Sastra Sunda Putri Anjungsari (92), Marulang ka Pasir Raksabumi, Disampeurkeun ku Lalaki Anyar Pinanggih

- 20 April 2023, 05:28 WIB
Putri Anjungsari
Putri Anjungsari /Budi Riyanto/Galura

SUBA ngadaweung dina bangbarung saung pasir Raksa Bumi. Sorangan. Karek hudang. Datang ka Pasir Raksa  Bumi janari. Datang-datang dug wae ngedeng, bakating ku cape tas nyorang lalampahan nu sakitu jauhna bari jeung lolobana mah leumpang. Akina, Aki Kanta, teuing ka mana, teu nyampak.

Harita geus wanci pecat sawed. Lulungu keneh saenyana mah. Di saung taya nanaon. Hawu oge tiis, kitu deui tempat ngadurukan di hareupeun saung. Cirining geus rada lila Aki Kanta teu mirun seuneu atawa geus lila teu cicing di saung. Ngan ari sabudureunana mah teu barubud, jeung teu barala, cirining sok aya nu nyapuan.

Na kamana atuh Aki Kanta? Beuteung Suba kukurubukan. Ngajongkang ka jero saung, muka buntelan, endong. Di jerona aya gula beureum pamere tukang sadap di nu dumuk di tutugan Gunung Cakrabuana. Cai peueutna nu geus dicampuran ku ciasak herang oge aya keneh, rot diinum. Karasa ngageleser kana tikoro.

Panggih jeung tukang sadap di tutugan Gunung Carkabuana teh teu sabaraha lilana ti saprak Putri Anjungsari jeung pangiringna mariang, oge Aki Kanta jeung sabatur-batur laleumpang deui rek balik ka Kawali. Suba kacida capeeunana, nempo di saung ngelun, disampeurkeun. Tukang sadap tacan mulang ka imahna, keur meresihan lodong.

Kurah-koreh deui kana endongna. Manggih beuleum beubeutian, dua siki. Dipurak. Najan tiis oge didahar, tamba lapar. Geus kitu Suba, kaluar, sarta luntang-lantung di pakarangan saung, bari neangan pangpung jeung ngala kararas, rek ngadurukan, ambeh teu tiis teuing jeung keur ngusir reungit, laleur jeung sabangsana.

Keur nagog di sisi tempat ngadurukan bari nyekes-nyekeskeun batu paranti ngadurukan, nu dianteulkeun kana lulum, kadenge sora nu laleumpang ti lebah jalan nu netek. Suba nangtung, laju leumpang ka sisi gawir. Breh teh sabababraha urang keur ngahanca tanjakan nu beuki netek, pairing-iring. Ditelek-telek.  

Suba bungaheun pisan. Anu daratang teh Aki Jaya, Atus, Asmita, Gingin, Olot Kaya, Bena jeung Rait, tambah ku tukang parahu. Suba balik deui kana durukan. Nyekes-nyekeskeun deui batuna, lulum ngelun, aya ruhakan, kararas diadekkeun bari ditiupan, hurung, terus ditunda dihandapeun pangpung nu gararing. Kararasna ditambahan deui.

Seuneu dina dina durukan gancang hurungna. Kaayaan teh jadi haneut. Suba balik deui ka deukeut gawir, rek mapagkeun nu alanyar datang. Barang gok, Asmita, Atus jeung Gingin kacida atoheunana, ukur Aki Jaya nu sikepna biasa mah, kitu deui Olot Kaya, Bena, Rait jeung tukang parahu.

“Bagea, baraya,” ceuk Suba ka Olot Kaya, Bena jeung ka Rait.

Olot Kaya, Bena jeung Rait sareuri.

“Pikabetaheum tempatna jeung dangiangna kandel,” tembal Olot Kaya. “Bagja dia sok cicing di dieu.”

“Diajak ku aki eta oge,” tembal Suba.

Sarerea leumpang muru saung. 

“Ba, iraha datang?” ceuk Aki Jaya nanya.

“Janari leutik, Ki, tadi,” tembal Suba

“Kumaha teu manggih nanaeun di jalan,” ceuk Aki Jaya deui.

“Henteu, Ki,” tembal Suba. “Kumaha Aki jeung nu sejenna?”

“Waluya, pangna bisa tepi ka dieu oge,” ceuk Aki Jaya. “Ka mana Aki Kanta?”

“Puguh, Ki, ti barang datang Aki teh suwung. Kawasna geus lila inditna da hawu jeung durukan combrek.”

“Tapi geuning teu barubud.”

“Kawasna unggal poe aya nu miara. Ngan teu apal saha-sahana, poe ieu mah tacan aya nu rek beberesih.”

Aki Jaya, Asmita, Gingin jeung Atus arasup ka saung, nunda babawaanana. Ari Olot Kaya, Bena jeung Rait henteu arasup ka saung, ngilikan sabudeureun saung.

“Aka, kami rek ka ditu heula,” ceuk Olot Kaya ka Aki Jaya. Nga-aka-keun ayeuna mah, meureun pedah Aki Jaya umurna saluhureun.

“Seug, kami moal marengan,” tembal Aki Jaya.

Anu dijugjug ku Olot Kaya, Bena jeung Rait teh petempatan anu biasa dipake menekung atawa mujasmedi, tetenggerna batu nangtung jeung aya batu demprak paranti diuk.

“Ka mana kira-kira aki dia, Ba?” ceuk Aki Jaya ka Suba.

“Teu nyaho,” tembal Suba.

Keur kitu kurunyung dua urang lalaki make pakean sarwa hideung. Suba teu wawuheun, kitu deui Aki Jaya, Asmita, Gingin jeung Atus.

“Amit, kaula seja beberesih di dieu,” ceuk salahsaurang.

“Arandika nu sok beberesih di dieu?” Aki Jaya nanya.

“Teu salah, Ki.”

“Geuning memehna tara katempo,” Aki Jaya nanya deui.

“Kaula dibere pancen ku Aki Kanta, sina beberesih jeung nganteur semah nu hayang menekung, sabot Aki Kanta lunta.”

“Ka mana kitu Aki Kanta?”

“Nyebutna mah ka kulon.”

“Geus lila?”

“Lima poe ka tukang.”

“Ke ari arandika urang mana?”

“Urang dieu.”

“Urang dieu? Kami asa kakara panggih.”

“Tapi kaula mah mindeng nenjo arandika. Malah mindeng ngadupak ka kami.”

Aki Jaya, Asmita, Atus, Gingin jeung Suba ngaharuleng. Serengeh Aki Jaya seuri.

“Tepi ka iraha dibere pancen ku Aki Kanta?”

“Tepi ka Aki Kanta datang deui.”

“Iraha datangna Aki Kanta? Sugan andika weruh.”

“Engke peuting cenah.”

“Nyaho ti mana?”

Eta dua lalaki ukur seuri. Koreleng ka pipir saung, nyokot sapu. Laju leumpang ka lebah Aki Jaya, Bena jeung Rait keur mujasmedi.***    Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah