Perang Sarung, sababaraha Rumaja Diamankeun Polsek Cigasong, Kapolres Cumeluk Pentingna Nalingakeun Rumaja

- 14 Maret 2024, 06:59 WIB
Rumaja nu rek perang sarung diamankeun ku Polsek Cigasong, Kabupaten Majalengka (13/03/2024).
Rumaja nu rek perang sarung diamankeun ku Polsek Cigasong, Kabupaten Majalengka (13/03/2024). /Ayank/galura.co.id

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ditepikeun Kapolsek Cigasong IPTU Adeng, negaskeun pentingna pembinaan ka generasi ngora.

"Simkuring miharep  ieu tiasa janten palajaran kangge sakumna palajar supados teu kalibet dina kagiatan anu ngarugelkeun diri nyalira pon kitu deui anu sanesna. Pembinaan tur arahan janten konci dina ngabentuk karakter positif generasi penerus bangsa," ceuk Kapolsek Cigasong.

Kapolsek Cigasong oge cumeluk pentingna peran kolot dina nitenan jeung ngaping barudakna.

"Dipiharep supados sepuhna tiasa masihan perhatosan anu langkung ka paraputrana, supados tumuwuh janten generasi anu tanggel waler tur mibanda niley-niley positif," ceuk Kapolsek Cigasong IPTU Adeng.

Kasuksesan patroli Polsek Cigasong dina nyegah perang sarung jadi bukti komitmen Polres Majalengka dina ngajaga katartiban tur kaamanan di wilayahna, sakaligus ngabina generasi ngora keur ngajauhan perilaku negatif.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah