Putri Anjungsari (27). Prajurit Cirebon nu ngakaya Hasan Ditenung, Warung jeung Sabudeureunana Disumputkeun

- 14 Februari 2023, 05:30 WIB
Putri Anjungsari
Putri Anjungsari /

PRAJURIT Cirebon jeung pamanggulna malencrong Hasan. Kabéh kagéteun barang ngadéngé Hasan nyebut inalilahi téh, leuwih ti kagét batan nempo prajurit nu ujug-ujug nyorowok jeung nambru.

Prajurit Cirebon nu keur nangtung gigireun Hasan ogé mundur salengkah sarta terus nelek-nelek Hasan, lain nulungan baturna nu keur kokosolan bari nyekelan tarangna nu bencenut sagedé endog puyuh.

Waktu maralik deui ka Putri Anjungsari, prajurit Cirebon jeung pamanggulna manggih deui ka kagét. Putri Anjungsari geus euweuh dina kudana, ari kudana rada motah.

Béna, Rait jeung Ranah ogé kagéteun, tiluanana tadi milu merhatikeun prajurit nu kokowongan. Olot Kaya nu angger sila diuk bari biwirna kunyam-kunyem teu katempo reuwaseun Putri Anjungsari ujug-ujug leungit teu pupuguh téh.

Béna, Rait jeung Ranah teu wanieun nanyakeun ka Olot Kaya, bisi ngaganggu. Ngan basa ngarérét ka Rait, Béna siga nu nganaha-naha, lantaran Béna apaleun nu ngalantarankeun tarang prajurit Cirebon bencenut téh Rait.

Waktu Béna merhatikeun deui prajurit Cirebon, katempo prajurit Cirebon jeung pamanggulna ujug-ujug siga nu baringungeun, siga nu tinghariul, jeung pating polohok.

Panonna rurat-rérét ka ditu ka dieu. Laju kalantang-kulinting teu puguh, pamanggulna ngajengjen nangtung, paromanana siga jalma nu teunggar kalongeun.

Tukang warung nempo prajurit Cirebon kitu colohok, teu ngartieun ku naon prajurit Cirebon nu kawilang samagréng ku pakarang jeung saregut téh ngadadak kitu peta, teu pantes kana tangtunganana.

Sanggeus sajongjongan prajurit Cirebon teu puguh laku. Pamanggul prajurit méré isyarah sangkat prajuritna ninggalkeun éta patempatan. Narurut. Prajurit Cirebon nu tarangna ngajendol ogé nuturkeun, leumpang rarampéolan.

Ngan laleumpangna téh henteu mapay jalan jajahan nu kakidulkeun, tapi meuntas jalan, terus mubus pakebonan nu aya sisi jalan, kukurubutan dina rungkun saliara.

Béna mangpéngkeun pangpung, beletrak kana sirah salahsaurang prajurit. Eta prajurit gagaléongan nubruk baturna, duana labuh, tapi gancang harudang deui.

Prajurit Cirebon geus euweuh, Olot Kaya cengkat, terus leumpang muru Hasan. Béna, jeung Rait, kitu deui Ranah ngarajleng ka lebah warung. Béna nyekelan elés kuda Putri Anjungsari.

Panon Bena rarat-rérét néangan di mana Putri Anjungsari. Tapi weléh taya tanda-tandana. Rék nyalukeun ku nyebut putri, Béna teu wanieun. Rait jeung Ranah ogé sarua teu waranieun nyalukan Putri Anjungsari.

Olot Kaya nyampeurkeun Bena, dituturkeun ku Hasan nu leumpangna jumarigjeug.

“Lot, ka mana?” ceuk Béna, maksudna mah nanyakeun Putri Anjungsari.

Ditanya kitu Olot Kaya ngahuleung.

Keur kitu kadéngé aya nu ngadéhém ti deukeut hawu. Dilieuk, bréh téh Putri Anjungsari. Saréréa colohok.

Putri Anjungsari kaluar ti warung. Ngadeukeutan Hasan. Nyahoeun disampeurkeun ku Putri Anjungsari, Hasan ngeluk tungkul.

“Kami kudu buru-buru miang. Nuhun kana pangbakti dia. Hampura kami teu bisa nganteurkeun dia ka lembur dia. Nu Maha Wenang muga salawasna nangtayungan dia,” ceuk Putri Anjungsari ku sora nu asli.

“Kula kuat balik sorangan, tibang ditoelan ku perjurit,” tembal Hasan bari angger tungkul. ”Muga Putri waluya, salamet rayahu. Aamiin,”

“Kami amit,” ceuk Putri Anjungsari. Laju leumpang muru kudana.

“Geus beurang kudu geuwat miang deui,” pokna deui ditujukeun ka Olot Kaya, Bena, Ranah jeunh Rait. Geus kitu mancal kana kudana.

“Ari Hasan kumaha?” ceuk Olot Kaya.

Putri Anjungsari ngarérét ka Hasan. Nu direrét masih ngeluk tungkul.

“Keun sina di warung heula. Sina reureuh,” ceuk Putri Anjungsari.

“Kumaha mun urang Carbon daratang deui?” ceuk Olot Kaya.

“Moal dikukumaha ayeuna mah.”

“Naha?” Olot Kaya panasaran.

“Geus nyahoeun Hasan saageman jeung maranéhna.”

Olot Kaya, Béna, Rait jeung Ranah, ngahuleng, tacan ngartieun ka nu diucapkeun ku Putri Anjungsari, tapi teu waranieun nanya deui.

Putri Anjungsari ngenyed kudana. Béna jeung Rait buru-buru lumpat ka tempat nunda kudana, lalumpatna satengah luluncatan. Teu lila geus kurunyung deui, tarumpak kuda bari narungtun kuda.

Ranah jeung Olot Kaya gancang mancal kana kudana séwang-séwangan nu tadi dibawa ku Béna jeung Rait. Beretek limaanana ngalumpatkeun kudana dina jalan jajahan ka kalérkeun.

Waktu ngaliwat ka lebah tangkal badag, Putri Anjungsari ujug-ujug ngarandeg. Nu opatan ogé ngagentak ngeureunkeun kudana.

“Poho kami,” pokna, “Lot, barengan kami. Kami kudu balik deui ka warung. Karunya ka tukang warung. Nu séjén teruskeun lalampahan, ngan ulah gancang teuing.”

Putri Anjungsari malikkeun kudana. Olot Kaya nuturkeun. Béna, Rait jeung Ranah ngeyed elés, ngan kudana henteu dilumpatkeun. Haténa tarumanya aya naon Putri Anjungsari balik deui.

Taya nu nyarita saurang ogé, babakuna mah aringgiseun aya nu ngadéngéeun lantaran ngaliwat pilemburan nu kawilang gegek, sanajan harita padumukna arang aya nu ngulampreng, imah-imahna ogé tiiseun, kawasna padumukna keur di haruma.

Teu sabaraha lilana di kidul kadéngé sora talapok kuda ngadeukeutan. Diralieuk. Putri Anjungsari jeung Olot Kaya. Sakeudeung ogé geus tepi.

Putri Anjungsari jeung Olot Kaya geus datang mah, Béna, Rait, Ranah ngalumpatkeun deui kudana. Anu panghareupna Rait, ditéma ku Ranah, Putri Anjungsari, Olot Kaya jeung Béna.

Jalan jajahan beuki lila beuki ninggalkeun padusunan, malah saterusna ngaliwatan leuweung nu kakayonna rembet jeung tangkal kaina baradag.Hawana nyecep tiis.

Jalanna angger ledig, pinuh ku urut talapok kuda, jeung tapak tarumpah nu biasa dipaké ku prajurit. Putri Anjungsari jeung nu séjénna yakin éta téh urut ngalaliwat prajurit Cirebon nu tadi ngaraponan Hasan.

Kira wanci lingsir anu diliwatan téh pihumaeun nu anyar kénéh dicacar, rungkun saliara geus dibabad, nu nyésa téh tatangkalan nu laleutik. Katempo sababaraha saung ranggon nu masih kénéh rangkay.

Rungkun saliarana loba nu geus diduruk, malah katempo loba nu haseupna ngelun kénéh. Lebuna engkéna diguarkeun keur gemuk, saméméh ngaseuk, saméméh pepelakan.

Waktu rék ngaliwat tangkal badag di sisi jalan, sarta handapeunana rada lalening jeung aya bangku panjang nu dijieun tina awi, Putri Anjungsari maréntahkeun sangkan eureun heula.

Saréréa nurut. Jrat-jrut tarurun tina kudana séwang-séwangan. Kudana dipernahkeun dina kuta nu jukutna héjo ngémploh, sina nyaratu, lantaran kawilang geus lila henteu eureun-eureun.

Ranah muka endong pamahanan Hasan. Anu pangheulana disodoran téh Putri Anjungsari. Ari nu séjénna mah nyarokot sorangan. Béna, Rait jeung Olot Kaya mah dalaharna téh bari dariuk dina kuta, henteu dina bangku.

Anu dina bangku mah Putri Anjungsari jeung Ranah. Keur dahar téh kabéh ogé panonna mindeng rarat-rérét babakuna ka lebah jajalaneun.

Sabot dalahar téh taya nu nyarita. Saréréa masih nyekel pageuh kana tetekon: keur dahar ulah ngomong mun henteu perlu pisan mah. Dalaharna téh teu lila, komo Putri Anjungsari jeung Ranah, sigana téh padu ngasaan, ngan ari kana buah samolo mah rada loba ngadaharna.

Ngarinumna henteu ditalotor. Putri Anjungsari mah make cangkir leutik nu dijieun tina batok kalapa. Ari nu séjén mah, ngala daun cau, terus dicétokeun, caina dicicikeun, leguk waé diinum.

Ranah bébérés kadaharan nu masih kénéh nyésa, diasupkeun deui kana endong. Cangkang samolo, cangkang beubeutian, bungkus lauk lalawak, cucuk jeung hulu lauk lalawak ku Rait dibawa ka lebah sisi huma, dipiceun ka lebah lebu urut ngaduruk rungkun saliara.

“Iraha kira-kirana tepi ka Rajamandala?” ceuk Rait ka Olot Kaya.

“Karék satengah lalampahan,” témbal Olot Kaya bari ngarérét ka Rait. “Kitu kumaha?”

“Teu kukumaha. Ngan naha terus make jalan jajahan? Hariwang sieun tepung deui….,” ceuk Rait, maksudna mah hariwang amprok deui jeung perjurit Cirebon.

Olot Kaya ngarérét ka Putri Anjungsari. Anu direrét ngalieuk.

“Kawasna moal panggih deui saméméh tepi ka pameuntasan sisi Citarum mah,” ceuk Putri Anjungsari.

“Kahayang mah kitu…,” témbal Olot Kaya.

“Nya, moga-moga waé,” Béna mairan. “Aéh, Lot, ari tadi balik deui ka warung rék naeun?”

Olot Kaya ngarérét deui ka Putri Anjungsari.

“Warung tadi disumputkeun. Poho waktu rek indit henteu dibukakeun deui,” témbal Putri Anjungsari bari seuri.

Béna ngahuleng. Kitu deui Rait jeung Ranah. Ngan teu lila tingséréngéh.

“Paingan atuh,” ceuk Béna. Pikiranana ingeteun deui kana paripolah prajurit Carbon nu ngadadak siga nu linglung, malah arinditna ogé lain mapay jajahan, tapi mubus ka kebon.

“Ku dia disumputkeunana?” ceuk Rait ka Olot Kaya.

“Lain,” tembal Olot Kaya bari ngalieuk ka Putri Anjungsari.

“Ari nénjrag lemah?” Rait nyusul tepus.

“Eta mah sangkan perjurit leumpeuh, teu bisa meta.”

“Tapi kami kawas aya nu ngabantuan pédah gancang pisan tumerapna,” ceuk Putri Anjungasri.

“Kira-kira saha?” ceuk Olot Kaya.

“Kami teu nyaho. Anu jelas mah dulur urang keneh,” ceuk Putri Anjungsari bari nangtung. Clak numpakan deui kudana.

Anu opatan ogé cluk-clak kana kudana séwang-séwangan. Kudana henteu sina lumpat tarik. Ku saréréa ogé karasaeun kudana téh geus leuseuheun, kudu gancang diurus, diurut jeung dibere jamu.

Lain teu kapikireun, ngan tacan nyahoeun di mana jeung saha nu bisa ngurus kuda. Ari alusna mah kudana téh kudu diganti, kudu ditukeurkeun jeung kuda nu masih kénéh jagjag.*** (Hanca)

Wanci Lingsir: jam 1 beurang.

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah