Goong Raksasa di Dusun Cigoong Subang, Katelahna 'Gong Kibuyut', Sorana Ngungkung ka Jauhna!

- 14 Januari 2023, 13:25 WIB
Pusat goong di Dusun Cigoong Desa Karanghegar Kacamatan Pabuaran, Subang/YouTube Ola TV
Pusat goong di Dusun Cigoong Desa Karanghegar Kacamatan Pabuaran, Subang/YouTube Ola TV /

SUBANG, GALURA - Munasabah mun Dusun Cigoong Desa Karanghegar Kacamatan Pabuaran, Subang, katelah puseur goong di Jawa Barat teh.

Enya, lantaran karerean wargana, lalakina, kasabna kana nyieunan goong.

“Kitu da kanyataanna oge, Kang. Urang dieu, seuseurna usaha kana ngadamelan goong,” cek Sahidi, hiji pangrajin ka Galura, dina hiji waktu.

Baca Juga: Pituduh ti Sutradara Aris Nugraha, dina Preman Pensiun 8, Irin 'Jadian' jeung Sukanta, Roy Musuh Kang Mus?

Basa ditepungan, Sahidi jeung anakna keur anteng ngararata beusi urut dreum jeung bahan sejenna, pikeun dibentuk jadi goong, di teras imahna.

Leungeun Sahidi teu lesot ti palu, sedengkeun anakna, Jajang, pageuh nyekel alat paranti ngelas.

Di tepas imahna, tembong, goong nu geus anggeus, ngentep. Goongna rupa-rupa. Aya nu ukuran leutik, aya oge nu ukuran gede.

Baca Juga: Chord jeung Lirik Lagu 'Inget ka Mantan', Ciptaan Wagista, Populerna Nepi ka Mancanagara

“Urang dieu, sapertosna moal tiasa ninggalkeun kasab kana ngadamelan goong, Kang. Urang dieu baris tumut kana amanat ti luluhur yen ngadamelan goong kedah janten kasab. Kaleresan, regenerasina sae. Nonomanna di dieu katajieun janten tuturus,” cek Sahidi deui bari anteng ngararata plat.

Amanat luluhur? “Muhun,” jawabna.

Sahidi, oge pangrajin sejenna netelakeun, baheula, meureun kira jaman Walanda, di lembur Cigoong aya nu jalma nu ayeuna katelah Mbah Goong. Anjeunna maher pisan nyieunan goong.

Baca Juga: Ceuk Babad Tanah Jawi Nu Ngadegkeun Majapahit teh Putra Padjadjaran

Goong beunang ngarekana sorana hade, ngentrung, ngungkung. Tapi ari awalna mah Mbah Goong teh cabakna kana panday beusi.

Katapisan jeung kaparigelanna enggoning nyieun goong nepi ka oge ka Walanda nu ngawasa perkebunan di Subang, Purwakarta jeung Cianjur.

Antukna, Mbah Goong sok remen narima pesenan goong ti Walanda, pikeun ngalengkepan gamelan. Samalah, cenah, goong beunang Mbah Goong teh aya oge nu diiangkeun ka Nagri Walanda.

Baca Juga: Bupati Ciamis Masrahkeun Bantuan keur Korban Angin Lilimbungan di Panawangan

Sabada kakoncara jeung pesenan merul, Mbah Goong ngajakan warga di lemburna nu ngan sababaraha urang, pikeun diajar nyieunan goong.

Lila ti lila, warga di lemburna nu saterusna katelah Kampung Cigoong, meh kabeh turut kana kasab Mbah Goong.

“Nalika bade pupus, saur pun aki, Mbah Goong nyarios, yen warga Cigoong ulah ninggalkeun kasab ngadamelan goong. Asal daria ngaropeana, goong bakal ngabayuan urang Cigoong,” cek Sahidi, nu oge dienyakeun ku Bambang, pangusaha goong nu remen masarkeun goong Cigoong ka sakuliah Indonesia.

Baca Juga: Pituduh ti Sutradara Aris Nugraha, dina Preman Pensiun 8, Irin 'Jadian' jeung Sukanta, Roy Musuh Kang Mus?

Kalangenan warga Cigoong kana nyieunan goong teh, lumangsung nepi ka ayeuna. Nu matak ngirutna, nonomanna oge teu saeutik nu katajieun turut kana naon nu dilakonan ku kolot-kolotna.

Manehna rea nu dialajar nyieunan goong ka kolotna kawas Jajang ka Sahidi.

Ngan tangtu wae, teu saeutik oge nonoman nu milih cabak sejen kawas gawe di pabrik, sabada lulus sakolana, atawa neruskeun sakola ka paguron luhur.

Baca Juga: Chord jeung Lirik Lagu 'Inget ka Mantan', Ciptaan Wagista, Populerna Nepi ka Mancanagara

Alatan wargana karereanana kasab kana nyieunan goong, Kampung Cigoong teh nepi ka ayeuna katelah jadi puseurna goong di Subang jeung Jawa Barat. Goongna sumebar ka sakuliah Indonesia.

Sawatara warga samalah aya nu ngahaja muka workshop di Bandung. Sajaba ti keur tempat ngajualan goong buatan Cigoong, sakaligus keur tempat gawe pangrajinna.

Nurutkeun Bambang, aya hal nu ngabedakeun goong Cigoong jeung goong produksi tempat lianna.

Baca Juga: Ceuk Babad Tanah Jawi Nu Ngadegkeun Majapahit teh Putra Padjadjaran

“Sora goong Cigoong langkung ngelentrung tur ngungkung. Tangtos aya rusiahna. Antawisna, ngadamelna ku cara buhun, tradisional,” pokna. Nu lianna mah, cenah, “rahasia perusahaan”. Kituna teh bari seuri.

Basa Galura lolongok ka Kampung Cigoong harita, sawatara pangrajin kalawan diluguan ku Bambang, pareng keur ngareka goong ukuran raksasa.

Harita disebutkeun, yen eta goong raksasa teh, rek dipasangkeun di gerbang asup ka lemburna, keur tanda yen kampungna minangka puseur goong.

Baca Juga: Bupati Ciamis Masrahkeun Bantuan keur Korban Angin Lilimbungan di Panawangan

“Sajabi ti kanggo tanda di Kampung Cigoong, oge kanggo mieling sarta mihormat Mbah Goong, luluhur Cigoong nu tos ngawaris elmu sareng kaparigelan ka warga Cigoong,” cek Bambang.

Kiwari, basa Galura nganjang deui ka Dusun Cigoong, eta goong raksasa geus ngajegir di gerbang asup lembut. Ngaranna "Gong Kabuyutan"

Eta goong raksasa diameterna kurang leuwih 3,52 meter kalawan bahan tina dreum urut nu jumlahna ratusan.

Eta goong raksasa, kawilang gede. Meureun, bisa jadi minangka goong panggedena salemah cai.

Baca Juga: Pituduh ti Sutradara Aris Nugraha, dina Preman Pensiun 8, Irin 'Jadian' jeung Sukanta, Roy Musuh Kang Mus?

Hanjakal, harita taya nu nakol.

Bejana, mun pareng ditakol, sorana ngagalendrung jeung ngungkung pisan, nepi ka jauhna, ka kampung tatangga.***

Editor: Aam Permana S

Sumber: Liputan


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah