Tega Ngaragaji Leungeun Anakna, Warga Diamankeun Pulisi

- 20 Desember 2023, 06:40 WIB
Patugas Unit PPA Reskrim Polres Kuningan, keur mariksa palaku
Patugas Unit PPA Reskrim Polres Kuningan, keur mariksa palaku /Dok Polres Kuningan/

TM (47), salasaurang lalaki di wewengkon Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan, ngaragaji ramo leungeun anakna nepika soeh.

Sajaba ti kitu, TM sasat anu jadi bapana pituin korban teh, diduga nyiksa anakna ku cara neunggeul deuih.

Ari anu jadi marga lantaran, eta budak awewe anu kakara nincak 10 taun teh dituding geus nyokot duit boga tatanggana.

Bapana apal kitu teh, lantaran nampa laporan ti tatanggana. Antukna manehna ambek leuwih ti misti.

Kapolres Kuningan AKBP Willy Andrian ngaliwatan Kasat Reskrim Polres Kuningan AKP I Putu Ika Prabawa, nyebutkeun pihakna nampa laporan ti pihak indungna patali reujeung eta kajadian.

Samalah, basa dipaluruh ku pulisi kabur ka sabudeureun leuweung. Sajeroning kitu, korban dibawa ka rumah sakit.

"Palaku Diamankeun, masih proses pamariksaan di Unit PPA Satreskrim Polres Kuningan," ceuk Putu

Palaku diancam UU KDRT jeung UU Perlindungan Anak. Ancaman hukuman lima taunh penjara.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x