitu nu dareuheus nyebut ka dirina, tukuh pengkuh dina profésina, juru tembang Cianjuran nu intergrated profesional (nyaluyukeun jeung panéka jaman). Ngalenyepan saban tembang Cianjuran nu dipidangkeunana, nyulusup makna anu jero, ngawengk imaji visual, imaji auditif, jeung imaji taktil, nu hartina, eusi laguna ngogan kasedih, ngogan kamelang jeung rasa rélijius nu adiluhung. Téma agama dina Cianjuran, bisa dilenyepan dina tembang “Sampiung Arafah” karya Yus Wiradiredja: Gunung batu nu tarunggul/Sakedapan Ngendagkeun kalbu/Séahna angin Arafah/Méh-méhan mangpéngkeun iman/Rasa nu nyaliara/Sampiung diri ka mendi/Dipaluruh siga nu Jauh/Dipapay puguh ayana.

Nyata, rumpaka laguna némbongkeun adumanis karya sastra nu mibanda atikan agama Islam nu jero,  edukatif jeung transendental (leubeut ku pakaya batin), salawasna ngajak éling ka nu Maha Agung.

Seni Sunda, ceuk ieu wanoja nu gumelar di Bandung, 4 Desember 1984, salawasna kudu dijaga, diraksa, jeung dimumule, sangkan aya jeung karasa mangpaatna.

“Najan haeubna panéka jaman mingkin tarik, urang salawasna kedah sasarengan narékahan robahna jaman, ulah dugi ka ngaleungitkeun ajén-inajén kahirupan seni tradisi Sunda, sakumaha amanat karuhun nu méré warisan karya cipta seni Sunda nu kawilang luhur ajén sareng maknana, hususna tembang Sunda Cianjuran,” pokna.

Ieu garwa Ketua Prodi Karawitan Institut Seni Budaya (ISBI) Bandung, Mustika Iman Zakaria, M.Sn. téh, gedé kayakinan, generasi milenial kiwari teu sagemblengna ninggalkeun tembang Cianjuran, loba kénéh nu mikaheman. Loba kénéh generasi ngora nu gedé katineung jeung kanyaahna kana warisan seni titinggal karuhun.

“Saban taun, murudulna alumni karawitan ti SMKN 10 sareng lulusan karawitan ISBI Bandung, nandakeun generasi milenial teu mopohokeun seni tradisi budayana. Ngeureuyeuh nikreuh, diajar dugi ka tapisna, dugi ka mahérna, dugi ka janten sarjana seni karawitan,” pokna.

Malah, ceuk ieu indung ti lima budak téh, loba nonoman nu ancrub milu tandang makalangan dina saban Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran. Tina kriteria juri, ceuk Rosyanti nu euyeub ku gelar juara téh, dina saban pasanggiri nonoman ngora mampuh nembongkeun kamampuh dirina dina olah vokal tembang Cianjuran, ngolah rasa dina wanda lagu nu dipasanggirikeun, ipis kandel sora, wirahma, jeung ngajiwaan laguna. Patandang nu ngarora, lian ti “mawakeun lagu”, dina saban pasanggiri, mampuh oge jeung “nepikeun” éta lagu.

“Mawakeun lagu mah gampang pisan, bérés, taya kesan. Nu beurat mah dina nepikeun laguna, patandang kudu mampuh nepikeun eusi lagu jeung rasana, karasa sedih jeung bungahna éta lagu, mun nu ngabandungan atawa nu ngadangukeun dugi ka ceurik, hartosna panembang berhasil,” ceuk ieu alumni SMKN 10 Bandung lulusan 2002 téh.

Gumelar di lingkungan seni, ngamalir getih seni ti nu jadi bapana, Ruhiyat jeung biangna, Popon Warnengsih. Nu jadi kolotna, baheulana kaceluk seniwati tembang Cianjuran nu kawentar, remen asup dapur rekaman. Matakna, ti umur lima taun, Rosyanti geus mampuh ngawih. Nincak bulan Agustus mah kamampuh nembangna sok pada nanggap, pada nabeuh.  Parigel oge dina jaipongan. Ngan, ti saprak jadi siswa SMKN 10 Bandung, inyana leuwih museur neuleuman tembang Cianjuran kalawan dibimbing langsung ku para tokoh Cianjuran, di antarana ku Elis Rosliani, Euis Komariah, Ida Widawati, Yuhaeti Gardea, Yus Wiradiredja, jeung Heri Suheryanto.

Alatan bimbingan para maestro, Rosyanti teu weleh jadi pinunjul dina saniskara pasanggiri. Di antarana, Juara I Anggana Sekar sa-Jawa Barat taun 2005 di ITB, Juara I bareng jeung salakina, Mustika Iman Zakaria, anu kaselir jadi Juara I keur golongan lalaki.

“Sareng pun lanceuk mah sasarengan deui dilélér Juara I Pasanggiri Tembang Sekar Anyar sa-Jabar di Unpad taun 2009,” ceuk ieu Juara I Lomba Nyanyi Dangdut di Radio Emsa jeung Juara I Lagu Dangdut di Radio Garuda téh. 

Atuh, taun 2009 kénéh,  Rosyanti gé kabiruyungan  dilélér Juara I Tembang Sunda Damas sa-Jabar di Unpad. Babarengan jeung salaki dilélér juara, ngaborong hadiah tilu motor nu kawilang geunjleung. 

Rosyanti, anglehna dina tembang henteu ujug-ujug, ngaliwatan waktu nu kawilang panjang. Mangsa keur sakola di SMP Pasundan 3 Bandung, geus ngarebut juara tembang Cianjuran dina sawatara pasanggiri, babarengan jeung Rika Rafika katut Maé Nurhayati.

Naon ari Sekar Anyar téh? “Jenis seni sora nu gelarna, seuhseuhanana mah tina tembang Cianjuran keneh. Ide kreatif Ubun Kubarsah suwargi. Ngan pédah ieu seni sekar anyar téh ornaméntasi musik jeung haleuangna teu ilahar mun disebut gelarna tina Cianjuran téh, aya bédana,” ceuk ieu incu Aki Ajan Warjan suwargi, nu kawentar juru kacapi rincik.

Rosyanti, sorana mungguh halimpu.

Katotol ahli tembang, saban waktu Rosyanti nu dumuk di wewengkon Cipatat, Kabupaten Bandung Barat téh sok kadatangan mahasiswa ISBI ti jurusan Karawitan, nu ngahajakeun nepungan dirina pikeun ngayakeun penyadapan, maksudna, nyadap elmu seni tradisi Sunda. Atuh, méh saban poé, ti 2013 tepi ka ayeuna, Rosyanti kacatet jadi penyiar Programma 4 di RRI Bandung. Di RRI Bandung, saban poe sorana ngalanglang jomantara, haleuang tembangna nu ngalingling wiati.

“Janten seniman atawa seniwati mah kedah parigel ngungkulan waktu, waspada maca lajuna jaman,” pokna.***

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler