Jadwal Gerakan Pangan Murah (GPM) nu Bisa Dimangpaatkeun Masyarakat

- 27 Februari 2024, 20:00 WIB
Kadispakan Kabupatem Bandung, Ina Kania Dewi.
Kadispakan Kabupatem Bandung, Ina Kania Dewi. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Pamarentah Kabupaten Bandung pikeun ngungkulan nerekelna harga beas, ngagelar pasar murah di sababaraha tempat. Masarakat bisa ngamangpaatkeun ieu pasar murah sangkan bisa meuli beas nu hargana leuwih murah batan harga di pasaran.

Jadwalana: tanggal 27 Pebruari di Kecamatan Baleendah, 28 Pebruari di Kecamatan Cicalengka, 29 Pebruari di Kecamatan Ciparay.

Tanggal 1 Maret di Kecamatan Pameungpeuk jeung di palataran Kantor Dispakan Kabupaten Bandung, 3 Maret di Si Jalak Harupat Kabupaten Bandung, tanggal 7 Maret di Kecamatan Arjasari, 28 Maret: di Lapangan Upakarti Pemkab Bandung

Iwal ti èta, Dispakan geus nyalurkeun bantuan pangan 5 kilo bèas jeung 2 lèter minyak gorèng keur 10.881 ojeg pangkalan di 28 Kecamatan di Kabupaten Bandung.

Paket 5 kilo bèas jeung 400 gram daging sapi dibagikeun ka 15.766 guru ngaji, jeung 15.000 paket bèas 5 kilo katut mimyaik 1 leter keur seniman jeung budayawan Kabupaten Bandung.

"Total bantuan pangan nu tos disalurkeun tepi kana 207,2 ton bèas, 10.881 lèter minyak goreng, jeung 15,3 ton daging sapi, " ceuk Kadispakan Kabupatem Bandung, Ina Kania Dewi.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah