Bupati Bandung Kuciwa ku Pausahaan Geotermal Kurang Malirè Masarakat

- 20 Desember 2023, 20:24 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaku ngarasa kuciwa ka pausahaan-pausahaan Geotermal nu ngajalankeun usahana di Kabupaten Bandung.
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaku ngarasa kuciwa ka pausahaan-pausahaan Geotermal nu ngajalankeun usahana di Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaku ngarasa kuciwa ka pausahaan-pausahaan Geotermal nu ngajalankeun usahana di Kabupaten Bandung.

Pausahaan-pausahaan bieu dianggap kurang malirè warga sabudeureun nu nganjrek teu anggang ti lelewek pausahaan panas bumi.

Kakuciwaan Dadang Supriatna dibudalkeun di hareupeun wawakil pausahaan Geotermal jeung para kepala desa nu narima dana bagi hasil panas bumi dina kagiatan Rekonsiliasi Perhitungan Bonus Produksi Panas Bumi Kabupaten Bandung di Hotel Grand Sunshine, Soreang, Kabupaten Bandung, Rebo, 20 Desember 2023.

Baca Juga: Donasi jang Palestina Liwat BAZNAS Kabupaten Bandung Kakumpulkeun Leuwih ti Rp 500 Juta

Ceuk Dadang Supriatna, loba pausahaan Geotermal nu ngaeksplorasi panas bumi di Kabupaten Bandung, ngan hèmeng naha di lelewek pausahaan Geotermal masih kènèh loba warga nu can baroga sambungan listrik jeung panerangan lampu.

"Lir beurit paèh di leuit. Pausahaan ngalajukeun eksplorasi panas bumi tur nghasilkeun listrik ti Kabupaten Bandung, namung masih seueur warga Kabupaten Bandung di lelewek Geotermal nu teu acan ngaraoskeun i listrik. Pan ironis," ceuk Bupati.

Dadang Supriatna meredih sangkan pausahaan-perusahaan Geotermal di Kabupaten Bandung leuwih malirè ka masarakat sabudeureun ku cara ngalokasikeun dana Corporate Sosial Responsibility (CSR) keur mantuan masarakat Kabupaten Bandung nu can ngarasakeun sambungan listrik.

Dadang Supriatna nyebutkeun masih kènèh aya 3.000 kulawarga nu sumebar di sababaraha desa tug nepi ka kiwari can ngarasakeun sambungan listrik. Hemengna kalolobaanana arinyana nganjrek teu anggang ti lokasi pausahaan Geotermal.

Baca Juga: Kakanwil ATR BPN Jawa Barat: Taun 2025 Sagala Widang Tanah di Kabupaten Bandung Kadaftar

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah