Kabupaten Bandung Dileler Pangajèn Swasti Saba Wistara 2023 ti Kemendagri

- 29 November 2023, 13:00 WIB
Kabupaten Bandung narima pangajèn Anugerah Swasti Saba ti Sekjen Kemendagri.
Kabupaten Bandung narima pangajèn Anugerah Swasti Saba ti Sekjen Kemendagri. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kabupaten Bandung narima pangajèn Anugerah Swasti Saba ti Sekjen Kemendagri, Suhajar Diantoro.  Dipasrahkeun dina acara "Malam Penganugerahan Penghargaan Kabupaten/Kota Sehat (Swasti Saba) dan STBM Award Tahun 2023," di Grand Ballroom Hotel Kempinski, Jakarta, Salasa (28/11/2023), peuting.

Ieu acara  ogè minangka malam penganugerahan ti Kementerian Kesehatan dina raraga mièling Hari Kesehatan Nasional.

Anugerah Swasti Saba teh pangajèn ti pamarèntah ka para pamingpin daerah nu mampu nyiptakeun kabupaten atawa kota nu beresih jeung sehat.

Baca Juga: Ngalukis Dalang Abah Sunarya R Cahyadi Ngareuah-reuah Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa di Balerame

Bupati Dadang Supriatna nètèlakeun, predikat Wistara kahontal teu leupas ti kaguyuban perangkat daerah Pemkab Bandung jeung Forum Kabupaten Bandung Sehat (FKBS) tur masarakat.

Kabehanana museur pikeun ngawujudkeun Kabupaten Bandung sehat jeung laluligana. Sarana prasarana kengkep, masarakat sehat mandiri, pariwisata jeung lalu lintas.

"Mugia ieu pangajèn jadi pamecut sareng sumanget supados Kabupaten Bandung janten langkung saè , " ceuk Dadang Supriatna.

Aya tilu hambalan Swasti Saba dina ngajen kota kabupaten sehat: Saba Padapa (Pemantapan), Swasti Saba Wiwerda (Pembinaan) jeung  Swasti Saba Wistara (Pengembangan).

Kabupten Bandung jadi salah sahiji ti 27 kota jeung kabupaten nu narima Wistara. Kabupaten Bandung narima Swasti Saba Wistara sabab geus nyumponan 9 tatanan  kabupaten sehat.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah