Geo Dipa Energi Patuha Gelar Meaningful Consultation Nyanghareupan Demobilisasi Rig

- 6 Maret 2024, 16:59 WIB
PT Geo Dipa Energi (GDE) ngagelar Meaningful Stakeholder Consultation salila saminggu.
PT Geo Dipa Energi (GDE) ngagelar Meaningful Stakeholder Consultation salila saminggu. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID– Dina raraga demobilisasi rig, PT Geo Dipa Energi (GDE) ngagelar Meaningful Stakeholder Consultation salila saminggu.

Ieu kagiatan ngaubkeun Forum Komunikasi Pimpinan Kecamatan (Forkopimcam), masarakat sabudeureun Wilayah Kerja Pertambangan (WKP) Geo Dipa, masarakat, jeung pausahaan sabudeureunana.

Ieu teh tarèkah GDE pikeun ngajalin sinergitas jeung para stakeholders, sarta mastikeun nangtayungan sosial jeung lingkungan, dina raraga kasiapan demobilisasi RIG.

Baca Juga: Ngarojong Program Bedas Caang Baranang, Geo Dipa Energi Masang Listrik Gratis

General Manager Project GDE Patuha, Sulistianto nètèlakeun, GDE geus nuntaskeun proses pangeboran sajumlah 12 sumur anyar energi panas bumi di Patuha ti taun 2021.

Danget ayeuna keur nyiapkeun fase pangwangunan Pembangkit Listrik Tenaga Panas Bumi (PLTP) Patuha Unit 2.

Sulistianto nyebutkeun, ieu bukti konkret gawè nu kompak GDE jeung Forkopimcam katut sakumna pamangku kapentingan.

"Dipiharep dina nyanghareuoan fase pangwangunan Pembangkit Listrik Tenaga Panas Bumi (PLTP) Patuha Unit 2 ka payun,  tiasa tetep solid tur langkung kompak,” ceuk Sulistianto, Rebo, 6 Maret 2024.

Baca Juga: Ngarojong Sektor Pariwisata di Pangalengan, PLN Getapan Nyambung Listrik Nimo Highland

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah