Ku Lely Moel
BASA Si Aa ménta idin ngadahup ka Nina, hate rada teu méréan. Atuda Nina mah enya gé geulis, bodas, tapi asa jalingkak pisan. Teu weléh kana motor trail jaba sok nyampeur-nyampeurkeun ka imah. Katambah harita keur meujeuhna nanjeur di dunya atletik. Enya, piminantueun téh atlit lari, geus meunang medali emas sagala di tingkat kota madya mah. Dikontrak ku pemda ogé diolo ku tempat séjénna, transfer pamaén meureun.
Teu ngabibisani mun Si Aa kapéngpéongan, resep ku geulisna, reueus ku préstasina. Ongkoh apan sarua hobina kana olahraga. Ngan ieu mah kana maén volley. Reguna geus saba kota jeung teu weléh jadi jawara. Di tempat gawéna jadi regu petingan nu mawa komara instansi. Lain pédah ceuk indungna, rupa budak téh blég artis sinétron. Sababaraha kali asana ditawaran pemotrétan modél baju koko jeung casual. Tina rupa mah, jeung Nina téh nurub cupu. Tangtuna bakal ngahasilkeun incu-incu anu lucu, kasép jeung geulis.
“Nina bakal bisaeun ngurus budak jeung masak kitu?” cekéng nalék. Apan sakitu rajinna Si Aa mah noong eusi méja makan. Siga jenat bapana nu miheulaaan mulang. Unggal peuting sok nanya, masak naon keur mumuluk atawa dahar beurang. Tumis kentang dipeuteuyan diatian, sambel térong jeung gepuk maro parud laja karesepna. Bubur kacang, kolek cangkaléng jeung goréng pisang peuyeum nu amisna.
Ari Nina, kerep nganjang ogé asa can kawénéhan ngulampreng ka dapur, nyampeurekeun kuring nu keur popolah. Pernah ngirim ogé teu jauh ti martabak atawa roti.
“Ari Mamah, apan aya Mamah, nya atuh wartosan wé Ninana,” kalah némbalan kitu bari nyengir.
Pruk wé kawin, sangkaan teu nyalahan. Minantu sagala ngawagu. Bébérés teu bisa, masak teu mirasa. Gawéna latihan jeung latihan. Nepi ka ngandeg terus jucung ngajuru, teu pakanci kana latihan mah. Ukur cuti tilu bulan. Budak orok beureum ditinggalkeun, cisusu dipetkeun, diganti ku susu sapi.
Panas tiris meunang saminggu alatan ngabareuhan pinareup ngaluarkeun ASI anu teu kasedot, teu dirasa sigana. Dipapagahan sangkan nunda heula latihan beurat, da apan di jero beuteung mah acan cageur saratus peresen, bisi aya matakna, jawabna énténg,
“Kin aya dokter kandungan nu marios.”
“Mamah ngalaman dua kali ngalahirkeun, tara wani beubeuratan salila sataun mah, da awak téh kakuatanana kawatesan. Ulah asa aing awak jagjag.”
“Justru abdi mah bakal paregel pami teu latihan, Mah.”
Bari nilepan kaos ganti jeung ngasupkeun sapatu kana tas, nyalsé némbalan. Kumakarep lah, ngélingan enggeus. Léos ka dapur, ngagodogan botol susu supaya stéril. Ti saprak kawin barudak ngeukeuhan hayang dituturkeun. Untung Si Bungsu geus lulus kuliah, jadi bisa ditinggalkeun di imah sorangan.
Ngan nyaéta atuh, lamun téa mah gegetun jeung aral, tada teuing numpuk dosa anak minantu. Ngan da ikhlas, haté wening clik hérang clak bodas. Masak, nyeuseuh, bébérés ogé ngurus budak. Dua kali asana aya nu babantu. Ngan tara lana. Moal jauh musababna mah ti Nina, bawél jeung rada cedced kana rejeki.
Pembantu jaman ayeuna mah itungan. Padahal gajih Si Aa gebro kabéh, kaasup bisnis leuleutikan nu dikokolakeun babarengan jeung baladna. Atuda enya, sakalieun kuring hayang ngaganti daster ogé sok murak céngcéléngan, tina hasil ngamandoran masak di nu hajat nu teu kerep da riweuh ku ngurus incu. Teu téga namprak ka budak, bisi pajar boga indung culamitan hayang waé dibéré.
Basa incu nu cikal nincak salapan bulan, Nina ngomong deuk pelatihan ka luar kota.
“Mah, Nina ke Surabaya dua minggu, nitip ya jaga Si Dede baik-baik. Jangan dibekel ke pasar takut debu, jabaning teu higienis urang pasar mah, seueur haseup roko. Kahadé emamna ulah dipasihan sangu heuras, ke abdi mésér tim instan supaya Mamah teu repot masak.”
“Barina ogé nanaonan Mamah ka pasar mekel budak? Sok motah jeung ruwal-rawél, beurat ngangais. Ngeunaan sangu tim tong hariwang, da Mamah gé apal naon nu dipikaresep ku incu, " némbalan teh rada teugeug, duka kunaon bet jadi heneg ngadéngé kekecapan minantu.
Nu beberengkes keur pelatihan kacontang waktuna sibuk meuli itu-ieu keur ngalengkepan bebekelan. Nina meuli sababaraha dus tim instan nu kari ninyuh ku cai panas dispénser. Dina waktuna indit, incu ngadadak réwél sakitu biasa ditinggalkeun. Tapi Nina mah teuneung ngaléngkahkeun suku, naék kana mobil dijajap ku si Aa. Dadah ka budak bari taya riuk-riuk melang atawa beurat ninggalkeun.
“Bunda mau mengejar impian Nak. Sama Enin ya di sini,” ukur sakitu bari ngusapan budak nu wera nyambat indungna embung ditinggalkeun.
Saditinggalkeun ku Nina, incu teu anteng, awakna panas, embung dahar. Asa coplok jangjang balas ngais. Paingan budak téh kiloanana leuwih ti lima belas kilo. Si Aa nepi ka nyokot cuti tilu poé nyuluran ngasuh. Budak embung leupas tina aisan. Panasna teu turun, sakitu geus dibéré ubar penurun panas.
Malem ka opat kapaksa dibawa ka rumah sakit. Reuwas jeung nalangsa, geuning keuna demam berdarah. Ngan Si Aa meupeujeuhan, supaya Nina ulah apaleun, bisi konséntrasina buyar cenah. Sabab di Surabaya ogé sakalian aya kejuaraan.
Teuing lah, teu ngarti ku jalan pikiran anak sorangan ogé minantu. Meunang saminggu budak dirawat, geus balik kakara Nina dibéjaan. Sugan téh melang atawa hariwang, nu kadéngé dina pidio call jeung Si Aa, kecapna kieu:
“Makana beberesih atuh Yah, pan ayana jentik-jentik nyamuk malaria téh alatan cai nguyumbang. Terus ka Si Mamah béjaan sina ngasih nutrisi bergizi tinggi ka Arsya, apan artosna tos dipasihan.”
Kur ngarénghap bari ngahuapan Arsya nu mimiti daék dahar. Enya ngeupeulan lima ratus basa rék indit. Cenah meunang bonus ti pelatihna. Duitna kapaké sabot bulak-balik ka rumah sakit, manasina bisa dahar bubur pasén lamun lapar?
Melong Arsya nu keur anteng nyoo kukudaan, angger kudu apik ulah tepi ka karugrag. Seuseuheun jeung setrikaeun sahunyudan. Nitah Si Aa néangan nu nyuluran gawé jeung bébérés, kajeun rada mahal bayaranana. Isuk Nina balik, kuring embung nempo pasemon minantu haseum alatan di imah pabalatak. Komo bari tas lalampahan jauh.
Bada lohor norojol budak awéwé pantaran Nina, geulis jeung teu kaciri jelema susah. Jajauheun tina rupa pembantu. Uluk salam terus sun tangan.
“Abdi Wiwin, nu bade babantos ngistrika sareng bébérés.”
“Naha geuning, maenya Eneng kersa?”
“Teu sawios tos biasa. Abdi nuju peryogi artos kanggo landong pun biang, kaleresan sareng Bapa kenal di lapang upami volly, anjeunna masihan nambut, saurna wios dcicil ku tanagi.”
Wiwin cang-cing-ceng mérésan seuseuheun, setrikaeun, malahan kaburu pangmasakeun, ogé sasapu jeung ngepél. Sajeroning kitu, hate teu weléh ngagerentes,
“Mun nu jadi minantu téh siga Wiwin, meureun kuring moal hayoh dibalur minyak urut balas carangkeul jeung carapé.”*** (Dimuat dina Galura II Maret 2020)