Goong Raksasa di Dusun Cigoong Subang, Katelahna 'Gong Kibuyut', Sorana Ngungkung ka Jauhna!

- 14 Januari 2023, 13:25 WIB
Pusat goong di Dusun Cigoong Desa Karanghegar Kacamatan Pabuaran, Subang/YouTube Ola TV
Pusat goong di Dusun Cigoong Desa Karanghegar Kacamatan Pabuaran, Subang/YouTube Ola TV /

Sahidi, oge pangrajin sejenna netelakeun, baheula, meureun kira jaman Walanda, di lembur Cigoong aya nu jalma nu ayeuna katelah Mbah Goong. Anjeunna maher pisan nyieunan goong.

Baca Juga: Ceuk Babad Tanah Jawi Nu Ngadegkeun Majapahit teh Putra Padjadjaran

Goong beunang ngarekana sorana hade, ngentrung, ngungkung. Tapi ari awalna mah Mbah Goong teh cabakna kana panday beusi.

Katapisan jeung kaparigelanna enggoning nyieun goong nepi ka oge ka Walanda nu ngawasa perkebunan di Subang, Purwakarta jeung Cianjur.

Antukna, Mbah Goong sok remen narima pesenan goong ti Walanda, pikeun ngalengkepan gamelan. Samalah, cenah, goong beunang Mbah Goong teh aya oge nu diiangkeun ka Nagri Walanda.

Baca Juga: Bupati Ciamis Masrahkeun Bantuan keur Korban Angin Lilimbungan di Panawangan

Sabada kakoncara jeung pesenan merul, Mbah Goong ngajakan warga di lemburna nu ngan sababaraha urang, pikeun diajar nyieunan goong.

Lila ti lila, warga di lemburna nu saterusna katelah Kampung Cigoong, meh kabeh turut kana kasab Mbah Goong.

“Nalika bade pupus, saur pun aki, Mbah Goong nyarios, yen warga Cigoong ulah ninggalkeun kasab ngadamelan goong. Asal daria ngaropeana, goong bakal ngabayuan urang Cigoong,” cek Sahidi, nu oge dienyakeun ku Bambang, pangusaha goong nu remen masarkeun goong Cigoong ka sakuliah Indonesia.

Baca Juga: Pituduh ti Sutradara Aris Nugraha, dina Preman Pensiun 8, Irin 'Jadian' jeung Sukanta, Roy Musuh Kang Mus?

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: Liputan


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah