Kabayan Ngalanglang Jaman (14) : Oidipus, Nanggung Dosa ti nu Jadi Bapa

15 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

 

OPAT 

KOTA Thebes, Yunani. Jaman Yunani Purba, sababaraha ratus taun Saméméh Masehi.

Paroman Oidipus mungguh rumeuk. Sarua rumeukna jeung méga di langit nu harita keur  alum ngungun. Taya riuk-riuk pibéngraseun.

Oidipus weléh teu ngarti. Ku naon nasib nu karandapan ku manéhna téh bet goréng-goréng teuing. Dirina asa diteungteuinganan pisan ku Zeus, déwa nu nangtukeun takdirna manusa, nu nangtukeun hirup-patina manusa, nu nangtukeun nasib goréng jeung nasib alusna manusa.

Cohagna, jodo, pati, bagja, jeung cilakana manusa ukur Zeus nu nangtukeun. 

Mémang, nasib Oidipus geus ditangtukeun ku Zeus. Malah ti barang gubrag ka alam dunya gé, Oidipus geus diguratkeun ku takdir anu pinalangsaeun, anu engkéna baris mawa tunggara salila-lilana. Saendeng-endengna.

Inget kénéh baheula, basa manéhna keur leutik kénéh, bapana kungsi ngadongéngkeun lalakon dirina anu bakal manjang tepi ka jaga. 

"Masing inget, Anaking…,” ceuk Laius, bapana, baréto basa manéhna keur leutik kénéh. “Bapa téh disupata jadi jalma nu pangdoraka-dorakana saalam dunya. Ku kituna, hidep sing kuat. Ulah ngarasula kana takdir nu geus diguratkeun ku Hyang Widi. Ieu téh dosa Bapa, Anaking, dosa nu salawasna kudu marengan kahirupan Bapa. Tapi hidep saanak-incu gé baris nampa balukarna. Hampura Bapa, Anaking, lantaran Bapa teu bisa ngaping ngajaring hidep muru jalan anu pinuh ku kabagja."

Leng, Oidipus ngahuleng.

Gogodeg sababaraha kali.

Weléh, weléh teu ngarti kana nasib diri anu tumiba ka bapana, ka manéhna, atawa boa jaga ka anak-incuna.  

Inget deuih, kumaha bapana baréto ngadongéngkeun lalakon anu pinalangsaeun téa. Inget kana jujut caritana anu mawa gurat takdir béda ti nu séjén...

Hiji waktu, bapana téh –Laius-- diondang ku Pelops, Raja Pisa.

Di karaton Raja Pisa, Laius dibagéakeun minangka tamu kahormatan. Teu béda ka raja baé, padahal harita téh manéhna can ngawaris tahta karajaan ti bapana, Raja Labdakus.

Atuh sagala rupa dahareun anu ngarareunah, disuguhkeun ka Laius.

Kitu deui pintonan-pintonan kasenian gaya karaton, dipintonkeun pikeun ngahibur Laius.

Ngan, duka ku naon, harita Laius udar tina tatakrama nyémah, tepi ka werat kedal ucap nyacampah Krisipus, putra Raja Pisa. Puguh baé Krisipus kawiwirangan, tepi ka ahirna werat nelasan patina sorangan.

Mireungeuh anakna guyang getih bari nyawana teu katulungan, Raja Pisa ngajerit, teu bisa jaga wibawa. Enya atuh, putra anu salila ieu dipikadeudeuh dipikameumeut, anu diancokeun baris nuluykeun dirina nyepeng kalungguhan raja, ayeuna kasampak geus ngajelepeng teu nyawaan.

Teu tata pasini, geuwat Raja Pisa ngagabrug putrana nu geus ngajelepeng guyang ku getih. Digulang-gapér diceungceurikan.

Geus kitu, geuwat malik ka Raja Laius.

"Laius! Masing inget, najan Krisipus maot alatan maéhan manéh, tapi hakekatna mah anjeun anu maéhanana. Lantaran kuring geus leungiteun anak nu dipikameumeut, saksian jaga, anjeun gé moal kungsi boga anak anu dipikameumeut, supaya anjeun milu ngarasakeun, yén teu boga anak téh karasana bakal peurih. Dina bogana anak, jaga, muga-muga anjeun maot ku anak sorangan!" 

Harita mah kekecapan Raja Pelops téh teu ieuh matak jadi pikir. Tepi ka dina mangsana, manéhna ngawaris raja ti bapana. Tepi ka dina mangsana, manéhna kawin ka Iokasta, putra Menukeus.

Tapi sababaraha taun ngawelah rumah tangga, manéhna teu baé boga anak. Mémang, sakumaha omongan Raja Pelops, teu boga anak téh karasana mungguh peurih. Peurih liwat saking. 

"Keur can aya hidep mah, hirup téh asa hapa," ceuk bapana dina waktu nu séjén, basa langit lénglang taya aling-aling.

"Enya tuda, lamun euweuh hidep, saha nu rék nuluykeun Bapa jadi raja? Saha nu rék ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara jaga, lamun seug hidep henteu gubrag ka alam dunya? Untung baé omongan Raja Pelops téh henteu metu, buktina geuning aya hidep nu baris nuluykeun pamaréntahan."

 

**

 

OMONGAN Raja Laius, bapana, tétéla kacida nyalahan.

Ceuk saha omongan Raja Pelops, anu kungsi dinyenyeri ku bapana, henteu metu?

Ceuk saha omongan Raja Pelops, anu anakna guyang getih lantaran panghina bapana, ngan saukur susumbar ngahambur-hambur bacot?

Nongtoréng kénéh dina ceulina, basa bapana malikan deui omongan Raja Pelops anu keur ngagugudag amarah.

"Kuring geus leungiteun anu jadi anak, sarta éta anak téh jaga diancokeun bakal ngawaris tahta. Ayeuna, anak anu dipusti-pusti didama-dama téh geus taya di kieuna. Sasatna anjeun anu boga dosana, Laius, anjeun gé kudu ngalaman naon anu dirasakeun ku kuring. Kuring ménta-ménta ka Hyang Widi nu aya di Olimpus, ka Zeus Anu Agung, sangkan jaga anjeun teu boga anak. Dina bogana anak, jaga, muga-muga anjeun maot ku anak sorangan. Sarta muga-muga anak anu maténi anjeun téh, engkéna ngawin indungna sorangan! Saksian jaga, hé, Laius!"

Peurih!

Éstu peurih nasib anu karandapan ku manéhna téh.

Nasib anu geus diguratkeun ku déwa-déwa di Olimpus, geuning sakitu goréngna.

Éta omongan Raja Pelops anu sababaraha kali dihanca dibalikan, diomongkeun deui ka manéhna, matak nyeuit kana atina, nyebitan rasa anu pangjerona.    

Omongan Raja Pelops ka bapana téh, ayeuna mungguh kabuktian.

Enya, ceuk saha  éta  omongan téh henteu metu?!

Ceuk saha ngan saukur ngahambur-hambur bacot wungkul?

Enya baréto teu ngabukti téh, basa manéhna can gubrag ka alam dunya.

Enya baréto teu ngabukti téh, basa manéhna can sawawa. Harita mah acan. Tapi jaga bakal karasa, yén du’a jalma-jalma anu kaaniaya, jalma-jalma anu nandangan tunggara, jaga bakal diijabah ku Hyang Widi.

Enya, jaga! Ari jaga kapan ayeuna pisan!

Buktina, Oidipus geus maéhan Raja Laius. Ari Raja Laius, enya, kapan bapana pisan, bapa tegesna.

Hhhh...!

Oidipus asa capé kabina-bina. Capé haté balas mikiran nasibna anu béda ti nu séjén.

Hhhh...!

Oidipus ngarénghap jero naker.*** (Lajengkéuneun) 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler